![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/e/e7/Various_legumes.jpg/640px-Various_legumes.jpg&w=640&q=50)
Kacang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kacang nyaéta hiji istilah non-botani anu dipaké pikeun nyebut kana siki sababaraha pepelakan utamana polong-polongan, sapopoé kacang ogé dipaké pikeun nyebut (buah) polong malahan nyebut kana tangkal anu ngahasilkeun sikina.[1] Kacang ogé dipaké pikeun nyebutkeun kana siki anu garing, umumna anu disebut kacang ukuranana leutik [2][3].
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/bd/Nuts_on_Spice_Bazaar_in_Istanbul_01.jpg/640px-Nuts_on_Spice_Bazaar_in_Istanbul_01.jpg)
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/e/e7/Various_legumes.jpg/320px-Various_legumes.jpg)
Kacang dipercaya mibanda kandungan nutrisi, protéin, jeung énergi anu pohara lobana ku alatan kitu kacang geus jadi kadaharan anu kawentar alus pikeun dikonsumsi.[3] Sebutan kacang biasana nunjuk kana kacang anu ilahar dikonsumsi kayaning, kacang suuk, kacang beureum, kacang héjo, kacang polong jeung sajabana.[4] Tangtuna kacang-kacang éta geus dipiwanoh ku balaréa katut cara jeung katangtuan dina ngolahna.[3] Lemak anu aya dina kacang mangrupa lemak anu séhat tur mangpaat pikeun kaséhatan.[2]