Stasion Semarang Poncol
stasion karéta api di Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
Stasion Semarang Poncol (SMC) atawa anu disebut ogé Stasion Poncol (Basa Jawa: ꦱꦼꦠꦱꦶꦪꦸꦤ꧀ꦱꦼꦩꦫꦁꦥꦺꦴꦚ꧀ꦕꦺꦴꦭ꧀) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu B anu perenahna di Purwosari, Semarang Utara, Kota Semarang. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +3 méter ieu kaasup ka Daérah Operasi IV Semarang sarta mangrupa stasion kadua panggedéna di Kota Semarang saenggeus Stasion Tawang.
Stasion Semarang Poncol
| |
---|---|
| |
Stasion Semarang Poncol ditempo ti hareup, 2020 | |
Ngaran lian | Stasion Poncol |
Lokasi | Jalan Imam Bonjol Purwosari, Semarang Utara, Semarang, Jawa Tengah, 50172 Indonésia |
Koordinat | Citakan:Country abbreviation 6.973169°S 110.414732°E / -6.973169; 110.414732 |
Luhur | +3 m |
Operator | Daérah Operasi IV Semarang |
Letak ti pangkal |
|
Jumlah péron | Hiji péron sisi jeung tilu péron pulo anu sarua-rua rada jangkung |
Jumlah jalur | 9 (jalur 4 jeung 5: sepur lempeng) |
Konstruksi | |
Arsiték | Henri Maclaine Pont |
Informasi lain | |
Klasifikasi | Badag tipeu B[2] |
Sejarah | |
Dibuka | 6 Agustus 1914 |
Ngaran saméméhna | Station Semarang SCS, Semarang-West, Pontjol Semarang |
Pausahaan awal | Semarang-Cheribon Stoomtram Maatschappij |
Layanan | |
Jayabaya, Ciremai, Kamandaka, Joglosemarkerto, Kertajaya, Tawang Jaya (régulér, tambahan, dan prémium), Maharani, Ambarawa Éksprés, Kaligung, Blora Jaya, Kedung Sepur, angkutan peti kemas/kontainer, angkutan Semen Tiga Roda, dan karéta api semen campuran | |
Fasilitas jeung téknis | |
Tipeu pasinyalan |
|
Pamesenan tikét | Sistem tikét onlén, ngalayanan pamesenan langsung sarta ngarobah/ngabedokeun tikét di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass khusus keberangkatan KA jarak jauh/menengah. |
Cagar budaya Indonésia Stasion Poncol | |
Kategori | Bangunan |
No. registrasi nasional | RNCB.20160818.02.001204 |
Tahun penetapan | 1992 |
Pemilik | PT Kereta Api Indonesia |
Pengelola | PT Kereta Api Indonesia |
Nama sebagaimana tercantum dalam Sistem Registrasi Nasional Cagar Budaya | |
Lokasi dina peta |
Stasion ieu jadi tempat pangeureunan sabagian karéta api panumpang kelas ékonomi sarta komuter di Semarang. Ampir kabéh KA barang anu ngaliwat di jalur rél pantura eureun di ieu stasion, iwal ti KA parsel ONS anu bongkar muat barangna dilayanan di Stasion Tawang. Stasion Poncol kungsi jadi salah sahiji tempat dialihkeunna karéta aun eureun di Semarang salian ti Stasion Alastua nalika Stasion Tawang kacaahan.