Lahang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Lahang nyaéta cai beunang nyadap tina dahan mayang tangkal kalapa atawa tangkal kawung.[1][2] Lahang bisa langsung diinum ogé diolah pikeun nyieun gula beureum atawa cuka.[3][4] Lahang dina basa Jawa disebut legen, di Pilipina disebut tuba, di Malaysia, di Sri Langka jeung India disebut toddy.[5][6]

Pedaran
Cai lahang diarah ku jalan disadap tina mayang (kembang) anu diteukteuk palebah puhuna, cai lahang anu nyakclakan ditandéan maké wadah anu disebut lodong.[7]
Mayang aya dua rupa : mayang baris pibuaheun (diantep sangkan jadi buah) jeung mayang anu baris diarah lahangna (kudu disiapkeun heula saméméhna) taya lian dijieun tarajé sangkan gampil mangsa naék, dahan mayang (manggar) saméméh diteukteuk dipékprékan heula sangkan eupeur pikeun ngalancarkeun turunna cai lahang.[3]
Nyadap lahang dina sapoé dilakukeun dua kali (isuk jeung soré).[8] Dina satangkal ngahasilkeun lahang 1,75 léter, loba jeung saeutik lahang beunang nyadap téh gumantung kana usum jeung umur tina tangkal anu disadap, mangsa usum hujan bebeunangan lahang ilaharna leuwih loba kitu deui tangkal anu umurna ngora kénéh beubeunangan lahang leuwih punjul ti batan tangkal anu kolot.[8]
Dina 100 ml lahang kalapa seger mibanda sababaraha rupa kandungan kimia :
Mangpaat jeung kagunaan
Kandungan kimia anu aya dina cai lahang ieu mibanda kagunaan pikeun ngalancarkeun kahampangan (diuretik), ngubaran bunghak, miceun waé, jeung sariawan.[8]
Lahang taya lian bahan pikeun nyieun gula beureum, cai lahang digolakeun nepi ka kuled (kurnag leuwih 4 jam); tuluy diparinkeun kana citakan (tina awi atawa batok kalapa), diantepkeun sangkan tiis tur ngabatu (kurang leuwih dua jam).[8] Sakilo gula beureum mikabutuh cai lahang 7 léter atawa rendemen 14%.[8] Lahang beunang nyadap anu ngahaja diteundeun (henteu digodog) bakal jadi lahang bari anu mibanda alkohol, ieu dimangpaatkeun pikeun nyieun cuka ogé pikeun ngabekukeun geutah karét anu tadina éncér jadi ngagéblég.[3]
Dicutat tina
Daftar pustaka
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.