From Wikipedia, the free encyclopedia
Muhammad Ali (/ɑːˈliː/;[1] lahir Cassius Marcellus Clay Jr.;[2] 17 Januari 1942 – 3 Juni 2016) nyaéta tukang tinju profésional Amérika, aktivis sarta darmawan. Nelah ku "The Greatest (pangagungna)" sacara lega dianggap minangka salah sahiji figur olahraga nu paling penting jeung pangdipujana dina abad 20, sarta salah sahiji tukang tinju pangpunjulna sapanjang mangsa.
Muhammad Ali | |
---|---|
Ali in 1967 | |
Babar | Cassius Marcellus Clay Jr. 17 Januari 1942 Louisville, Kentucky, U.S. |
Pupus | 3 Juni 2016 (yuswa 74) Scottsdale, Arizona, U.S. |
Makam | Cave Hill Cemetery, Louisville, Kentucky |
Atikan | Central High School (1958) |
Pasangan |
|
Anak | 9, including Laila Ali |
Kolot |
|
Rélasi | Rahman Ali (brother) |
Ramatloka | muhammadali |
Ali lahir jeung digedékeun di Louisville, Kentucky, sarta mimiti latihan minangka tukang tinju dina umur 12 taun. Dina umur 18 taun manéhna meunangkeun madali emas kelas beurat énténg dina Olimpiade Usum Panas 1960 sarta tuluy jadi pamaén profésional dina taun éta. Manéhna asup Islam dina taun 1961 sarta ganti ngaran jadi Muhammad Ali. Manéhna meunangkeun juara kelas beurat nu teu disangka-sangka ti Sonny Liston dina umur 22 taun di taun 1964, Taun 1966, Ali nolak pikeun daptar kana wajib militer, alesanna alatan kayakinan agamana sarta teu satuju kana Perang Viétnam.[3][4] Manéhna tuluy ditahan, dinyatakeun salah alatan nolak draft wamil, sarta gelar juarana dicabut. Ali naék banding ka Pangadilan Tinggi nu ngabatalkeun putusanna di taun 1971. Najan kitu Ali geus teu tarung salila ampir opat taun sarta keleungitan mangsa puncakna minangka atlét. Aksina salaku hiji jalma nu nuranina kabeuratan kana perang tadi, ngajadikeun dirina hiji ikon pikeun génerasi budaya perlawanan nu leuwih gedé,[5][6] sarta dirina mangrupa tokoh high-profile kabanggaan rasial pikeun urang Amérika Afrika dina wanci pagerakan hak-hak sipil.[3][7] Minangka saurang Muslim, Ali ngagabung ka Nation of Islam (NOI) Elijah Muhammad. Dirina tuluy teu ngadukung deui NOI, nyepeng ajaran Islam Sunni sarta ngadukung integrasi rasial kawas manten méntorna, Malcolm X.
Ali mangrupa hiji tukang tinju pinunjul dina abad 20, sarta masih kénéh hiji-hijina juara linéal dina divisi éta. Rekor gabunganna ngéléhkeun 21 tukang tinju pikeun gelar kelas beurat dunia jeung meunang 14 kali pikeun gelar gabungan nanjeur salila 35 taun. Ali hiji-hijina patinju nu kapilih jadi Patarung Taun Ieu ku majalah The Ring genep kali. Ali diposisikeun minangka patinju pangpunjulna sapanjang mangsa,[8] sarta mangrupa atlét pangpunjulna di abad 20 ku Sports Illustrated, Pribadi Olahragawan Taun Ieu ku BBC, sarta atlét pangpunjulna katilu ku ESPN SportsCentury.[9][10] Dirina geus aub dina sababaraha patarungan tinju jeung pacéngkadan bersajarah, nu paling kawentar ngalawan Joe Frazier dina Thrilla in Manila (Raraméan di Manila) sarta ngalawan George Foreman nu katelah ku judul The Rumble in the Jungle (Palagan di Leuweung), kawentar “dianggap kajadian olahraga panggedéna di abad 20”
