![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/90/National_emblem_of_Indonesia_Garuda_Pancasila.svg/langsu-640px-National_emblem_of_Indonesia_Garuda_Pancasila.svg.png&w=640&q=50)
Nagari
From Wikipedia, the free encyclopedia
Nagari, nyaéta babagian wilayah administratif di Propinsi Sumatra Kulon, Indonésia sahandapeun kacamatan. Istilah "Nagari" ngagantikeun "désa", nu saméméhna dipaké di Sumatra Kulon, saperti di propinsi-propinsi lianna di Indonésia. Nagari dipingpin ku Wali Nagari.
- Artikel ieu ngeunaan babagian administratif di Sumatra Kulon. Keur rupa aksara tempo Aksara Déwanagari
Babagian administratif di Indonésia |
---|
![]() |
Tingkat Propinsi |
Tingkat Kabupaten/Kota |
Kabupatén • Kota |
Tingkat Kacamatan |
Tingkat Kalurahan/Désa |
Tempo ogé |
Banjar • Dusun • Lingkungan |
édit |
Nagari mangrupa kesatuan masarakat hukum nu mibanda wates-wates wilayah nu wenang ngatur jeug ngurus kapentingan masarakat satempat, dumasar kana asal-usul jeung adat istiadat satempat nu diaku jung dipihormat dina sistim Pamaréntahan Nagara Kasatuan Républik Indonésia.
Nagari lain bawahan kacamatan, alatan ari kacamatan mah mangrupa bagian tina pakakas wewengkon kabupatén/kota, sedengkeun nagari mah lain mangrupa bagian tina pakakas wewengkon. Béda jeung kalurahan, nagari mibanda hak ngatur wewengkonna anu leuwih lega. Tapi dina kamekarananana, hiji nagari bisa dironjatkeun statusna jadi kalurahan.