From Wikipedia, the free encyclopedia
Sungkem nyaéta kecap pagawéan nyium tonggong leungeun, tuur, suku kolot tandaning hormat[1]. Sungkem téh dilakonan nalika pangantén nyanghareup kolotna ogé kulawargana anu leuwih kolot(pinisepuh) ti dua kulawaraga pangantén, salaku tanda bakti jeung panuhun kana bimbinganana ti mimiti lahir nepi ka kawin[2]. Lian ti éta pangantén ménta du'a restu dina ngabangun kahirupan rumah tangga anu anyar, supaya meunang rahmat ti Allah SWT[2].Sungkem dilakonan sababaraha waktu sabada upacara akad nikah, tempatna biasana di imah pangantén awéwé di jero imah, di mana para sepuh narungguan [3].Jalma-jalma anu biasana aya dina acara sungkeman téh kabatesanana ti pihak kulawaraga jeung baraya ti dua beulah pihakanana.[3]
Sungkem nyaéta salam jeung nyium leungeun sarta tungkul ningalikeun rasa hormat anu gedé ka nu jadi kolot [3]. Mimitina pangantén lalaki sungkem ka mitohana anu lalaki, pangantén awéwé sungkem ka indungna.[3] Sabada kitu ditukeuran, pangantén lalaki sungkem ka mitoha awéwé, pangantén awéwé sungkem ka bapana.[3] Tuluy pangantén duanana sungkem ka kolot ti pihak lalaki.[3] Lian ti ka kolot sungkem ka baraya séjénna jeung sesepuh anu nyaksian acara nikahkeun utamana anu aya dina acara sungkeman.[3]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.