[11][12] sarta ditonton ku kira-kira samilyar pamiarsa ti sakuliah dunia,[13][14] mangrupa siaran langsung télévisi panglobana ditongton wanci harita. Ali ogé jadi sorotan nalika loba patarung nu mikeun ka manajerna pikeun urusan biantara, Ali mah teu ngawakilkeun sarta dirina mindeng mamanas batur tur ngomong ka mana karep.[15][16][17] Ali kawentar ku gedé omong sarta mindeng sakarepna nyarita maké wirahma jeung kecap-kecap puisi, tur geus leuwih ti heula maké élemén hip hop.[18][19][20]
Di saluareun ring, Ali meunangkeun kasuksésan minangka musisi, di mana manéhna nampa dua nominasi Grammy.[20] Manéhna ogé minton minangka aktor jeung panulis, medalkeun dua autobiografi. Ali reureuh tina tinju taun 1981 sarta suhud dina widang agama jeung amal. Taun 1984, Ali nyieun béwara yén dirina didiagnosis sindrom Parkinson, nu numutkeun béja aya patula-patalina jeung cidera balas tinju[21] najan ku Ali jeung dokter pribadina dibantah.[22] Ali tetap jadi figur publik nu aktif sacara global, tapi ka dieunakeun ngawatesan pintonan publikna alatan kondisina nu beuki ripuh. Ali dirawat ku kulawargana. Ali maot dina tanggal 3 Juni 2016.
Cassius Marcellus Clay Jr. lahir dina tanggal 17 Januari 1942 di Louisville, Kentucky.[23] Manéhna boga hiji dulur awéwe jeung opat dulur lalaki.[24][25]Manéhna dingaranan maké ngaran bapana, Cassius Marcellus Clay Sr. (1912-1990), nu ngaranna sorangan dicokot dina raraga ngahargaan ka politisi Republikan abad ka-19 sarta abolitionist (anti perbudakan) nu keyeng, Cassius Marcellus Clay, nu ogé urang nagara bagian Kentucky. Aki nini Ali ti jalur bapa nyaéta John Clay jeung Sallie Anne Clay; Eva, dulur awéwé Ali, ngakukeun yén Sallie téh pituin Madagaskar.[26] Ali téh turunan budak beulian ti Kidul antebellum (jaman méméh perang sipil), sarta utamana mah turunan Afrika bari aya saeutik getih Irlandia,[27] tur garis turunan Inggris.[28][29] Aki Ali ti garis indung, Abe Grady, pindahan ti Ennis, Co. Clare, Irlandia.[30][31] Tés DNA di taun 2018, nunjukkeun yén, ngaliwatan garis nini ti bapana, Ali téh mangrupa turunan ti manten budak belian Archer Alexander, nu geus kapilih ku kru gedong Emancipation Memorial minangka modél pikeun jalma bébas sarta jadi subjék pikeun bukuna abolitionist William Greenleaf Eliot, Carita Archer Alexander: Tina Hamba Sahaya Jadi Merdéka.[32][33] Siga Ali, Alexander bajoang pikeun kabébasanna.[34]
Bapana Ali téh tukang ngalukis réklame jeung billboard,[23] indungna, Odessa O'Grady Clay (1917-1994), tukang babantu di lembur. Sanajan Cassius Sr. saurang Métodis, manéhna ngijinan Odessa pikeun ngabaptis Cassius Jr. jeung adina, Rudolph "Rudi" Clay (jagana ganti ngaran jadi Rahman Ali).[35] Cassius Jr. asup ka Sakola Luhur Pusat di Louisville. Ali téh disléksia, ku kituna hésé dina diajar maca jeung nulis di sakola ogé dina kahirupanna.[36] Ali gedé di tengah-tengah pamilahan rasial. Indungna nyaritakeun hiji kajadian di mana Cassius teu dibéré cai di hiji toko - "Maranéhna teu méré cai, alatan warna kulitna. Hal éta mangaruhan pisan ka dirina."[3] Cassius ogé kapangaruhan ku panelasan Emmett Till dina taun 1955, hingga Cassius ngora jeung babaturan ngaruksak rél karéta di lemburna alatan frustasi.[37][38]
