Saté Padang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Saté Padang mangrupa sebutan pikeun tilu jenis varian saté di Sumatra Kulon, nyaéta Saté Padang, Saté Padang Panjang jeung Saté Pariaman. Sate Padang ngagunakeun bahan daging sapi, létah, atawa jerohan (jantung, usus, jeung tétélan)[1] kalawan bungbu kuah kacang kintel (kawas bubur) ditambah cabé nu loba sangkan rasana lada pohara.
Fakta Singget Bagéan, Tempat asal ...
Saté Padang | |
---|---|
Saté Padang | |
Bagéan | Deungeun sangu |
Tempat asal | Indonésia |
Wewengkon atawa nagara | Padang, Sumatra Kulon |
Nu nyiptakeun | Kaolahan Minangkabau |
Suhu pidangan | Panas |
Bahan utama | Daging sapi mangrupa saté dina kuah konéng kintel |
![]() ![]() |
Tutup
Saté Padang Panjang dibédakeun ku kuah saténa nu warna konéng sedengkeun saté Pariaman mah kuahna rwarna beureum. Rasa dua jenis ieu saté gé béda. Sedengkan saté Padang mah mibanda rupa-rupa rasa paduan dua jenis varian saté di luhur.