Urang Iran
From Wikipedia, the free encyclopedia
Urang Iran[1] nyaéta hiji grup étno-linguistik Indo-Éropa anu ngawengku panyatur-panyatur rungkun basa Iran,[2] hiji cabang utami ti rungkun basa Indo-Éropa. Wewengkon tradisional padumukanna nyaéta Plato Iran, sarta ngawengku Iran jeung sababaraha wewengkon di Asia Tengah kawas Tajikistan sarta sabagian Apganistan, sabagian Pakistan, Irak kalér jeung Turki wétan, sarta rupa-rupa tempat di Pagunungan Kaukasus.[3][4]
Ieu artikel eusina ngeunaan grup étno-linguistik. Pikeun masarakat Iran mah, tempo Démografi Iran.
Urang Iran ngawengku Urang Pérsia, Média, Skitia, Baktria, Parthia, Sarmatia, Alan, Ossétia, sarta grup-grup di handapeunnana.[rujukan?]