Ali mimiti diarahkeun kana tinju ku pulisi Louisville ogé palatih tinju, Joe E. Martin,[39] nu manggihan hiji budak leutik umur 12 taun ambeuk ka hiji bangsat nu geus nyokot sapédahna. Budak éta téh Cassius Clay téa. Clay ngomong ka si pulisi yén manéhna dék ngagebugan si bangsat. Si pulisi nyarita ka Clay, yén Clay mending gé diajar tinju heula.[40] Awalna, Clay teu narima tawaran Martin, tapi sabada nempo tinju amateur di program tivi nu ngaranna Juara Jaga, Clay katarik kana prospék tinju.[41] Manéhna mimita latihan ka palatih Fred Stoner, nu dipuji ku manéhna bakal méré "latihan enyaan", nu antukna nempakeun "jurus kuring, stamina kuring jeung sistem kuring." Dina opat taun karir amateur Clay, manéhna dilatih ku tanaga médis tinju Chuck Bodak.[42]
Clay munggaran tinju amatir di taun 1954 ngalawan patinju lokal Ronnie O’Keefe. Manéhna meunang ku kaputusan nu misah.[43] Manéhna tuluy kebat meunangkeun juara genep Asbok Emas Kentucky, dua gelar Asbok Emas nasional, gelar nasional Sarikat Atlétik Amatir sarta madali emas kelas beurat énténg dina Olimpiade Usum Panas 1960 di Roma.[44] Rékor amatir Clay nyaéta 100 kali meunang jeung lima kali éléh. Ali nyaritakeun dina otobiographina taun 1975 yén teu lila sabada manéhna mulang ti Olimpiade Roma, manéhna ngalungkeun madali emasna ka Leuwi Ohio sanggeus manéhna jeung babaturanna teu diladangan di hiji réstoran “husus bulé” jeung garelut ngalawan geng urang bulé. Carita éta tuluy dibarantah, sarta sawatara batur Ali, kaasup Bundini Brown jeung juru potrét Howard Bingham ngilu nyangkal. Biographi Ali meunang Brown nyatakeun yén Ali mémang teu diladangan di réstoran éta, tapi Ali ngaleungitkeun madali sataun ti saprak meunangkeunna.[45] Ali nampa hiji madali pangganti dina hiji jéda istirahat laga baskét di Olimpiade 1996 Atlanta, di mana manéhna nu ngahurungkeun oborna pikeun ngamimitian patandingan.
Clay munggaran maén tinju profésional dina tanggal 29 Oktober 1960, ku meunang angka dina tarung genep ronde ka Tunney Hunsaker. Ti saprak harita semet ka ahir 1963, Clay nyieun rékor éndah 19-0, ku 15 kali knockout (KO). Para patinju nu diéléhkeunna di antarana, Tony Esperti, Jim Robinson, Donnie Fleeman, Alonzo Johnson, George Logan, Willi Besmanoff, LaMar Clark, Doug Jones jeung Henry Cooper. Clay ogé ngéléhkeun manten palatihna nu ogé patinju véteran, Archie Moore, dina hiji laga di taun 1962.[46][47]
Patarungan-patarungan munggaranna lain tanpa cocoba. Clay di-KO boh ku Sonny Banks ogé ku Cooper. Dina tarung ngalawan Cooper, Clay nambru ku huk kénca dina tungtung ronde kaopat sarta katulungan ku bél, tuluy meunang dina ronde kalima nu geus kajudi alatan panon Cooper tatu parna. Tarung ngalawan Doug Jones dina tanggal 13 Maret 1963 mangrupa patarungan pangbeuratna pikeun Clay dina mangsa éta. Urutan kadua jeung katilu panantang kelas beurat, Clay jeung Jones tanding di lembur Jones di Madison Square Garden New York. Jones nyieun Clay sosolontodan dina ronde kahiji. Kameunangan ku sora buleud Clay ka Jones meunang pamoyok ti para panongton sarta ka jero ring dibalédogan ku runtah. Lalajo dina TV, juara kelas beurat, Sonny Liston, ngagonjak yén umpama manéhna kudu tarung jeung Clay, sarua waé jeung ngerem manéh pikeun ditelasan. Patarungan tadi tuluy nelah “Tarung Taun Ieu” ku majalah The Ring.[48]
