Huap lingkung nyaéta tata cara pangantén silih huapan di lingkung ku babarayaaan nalika pabetot-betot bakakak [1].Huap lingkung hartina silih huapan sabari leungeun masing-masing pangantén ngaléng kana beuheung pasanganana[2]. ku sabab silih huapan éta jadi ieu upacara disebut huap lingkung[2].Huap lingkung miboga tujuan pikeun ngaleungitkeun rasa kaéra antara pangantén sabada diistrénan sah jadi salaki pamajikan[2]. Salaku salaki pamajikan kudu bisa silih méré jeung silih ngalengkepan lamun dina paribasana mah ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak[2].Huap lingkung dilakonan sabada pangantén aya di jero imah, mangrupa tuluyan sabada upacara buka pintu di jero imahna pangantén awéwé biasana di tengah imah atawa di rohangan tengah [2].Nalika upacara huap lingkung pingpinanna nyaéta saurang juru kawih lalaki sakaligus anu mungkas rangkéyan upacara anu dilakonan poé éta[2].Anapon pihak-pihak anu kalibet dina upacara ieu sarua jeung pihak-pihak anu kalibet nalika upacara sungkem, sawér, nincak endog, jeung buka pintu nyaéta kawatesanan ti pihak kulawarga jeung baraya deukeut ti dua kulawarga pangantén[2].Lian ti perangkat acara anu geus ditataan tadi, dina upacara ieu aya kalengkepan anu kudu aya nyaéta bakakak hayam, sangu konéng,jeung cai nginum[2].Kadaharan pikeun huap lingkung numutkeun kabiasaan disadiakeun ku pangantén awéwé, salaku asakan mimiti pikeun salakina sabada sah jadi salaki pamajikan[3].Hal ieu miboga harti yén ti mimiti harita para sepuh ti dua beulah pihak moal nguruskeun deui, moal méré dahar deui sakumaha anu lazim saméméhna[3].

Referensi

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.