Kuluwung
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kuluwung nyaéta solobong buleud anu dipaké pikeun ngocorkeun cai.[1] Kuluwung ogé nunjul kana solobong tina bahan kai anu dipaké awak kendang, bedug, dogdog jeung waditra séjén anu wangunna kurang leuwih sarua.[2][3] Kuluwung sok disebut ogé talang, dina basa Inggris disebut pipe.[4][5]

Pedaran
Kuluwung pikeun pancuran atawa ngocorkeun cai ka sawah ilaharna dijieun tuna tangkal awi anu buku-bukuna ditotogan heula sangkan liangna bungbas.[6] Kuluwung pikeun waditra dijieun tina tangkal anu mibanda katangtuan sipat : heuras, garing, lempeng, hampang jeung kuat.[7] Bagéan kuluwung anu liangna badag sarta dituruban ku kulit ditunda beulah handap ngarana setung atawa bem kendang, liang kuluwung anu leutikna ogé dituruban ku kulit disebutna kempyang ditunda palebah luhur.[8] Kai anu hadé pikeun bahan kuluwung saperti : jati, kananga, nangka, jeung mahoni.[9]
Kiwari kuluwung geus dijieun dina rupa-rupa ukuran jeung bahan anu béda-béda saperti beusi, semén, PVC, poliétiline, VPVC, tambaga, jeung sajabana gumantung kana maksud jeung kabutuhan éta kuluwung.[10]
Bahan-bahan kuluwung
- Kuluwung awi atawa kai : harga kawilang murah loba anu ngajual tur gampang ngagunakeunna.[11]
- Kuluwung taneuh : utamana dipaké pikeun pamiceunan cai kotor, hanjakal kurang kuat lila jeung gampang ngagebros.[12]
- Kuluwung tina palastik : ilahar dipaké pikeun ngocorkeun cai, hargana kawilang murah, loba rupa jeung ukuran, kuat, tur loba anu ngajual.[12]
- Kuluwung beusi : ilahar dipaké pikeun ngenyot cai, gas, jeung minyak tina jero taneuh.[13]
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.