Dina unggal patarungan tadi, Clay sacara vokal ngaréméhkeun lawan-lawanna sarta ngagulkeun pangabisana. Manéhna nyebut Jones “jalma leutik goréng patut” sarta nyebut Cooper “jalma ripuh”. Manéhna nyarita yén ngarasa éra kudu naék ring ngalawanan Alex Miteff sarta ngakukeun yén Aréna Madison Square Garden “leutik teuing keur uing mah”.[49] Kalakuan propokatif jeung mahiwalna di jero ring kailhaman ku pagulat profésional “Gorgeuos George” Wagner.[50] Ali nyatakeun dina hiji wawancara jeung Hubert Mizel ti the Associated Press yén manéhna tepung jeung Gorgeous George di Las Vegas di taun 1961 sarta pagulat éta téh ngailhaman manéhna pikeun ngagunakeun jargon gulat nalika diwawancara.[51]
Taun 1960, Clay ninggalkeun sasana Moore, sawatara alesanna alatan Clay embung kudu migawé pancén rutin kayaning ngumbah piring jeung sasapu. Pikeun ngagantikeun Moore, Clay nyéwa Angelo Dundee minangka palatihna. Clay panggih jeung Dundee di bulan Pébruari 1957 nalika keur amatir kénéh.[52] Danget harita, Clay ngincer pujaan heubeulna, Sugar Ray Robinson, pikeun jadi manajerna, tapi ditolak.[53]
Dina panungtungan taun 1963, Clay geus jadi panantang pangluhurna pikeun gelar Sonny Liston. Patarungan geus ditetepkeun dina tanggal 25 Pébruari 1964 di Miami Beach. Liston miboga kapribadian nu borongongong, patarung nu dominan tur boga sajarah kriminal sarta patali jeung mafia. Dumasar kana pidangan Clay nu teu ngayakinkeun ngalawan Jones jeung Cooper dina dua patarungan saméméhna sarta rubuhna manten juara kelas beurat Floyd Patterson nu dua kali KO di ronde kahiji ku Liston, Clay teu diunggulkeun ku bandingan 7-1. Najan kitu Clay ngalédék Liston nalika pasamoan méméh tarung, Clay ngalandi Liston minangka “beruang badag goréng patut’, nyarita “Malahan mah Liston bauna gé siga beruang,” sarta ngakukeun “sanggeus ngéléhkeun manéhna kuring bakal nyumbangkeun manéhna ka kebon binatang.”[54] Kereteg jantung Clay harita diitung 120 (per menit), leuwih ti dua kali kaayaan normalna, 54.[55] Loba pamiarsa harita nyangka yén kalakuan Clay téh pikeun nutupan kasieun, sarta sawatara koméntator panasaran lamun Clay bakal datang kana laga engké.
Hasil patarungan bener-bener teu disangka. Nalika bél bubuka, Liston nyuruntul ka Clay, katempo ambek jeung hayang geura-geura nga-o. Najan kitu, katanginasan jeung usikna Clay mampu nyingkahan Liston, ngajadikeun si juara nyamos jeung katempo kaku. Dina tungtung ronde kahiji, Clay ngalancarkeun serangan sarta neunggeulan Liston mangkali-kali ku jéb. Liston tarung rada hadé dina ronde kadua, tapi di awal ronde katilu Clay neunggeul Liston ku sababaraha teunggeulan kombinasi nu matak Liston tikusruk tuur sarta soéh sahandapeun panon kéncana. Ieu téh mimiti pisan pikeun Liston nandangan tatu. Dina tungtung ronde kaopat, Clay balik ka juruna nalika manéhna mimiti ngarasakeun kasakit dina panonna nepi ka teu bisa nempo sarta ménta palatihna, Angelo Dundee, pikeun anggeusan. Dundee nolak hal éta. Pada ngangkeuh cenah masalah nu karandapan ku Clay téh alatan salep nu dipake ngolés kana tatu Liston sacara ngahaja dibalurkeun kana asbokna.[55] Sanajan teu kungsi dikonfirmasikeun, sajarawan tinju Bert Sugar nyarita yén dua lawan Liston saméméhma ogé ngaku nandangan hal sarupa ngeunaan panonna nu “asa kaduruk”.[56][57]
