From Wikipedia, the free encyclopedia
Bungkus (basa Inggris:package) nyaéta hiji tarékah pikeun ngajaga barang atawa hasil produksi tina karuksakan salila diteundeun, saméméh dipaké, kitu deui dinamangsa dipindahkeun tina hiji tempat ka tempat anu séjéna. Bungkus ogé mangrupa hiji sistem anu terkoordinasi dina nyiapkeun barang anu baris dipindahkeun, ditunda digudang, jualeun, jeung dina mangsa saméméh barangna dipaké.[1]
Bukus mimitina ngagunakeun bahan-bahan anu saayana dina mangsa harita, kayaning anyaman tina hoé atawa awi, kantong tina kulit, peti tina kai, jeung sajabana. ka dieunakeun bungkus téh beuki motékar waé luyu jeung kamajuan Téhnologi jeung rupa-rupa paménta anu meuli, contona bungkus tina bahan parunggu jeung kaca. Panalungtikan ngeunaan bungkus ieu mangrupa hiji bagéan anu kawilang penting tina Arkéologi.
Bungkus mimiti dimangpaatkeun numutkeun catetan salah saurang Pérsia dina mangsa pelesiran taun 1035 ngadatangan hiji pasar di kota Kairo nempo anu daragang sayuran, bungbu-bungbu jeung pakakas dibungkus ku kertas dinamangsa mikeun kanu meulina.[2]
Dina abad ka-18, kaléng (tinplate) mimitina kapanggih ku urang Inggris, nyaéta Andrew Yarranton dina taun 1667. Kotak tina bahan kaléng mimiti dijual kabalaréa di selat Bristol dina taun 1725, kotak kaléng ieu dikirim ti Monmouthshire [3] Taun 1760 di London Tobacconists (rupa-rupa pakakas pikeun udud) tina bahan kaléng dijieun jeung dijualbeulikeun. dina taun 1805 kotak kaléng dijieun nepika 80.000 siki pikeun di jual ka luar nagara 50.000 sésana dipaké kabutuhan sorangan.[4] Dina taun 1810 urang Perancis nyaéta Appert mangihan cara ngawétkeun kadaharan ku jalan nyieun wadah anu kedap/teu asup hawa, ieu cara ngarojong Sodagar Inggris Peter Durand maténkeun hiji cara ngawétkeun kadaharan ku jalan dikaléngan/prosés pengaléngan Durand henteu tuluy maké patén anu geus dipimilka pikeun produksi tapi ku Durand di jual deui dina taun 1812 ka urang Inggris ogé nyaéta Bryan Donkin jeung John Hall anu satuluyna nyampurnakeun ieu pamanggih Durand téa. Tuluy ngadegkeun pabrik pangaléngan komersial dina taun 1813 di Southwark Park Road, London.[5] Bryan Donkin jeung John Hall mimiti nyieun barang kaléngan munggaran pikeun Royal Navy/angkatan laut nagara Inggris.[6][7]
Ngaronjatna industri Pangaléngan jadi cukang lantaran pikeun Robert Yeates, manggihan hiji pakakas saderhana pikeun muka kaléng dina taun 1855 dituluykeun ku Hackney Road, nyieun alat pamuka kaleng ku jalan nyoehkeun bagian luhur kaleng, aya deui pamanggih pikeun muka kaléng leuwih seseg jeung kuat anu dipatenkeun ku urang Amerika nyaéta Ezra Warner asalna ti Waterbury, Connecticu.[8]
Bungkus tina kertas mimiti dijieun di Bristol, Inggris dina taun 1844, jeung Amerika. Dina taun 1852 Francis Wolle dipaténkeun pikeun mesin kantong kertas otomatis.[9] Kardus kotak mimiti digunakeun dina abad ka-16, Dina taun 1817 di Inggri kardus kotak (Corrugated) munggaran dijieun dina skala komersial, meunang patén ti nagara Inggris dina taun 1856. Robert Gair gumelar di Skotlandia ngawanohkeun kardus modél pre-cut dina taun 1890 satuluyna dijieun dina jumlah anu pohara lobana.[10]
Bungkus asup abad ka-20 geus leuwih ngaronjat jeung maju, taya lian mimiti kapanggihna bakelite mangrupa cikal bakal tina lobana rupa bungkus anu dijieun, katambah ku leuwih murahna biaya pikeun ngolah plastik anu mangrupa bahan utama pikeun sarupaning bubungkusan, aya kantong plastik, botol plastik, wadah plastik jeung sajabana.[11]
