From Wikipedia, the free encyclopedia
Laut Kaspia (Basa Azerbaijan: Xəzər dənizi, basa Pérsia: دریای مازندران /دریای خزر, Basa Rusia: Каспийское море, Basa Kazakh: Каспий теңізі, Basa Turkmén: Hazar deňizi) nyaéta wewengkon cai katutup nu panggedéna di Marcapada dumasar legana. Laut ieu miboga aréa permukaan 371,000 km2 (143,200 sq mi) (teu kaasup Garabogazköl Aylagy) sarta volume 78,200 km3 (18,800 cu mi).[2] laut ieu wawatesan jeung Rusia, Azerbaijan, Iran, Turkménistan, sarta Kazakhstan.
Laut Kaspia | |
---|---|
Koordinat | 41°40′N 50°40′E |
Rupa dano | Endorhéis, Asin, Permanén, Alami |
Aliran asup utama | Walungan Volga, Ural, Kura, Terek |
Aliran kaluar utama | Panguapan |
Daérah pangumpulan cai | 3,626,000 km2 (1,400,000 sq mi)[1] |
Aya di nagara | Azerbaijan, Iran, Kazakhstan, Rusia, Turkménistan |
Panjang maks. | 1,030 km (640 mi) |
Lébar maks. | 435 km (270 mi) |
Aréa paroman | 371,000 km2 (143,200 sq mi) |
Rarata jero | 187 m (610 ft) |
Maksimal jero | 1,025 m (3,360 ft) |
Volume cai | 69,400 km3 (16,600 cu mi) |
Wanci nyicing (cai dano) | 250 taun |
Panjang gigir dano1 | 7,000 km (4,300 mi) |
Kaluhuran paroman | −28 m (−92 ft) |
Pulo | 26+ (tempo di handap) |
Padumukan | Baku (Azerbaijan), Rasht (Iran), Aktau (Kazakhstan), Makhachkala (Rusia), Türkmenbaşy (Turkménistan), jsb. |
Réferénsi | [1] |
1 Panjang tepi danau tidak begitu jelas definisinya. |
Masarakat kuna di wewengkon basisirna ngarasaan Laut Kaspia salaku hiji samudra, meureunan ku lantaran kaasinanna sarta kalegaanna. Laut ieu miboga kadar uyah kira-kira 1,2%, kirang leuwih sapertilu kadar garam umum cai laut. Di Iran, laut ieu disebut Daryâ-ye Mazandaran (دریای مازندران), hartina "Laut Mazandaran" dina Basa Pérsia, sarta kadang ogé Daryâ-ye Khazar.[3]
Kota-kota kuna di basisireunna kaasup
Kota-kota modérn
Kota-kota utami di basisir Laut Kaspia:
Laut Kaspia miboga sababaraha pulo. Ogurja Ada nyaéta pulo nu panggedéna. Pulo éta panjangna 37 km.
Di Kaspia Kalér, kalobaannana pulo-pulo teu didumukan jeung leutik, kawas Kapuloan Tyuleniy, tapi sababaraha aya ogé nu dieusian ku jalmi.
Raloba pulo deukeut Azerbaijan miboga kapentingan ékonomi jeung géopulitis nu signifikan ku sabab kaayaan minyakna. Pulo Bulla aya di leupas basisir Azerbaijan, sarta miboga kaayaan minyak nu loba. Pulo Pirallahı, ogé di leupas basisir Azerbaijan, ogé miboga minyak; pulo éta mangrupa salah sahiji wewengkon kahiji di Azerbaijan di mana kapanggih minyak. Nargin baheula dipaké salaku markas Soviét. Pulo éta mangrupa pulo nu panggedéna di Teluk Baku. Ashuradeh aya di titik ahir pangwétanna ti samenanjung Miankaleh di kalér-wétaneun Teluk Gorgan, deukeut basisir Iran. Wewengkon éta kapisah ti samenanjungna sanggeus wargi nyieun hiji saluran nu misakeunnana.
Raloba pulo, utamina deukeut Azerbaijan, ngalaman karusakan lingkungan ku lantaran produksi minyak. Vulf, contona, miboga karusaka ékologi ti produksi minyak di pulo di deukeutna, sanajan anjing laut Kaspia sarta rupa-rupa spésiés manuk laut tetep bisa kapanggih.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.