Sanajan ketak Liston pikeun ngarubuhkeun Clay nu geus teu nempo, Clay masih bisa batahan di ronde kalima nepi ka karinget jeung cipanon ngirid paradangan dina panonna. Dina ronde ka genep, Clay ngadominasi, neuggeulan Liston sababaraha kali. Liston teu menyat nalika bél ronde katujuh sarta Clay dinyatakeun meunang ku TKO. Liston ngaku yén alesanna eureun téh alatan tatu dina taktakna. Sabadana meunang, Clay nu bungah kacida muru ka tungtung ring sarta nunjuk ka wartawan lebah sisi ring bari ngagero “Hakan tah omongan maranéh!” Manéhna nambahkeun, “Kuring pangjagona! Kuring ngendag-ngendag dunya. Kuring mahluk pangalus-alusna nu kungsi hirup.”[58]
Dina pasamoan sabada tarung, Clay katempo teu yakin yén patarungan dieureunkeun alatan ciderana taktak Liston, nyarita yén hiji-hijina tatu Liston téh ngan “panon nu kabuka, kabuka alatan soéh gedé!” Nalika dibéjaan ku Joe Louis yén ciderana téh nyaéta “leungeun kénca nu leupas tina cacantélna,” Clay ngajejeléh, “Nya heueuh, ngababukan angin waé, rék saha nu teu kitu!”[59]
Ku meunangkeun patarungan ieu dina umur 22 taun, Clay jadi tukang tinju pangorana nu ngarebut gelar ti juara batahan kelas beurat. Najan kitu, Floyd Patterson tetep juara dunia kelas beurat pangorana dina umur 21 taun nalika periode sistem gugur alatan mundurna Rocky Marciano. Mike Tyson mecahkeun kadua rekor tadi di taun 1986 dina umur 20 taun nalika ngéléhkeun Trevor Berbick pikeun meunangkeun gelar juara kelas beurat.
Teu lila ti saprak patarungan ngalawan Liston, Clay ngaganti ngaranna jadi Cassius X, tuluy ganti deui jadi Muhammad Ali nalika asup Islam sarta gabung ka Bangsa Islam (Nation of Islam). Ali tuluy nyanghareupan tanding ulang ngalawan Liston nu dijadwalkeun di bulan Méi di Lewiston, Maine. Tadina mah rék di Boston dina bulan Nopémber saméméhma, tapi dipundurkeun genep bulan alatan tilu poé saméméhna Ali kudu dioperasi darurat gara-gara hérnia.[60] Patarungan lumangsung kontroversial. Di tengah-tengah ronde kahiji, Liston dirubuhkeun ku hiji teunggeulan nu tan katingalan nu nelah di kalangan wartawan ku sebutan “teunggeulan jurig’. Wasit Jersey Joe Walcott teu geura-geura ngitung sabada rubuhna Liston lantaran Ali teu daék mundur ka juru netral. Liston cengkat sanggeus ngajupruk salila 20 detik, sarta patarungan lumangsung deui. Najan kitu, sababaraha waktu ti harita, Walcott nu dibéjaan kutukang ngitung waktu yén Liston geus ngagolér dina itungan 10, ngeureunkeun laga sarta nyatakeun Ali meunang ku cara KO.[61] Patarungan éta réngsé kurang ti dua menit.[62]
Jalma-jalma pada ngakeuh yén Liston ngahaja ngagubragkeun manéh. Motivasi nu dituduhkeun kaasup di antarana nyawana diancam ku Nation of Islam, masang tarohan pikeun dirina sorangan sarta ngahaja “teuleum” pikeun mayar hutang-hutangna. Tayang ulang gerak lambat nunjukkeun yén Liston kahanca ku gitikan ngepang leungeun katuhu Ali, ngan teu jelas naha teunggeulan éta téh nyata-nyata nu matak ngarubuhkeun manéhna.[63]
Ali mertahankeun gelar na ngalawan manten juara kelas beurat Floyd Patterson dina tanggal 22 Nopémber 1965. Mémeh laga éta Ali moyok Patterson, nu kawentar sok ngageroan manéhna make ngaran Cassius Clay, minangka “Emang Tom”, Ali ogé nyebut Patterson “Si Kelinci”. Sanajan Ali jelas-jelas leuwih alus manan Patterson nu katempona cidera, laga éta lumangsung 12 ronde, méméh dieureunkeun ku hiji technical knockout (TKO). Patterson tuluy nyarita yén dirina katarajang keram lebah sacroiliac-na. Ali dikritik ku média olahraga alatan katempo heureuy nalika tarung ngalawan Patterson.[64] Biographer Patterson, W.K. Stratton yén pacéngkadan antara Ali jeung Patterson téh jijieunan wungkul pikeun ningkatkeun pangjualan tiket jeung pamirsa nu nongton liwat TV sirkuit, padahal mah duanana gé nyandiwara. Stratton ogé ngutip wawancara Ali ku Howard Cosell nu mana Ali ngajelaskeun yén dirina lain heuheureuyan ngalawan Patterson tapi ngan nahan wungkul sangkan teu ngarubuhkeun musuhna sabada tétéla yén Patterson téh keur cidera. Stratton nyatakeun yén Ali ngajadwalkeun tanding kadua di taun 1972, ku alatan ningal kondisi financial Patterson, pikeun ngabantu si manten juara meunangkeun cukup duit keur mayaran hutangna ka IRS.[64]
Sabadana laga ngalawa Patterson, Ali ngadegkeun pausahaan promosina sorangan, Main Bout (Laga Utama). Pausahaan éta husus nyepeng promosi tinju Ali jeung pamayaran siaran sirkuit tivi. Nu nyarepeng sahamna lolobana babaturan Ali di Nation of Islam, bareng jeung sababaraha urang lianna, di antarana Bob Arum.[65]
Ali jeung juara kelas beurat WBA Ernie Terrel geus paheut pikeun adu hareupan dina hiji laga di Chicago dina tanggal 29 Maret 1966 (WBA, hiji dina dua asosiasi tinju, geus nyabut gelar Ali sabada Ali gabung kana Nation of Islam). Tapi, di bulan Pébruari, Ali diklasifikasi ulang ku déwan pangdaptaran wamil Louisville ti 1-A ka 1-Y, sarta katempona manéhna nolak pikeun ngabdi, ngomong ka wartawan, “Kuring teu boga masalah jeung Viétkong; teu saurang ogé urang Viétkong kungsi nyalukan negro ka kuring.”[66] Di tengah-tengah sorotan média kana pamadegan Ali, Komisi Atlétik Illinois nolak pikeun nurunkeun sanksi kana laga tadi, ku alesan masalah téhnis.[67]
Ali malah nganjang ka Kanada jeung Éropa sarta meunangkeun sawatara laga kajuaraan ngalawan George Chuvalo, Henry Cooper, Brian London jeung Karl Mildenberger.
Ali mulang deui ka Amérika Sarikat pikeun ngalawanan Cleveland Williams di Houston Astrodome dina tanggal 14 Nopémber 1966. Laga éta mecahkeun rékor panongton indoor ku 35.460 jalma. Williams geus pada ngangkeuh minangka salah sahiji tukang tinju nu boga teunggeulan pangtarikna di divisi kelas beurat, tapi di taun 1964 manéhn ditémbak ti jarak deukeut ku pulisi Texas, ngakibatkeun leungit ginjal hiji jeung peujit leutikna diteukteuk sapanjang tilu méter. Ali nguntupan Williams, meunang ku TKO di ronde katilu dina hiji patarungan nu dianggap minangka pidangan panghadéna dina karirna.
