Babagian administratif di Indonésia
From Wikipedia, the free encyclopedia
From Wikipedia, the free encyclopedia
Indonésia dibagi jadi sababaraha propinsi. Unggal propinsi dibagi deui jadi sababaraha kabupatén jeung kota.
Babagian administratif di Indonésia |
---|
Tingkat Propinsi |
Tingkat Kabupaten/Kota |
Kabupatén • Kota |
Tingkat Kacamatan |
Tingkat Kalurahan/Désa |
Tempo ogé |
Banjar • Dusun • Lingkungan |
édit |
Kiwari di Indonésia aya 33 propinsi, nu masing-masingna miboga pamaréntahan sorangan tur dipupuhuan ku saurang gubernur. Unggal propinsi miboga badan légistatif nu disebut Déwan Perwakilan Rahayat Daérah (DPRD). Gubernur jeung anggota DPRD dipilih ngaliwatan hiji pamilihan umum keur mangsa jabatan lima taun.
Opat propinsi di Indonésia miboga status husus:
Unggal propinsi ngawengku kabupatén jeung kota.
Kabupatén jeung kota boga tingkat nu sarua sarta mibanda pamaréntah daérah jeung badan légistatif sorangan. Umumna, kabupatén leuwih lega ti batan kota. Kabupatén dipingpin ku saurang bupati, sedengkeun kota dipingpin ku walikota. Boh bupati atawa walikota dipilih ngaliwatan prosés pamilihan umum.
Unggal kabupatén jeung kota ngawengku kacamatan/distrik.
Kacamatan, atawa disebut distrik di propinsi Irian Jaya Kulon jeung Papua, nyaéta wewengkon di sajeroeun kabupatén atawa kota. Kacamatan dipingpin ku saurang camat nu mangrupa pagawé nagri sipil sarta tanggung jawab ka bupati atawa walikota.
Unggal kacamatan/distrik ngawengku sababaraha kalurahan/désa.
Tingkatan di handapeun kacamatan nyaéta kalurahan atawa désa. Kalurahan dipingpin ku hiji lurah, sedengkeun désa dipingpin ku kuwu.
Di sababaraha wewengkon, digunakeun istilah séjén, di antarana:
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.