Angsana

From Wikipedia, the free encyclopedia

Angsana
Remove ads

Angsana (Pterocarpus indicus)[1] nyaéta tuwuhan nu daunna murudul dina mangsa nu tangtu nu mangrupa spésiés Pterocarpus nu asalna ti Asia Tenggara, Australasia kalér, jeung kapuloan Samudra Pasifik, Kamboja, Cina paling kidul, Timor Timur, Indonésia, Malaysia, Papua, Filipina, Kapuloan Ryukyu, Kapuloan Solomon, Thailand, jeung Viétnam.[2][3][4][5]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Thumb
Kulit batang angsana
Remove ads

Gambaran

Angsana mangrupa tuwuhan gedé anu jangkungna bisa ngahontal 30–40 m, kalayan diaméter tangkalna bisa nepi ka 2 m. Panjang daunna 12–22 cm. Kembangna dihasilkeun dina ranggeuyan nu panjangna 6–13 cm sarta ngandung sababaraha kembang; kembangan ti bulan Pébruari tepi ka Méi di Filipina, Bornéo jeung Malaysia. Kembangna rada seungit sarta makuta kembangna boga warna konéng atawa jingga semu konéng. Buahna saperti kacang nu diaméterna 2–3 cm nu dikurungan ku jangjang membran datar nu diaméterna 4–6 cm anu ngabantuan panyebaranana ngaliwatan angin. Ieu jangjang ngandung hiji atawa dua binih nu asak dina jero waktu 4-6 bulan, sarta warnana jadi coklat mangsa garing.[6][7][5]

Thumb
Kembang angsana
Remove ads

Kaguna

Thumb
Kai angsana

Kai angsana anu teuas, tur kelirna beureum, tahan ku rinyuh sarta kaambeuna seungit érmawar. Ieu kai dipaké pikeun dékorasi jeung nyieun furnitur. Kembang angsana dimangpaatkeun salaku sumber madu sedengkeun daunna digunakeun pikeun sampo. Kembang jeung daunna bisa didahar. Ieu tuwuhan ogé jadi sumber résin. Dina pangubaran tradisional, angsana dipaké pikeun merangan tumor lantaran ieu tuwuhan ngandung polipéptida dina daunna.[8][9]

Remove ads

Ékologi jeung sumebar

Teu saperti anggota génus Pterocarpus lianna anu mikaresep wilayah ugahari, angsana mikaresep lingkungan leuweung hujan tropika. Sacara alami, ieu tangkal bisa kapanggih di Burma beulah kidul, ngaliwatan Asia Tenggara jeung Kapuloan Nusantara nepi ka Pasifik kulon, kaasup di Cina kidul, Kapuloan Ryukyu, jeung Kapuloan Solomon.[2]

Di Jawa, baheula loba angsana anu tumuwuh di leuweung kalawan élevasi 500 méter di luhureun beungeut sagara, utamana di Jawa Tengah jeung Jawa Timur. Di Kalimantan tumuwuh di ranca deukeut basisir jeung sapanjang walungan. Buahna anu kolot jeung ngagaringan, sumebarna ku angin, cai, jeung arus laut.[10]

Angsana biasana dipelak ku lantaran réa kagunaan. Ieu tangkal bisa dipelak tina siki atawa diseték tina rantingna. Upama diseték, angsana gancang tumuwuhna. Ku sabab ieu sipat, mangka angsana loba dipelak.[11] Ayeuna angsana geus sumebar nepi ka Afrika, India, Sri Langka, Taiwan, Okinawa, Hawaii jeung Amérika Tengah.[12]

Ngaran tempat

Urang Sunda mindeng méré ngaran patempatan ku ngaran tuwuhan, Di antara tempat anu dingaranan ku ngaran tuwuhan angsana nyaéta:

Galéri

Rujukan

Tutumbu Kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads