spésiés manuk From Wikipedia, the free encyclopedia
Pijantung; (Arachnothera affinis) nyaéta manuk nu asalna ti kulawarga Nectariniidae.[2] Loba kapanggih hirup di pulo Sumatra, Kalimantan, Bali, jeung Jawa.[3][4] Sarta daérah séjén numibanda iklim subtropis atawa tropis tayalian leuweung dina kaayaan hawana henteu pati jemlék (moist). Ti mimiti pakampungan nepi ka jero leuweung, ieu manuk loba katempo hirup.[5] Remen ogé katempo euntreup dina tangkal cau nu keur meujeuhna mangkak jantungna, tangkal jajahéan, tangkal tepus, jeung manjah.[5]
Pijantung | |
---|---|
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Génus: | Arachnothera |
Spésiés: | affinis |
Manuk pijantung mibanda pangawakan leutik, bulu dina tonggongna hejo jaitun, harigu jeung beuteung kelirna koneng, beuheungna hawuk.[5] Manuk pijantung mibanda pamatuk sarta létah nu panjang, gunana pikeun ngenyot madu tina kekembangan.[3] Tempona peuting datang, manuk pijantung sok mareuting handapeun daun dina tangkal-tangkal sisi susukan nu teu pati jangkung (1-3 meter).[3] Panalungtikan nu kungsi dilaksanakeun ku William Logan taun 1887, nétéélakeun manuk pijantung salah sahiji manuk maneuh (endemik) nu aya di gunung Malabar.[6]
Manuk pijantung nu kungsi katiténan aya sababaraha rupa:
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Arachnothera . |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.