Rokét
From Wikipedia, the free encyclopedia
Rokét nyaéta pakakas nu jadi jembatan antara rohang jomantara jeung bumi sarta banda-banda langit.[1] Rokét-rokét nu mimiti jenisna kawas kembang seuneu,bung-bung anu eusina bubuk hideung tina areng, dijieun abad ka-13 di Cina, sarta jadi ide anu sumebar ka lebah Kulon.[2] Pakakas ieu geus dipaké ku urang Cina dina perang saprak abad XIII.[1] Mimitina kawas bungbung awi nu dieusian ku sendawa, sulfur sarta areng anu dialungkeun kana seuneu dina upacara salila féstival kaagamaan nu diharepkeun sora ngabeledungna baris nyingsieunan roh jahat.[3]