Dina taun 1952, Universitas Michigan (Michigan State University) mangrupa hiji universitas anu pangheulana sadunya nyayagikeun gelar pikeun jurusan mesin bungkus.[11] Dina widang bungkus ieu, geus loba pisan kamotékaran anu pinujul, dina mangsa munggaran mekar ieu widang bungkusan di hususkeun pikeun kalengkepan militér, dina palebah dieu bungkusan dipaké mawa dahareun, pakakas, bahan-bahan séjéna sajeroeun dina kaayaan anu sarwa beurat. Dina wanci Perang sadunya ka-II spesifikasi kemasan militer mangrupa hiji konsép resmi anu dipaké dina taun 1941-an, ku lantaran bungkusan anu diapaké ku bala tantara leuwih onjoy boh dina widang kakuatan, antistatik, jeung katahanan. sakabéh bahan pamungkus anu sipatna komersial tunduk kana aturan kualitet militér anu dijieun saarat [12] Dina taun 2003, pamungkus ieu kurang leuwih dua persen ngarojong kana angka PNB (produk nasional bruto) di negara-negara maju. Satengahna tina éta mangrupa pamungkus pikeun kadaharan.[13]
Barang-barang anu dibungkus biasana mikabutuh panyalindungan umpamana tina ; kasetrum, kaendag-endag, Kateken, kapanasan, katirisan, jeung réa-réa deui.[14]
Bisa waé dipikabutuh pikeun panghalang asup angin, cai, ibun, kekebul jeung sajabana. dina sababaraha model bungkus dijieun supaya ulah aya rembesan tiluar ka jero ogé sabalikna salian ti bisa ngajaga eusina henteu gampang ruksak ogé bisa ngajauhan tina kontaminasi.[15] Panghalang ogé gedé mangpaatna pikeun misahkeun bahan saméméh dipaké ku lantaran bisa nimbulkeun karuksakan contona lém, cét husus, cairan médis jeung sajabana [16]
Barang-barang anu laleutik biasana dihijikeun dina hiji wadah salian henteu pasolengkrah ogé bisa ngurangan biaya, patlot, pulpén, penyeukeutan, jeung pamupus éta bisa waé ditendeun disawadahkeun (aglomerasi).
Bungkusan bisa dimangaatkeun ku bagéan jualan pikeun ngabibita anu meulina. komunikasi anu meuli jeung anu ngajual bisa ngaliwatan ieu bungkus, sanajan henteu pamprok ogé. kuaayana tulisan dina bungkus anu nétélakeun éta eusina.
Bungkus bisa méré rasa reugreung salila dina mangsa keur dikirim. Bungkusan ogé bisa di ronjatkeun ku ayana kamotékaran umpamana bungkus maké segel, bisa ogé dicitak pangaman anu nétélakeun yén eusina lain palsu, bungkus bisa waé maké téhnologi tags RFID anti maling, atawa artikel éléktronik pangjaga.[17] jeung réa-réa deui kamotékaran bungkus anu dipiharep bisa méré rasa reugreug boh kanu ngajual komo deui anu meuli.
Bungkus ogé bisa méré mangpaat umpamana waé, gampang disimpen jeung ditumpuk, gampang dicepengan, alus katempona, gampang dibuka jeung ditutup, bisa didaur ulang atawa gampang dipiceuna, jeung sajabana.
Hiji bungkusan anu gedé leuwih gampang dina mangsa prakna dipaké, tapi pikeun barang anu dibutuhkeun seutik saeutik contona uyah anu dipaké ku rumahtangga tangtuna kudu maké bungkusan anu leuwih leutik ogé supaya gampang dicokot jeung henteu loba sésa anu disimpen, conto séjén umpamana susu pikeun konsumsi barudak leuwih hadé disadiakeun dina bungkusan leutik salian gampang dicokot ogé henteu beurat dinamangsa dibawa.
Bungkusan bisa waé dibédakeun kana sababaraha rupa umpamana bungkus dipaké dinamangsa transportasi, bungkusan bisa waé ngajaga eusina salila dina kapal, gudang, atawa anu séjéna, bungkus bisa ogé mangrupa sarat anu kudu diteduna ku produsen pikeun sawaréh konsumena anu ménta. Bungkusan ogé bisa nétélakeun naon eusina bisa waé pakakas medis, pakakas militer, ubar, kimia jeung sajabana. Supaya gampang bungkus dibagi kana sababarha rupa :
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.