From Wikipedia, the free encyclopedia
PT. MIRA MILIK Kita Bersama Bangsa atawa anu leuwih dipikawanoh minangka RCTI, ngadeg tanggal 21 Agustus 1987 jeung diwangun dina lahan anu legana 10 Héktar.[1] RCTI mimiti ngajumantara dina tahap percobaan kalawan lilana 4 jam dina sapoé, dina tanggal 14 Nopémber 1988.[1] Tuluy ngajumantara dina tanggal 24 Agustus 1989, siaran RCTI ngan saukur bisa ditéwak ku pamiarsa anu boga dékoder jeung mayar iuran unggal bulanna.[1]
Dina tanggal 1 Agustus 1990 dumasar kaputusan Menteri Penerangan, pausahaan anu mash sagrup jeung TPI(MNCTV) jeung Global TV téh, mimiti ngaleupaskeun pamakéan dékoder.[1] Nu antukna masarakat anu teu ngalanggan dékoder ogé bisa ningali tayangan RCTI.[1] Mintonkeun rupa-rupa program acara hiburan, informasi jeung berita anu dikemas kalawan matak narik nu nongton.[1]
Kiwari RCTI téh mangrupa sistem televisi aun mibanda jaringan panglegana di Indonésia.[2] Ngaliwatan 48 stasiun relayna, program-program RCTI téh dilalajoanan ku kira-kira 180 juta pamiarsa anu sumebar di 302 kota si sakumna Nusantara, atawa kira-kira 80 % tina jumlah pangeusi Indonésia.[2] Ieu kaayaan démografi téh dibarengan ku rarancang program-program anu matak narik jeung dibarengan ku rating anu hadé, narik minat iklah pikeun mintonkeun promo maranéhna di RCTI.[2]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.