Angsana (Pterocarpus indicus) nyaéta tuwuhan nu daunna murudul dina mangsa nu tangtu nu mangrupa spésiés Pterocarpus nu asalna ti Asia Tenggara, Australasia kalér, jeung kapuloan Samudera Pasifik, Kamboja, Cina paling kidul, Timor Timur, Indonésia, Malaysia, Papua, Filipina, Kapuloan Ryukyu, Kapuloan Solomon, Thailand, jeung Viétnam.[1][2][3]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Angsana
Thumb
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Faboideae
Tribus:
Dalbergieae
Génus:
Spésiés:
P. indicus
Ngaran binomial
Pterocarpus indicus
Willd.
Tutup


Gambaran

Angsana mangrupa tuwuhan gedé anu jangkungna bisa ngahontal 30–40 m, kalayan diaméter tangkalna bisa nepi ka 2 m. Panjang daunna 12–22 cm. Kembangna dihasilkeun dina ranggeuyan nu panjangna 6–13 cm sarta ngandung sababaraha kembang; kembangan ti bulan Pebruari tepi ka Méi di Filipina, Bornéo jeung Malaysia. Kembangna rada seungit sarta makuta kembangna boga warna konéng atawa jingga semu konéng. Buahna saperti kacang nu diaméterna 2–3 cm nu dikurungan ku jangjang membran datar nu diaméterna 4–6 cm anu ngabantuan panyebaranana ngaliwatan angin. Ieu jangjang ngandung hiji atawa dua binih nu asak dina jero waktu 4-6 bulan, sarta warnana jadi coklat mangsa garing.[4][5][6]

Thumb
Kembang angsana


Kaguna

Thumb
Kai angsana

Kai angsana anu teuas, tur kelirna beureum, tahan ku rinyuh sarta kaambeuna seungit érmawar. Ieu kai dipaké pikeun dékorasi jeung nyieun furnitur. Kembang angsana dimangpaatkeun salaku sumber madu sedengkeun daunna digunakeun pikeun sampo. Kembang jeung daunna bisa didahar. Ieu tuwuhan ogé jadi sumber résin. Dina pangubaran tradisional, angsana dipaké pikeun merangan tumor lantaran ieu tuwuhan ngandung polipéptida dina daunna.[7][8]

Ngaran tempat

Urang Sunda mindeng méré ngaran patempatan ku ngaran tuwuhan, Di antara tempat anu dingaranan ku ngaran tuwuhan angsana nyaéta:

Rujukan

Tutumbu Kaluar

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.