Ali tarung ngalawanan Terrell di Houston dina 6 Pébruari 1967. Terrel, nu teu kungsi kasoran dina lima taun ka tukang sarta geus ngéléhkeun réa tukang tinju nu kungsi di sanghareupan ku Ali, diangkeuh minangka lawan pangtanggohna ti saprak Liston; manéhna téh badag, kuat jeung boga kaunggulan tilu inchi jangkauan ti Ali. Wanci méméh patarungan, Terrel mangulang-ulang nyebut Ali ku “Clay”, pikeun ngélég Ali. Duanana ampir pagedrug alatan masalah ngaran dina hiji wawancara pra-laga ku Howard Cosell. Ali katempona niat pikeun moyok Terrell. “Kuring hayang nyiksa manéhna,” cenah. “KO wungkul masih alus teuing keur manéhna.”[68] Patarungan lumangsung babad nepi ka ronde tujuh, Ali moyok Terrell, nenggeul lawanna ku jéb bari kokoar, “Naon ngaran kuring téh Emang Tom...naon ngaran kuring?” Ali antukna meunang ku 15 ronde ku suara buleud. Terrel ngaku yén nalika keur tarung, Ali ngahaja neunggar panonna, maksa manéhna kudu tarung bari satengah lolong, sarta tuluy, dina hiji clinch, ngagosokkeun panonna nu tatu kana tali ring. Alatan Ali katempona ngahaja manjangkeun patarungan pikeun namplokkeun hukuman maksimal, kritik ngagambarkeun yén patarungan éta téh minangka “salah sahiji patarungan tinju panggoréngna.” Tex Maule tuluy nulis: “Harita téh mangrupa pamintonan nu éndah dina kaparigelan tinju ogé panémbongan kakasaran barbar.” Ali nolak tuduhan ngeunaan kakasaran, tapi, pikeun para pangiritik Ali, laga éta leuwih némbongkeun bukti kaadigunganna.
Sabada Ali mertahankeun gelar ngalawan Zora Folley dina tanggal 22 Maret, sakabéh gelarna diudaran alatan nolak pikeun asup kana pangabdian militer.[23] Ijin tinjuna ogé dicabut sarta dikeunaan sanksi teu meunang maén ku nagara bagéan New York. Manéhna didakwa nyingkahan wajib militer dina tanggal 20 Juni sarta dihukum lima taun panjara jeung denda $10.000. Ali mayar jaminan sarta tetep bébas bari naékkeun banding kana putusanna.
Dina bulan Maret 1966, Ali nolak pikeun gabung ka pasukan basanjata. Sacara sistematis dirina ditolak ijin tinjuna di unggal nagara bagéan sarta pasporna dicabut. Hasilna, manéhna heunteu tanding ti bulan Maret 1967 nepi ka Oktober 1970 – dina umur 25 nepi ka ampir 29 – nalika kasusna keur dina prosés naék banding saméméh dakwaanna dibatalkeun dina taun 1971. Nalika mangsa tanpa aktipitas éta, panolakan kana Perang Viétnam mimiti tumuwuh sarta pamedegan Ali meunangkeun simpati, manéhna biantara di sakola-sakola luhur di sakuliah nagri, ngiritik Perang Viétnam sarta ngabéla harga diri urang Amérika-Afrika jeung kaadilan rasial.
Nalika meunang sanksi dilarang tanding, Ali méréskeun hiji tuntutan $1 juta ngalawan produser radio Murray Woroner ku narima $10.000 alatan sacara pribadi dipintonkeun dina laga fantasi jijieunan ngalawan pangsiunan juara Rocky Marciano.[69] Dina taun 1969, kadua patinju éta difilemkeun diadu pikeun kurang leuwih 75 ronde nu sarondena samenit; maranéhna merankeun sababaraha lalakon.[70] Hiji program komputer cenah nangtukeun nu meunang, dumasar kana data ngeunaan para patarung. Vérsi éditan dina tanding éta dipidangkeun di bioskop di taun 1970. Dina vérsi AS Ali éléh dina hiji simulasi KO di ronde ka-13, tapi dina vérsi Éropa Marciano éléh alatan meunang tatu, ogé simulasi.[71]
Ali ngisaratkeun yén éléhna dina vérsi AS téh teu objéktif. Manéhna kabéjakan nyarita bari heureuy, “Komputerna buatan Alabama.”[69]
Dina tanggal 11 Agustus 1970, sawatara kasusna keur naék banding kénéh, Ali meunang ijin pikeun tinju deui ti Komisi Atlétik Kota Atlanta. Leroy Johnson, Jesse Hill Jr. Jeung Harry Pett geus ngagunakeun pangaruh pulitik lokalna sarta nempatkeun pausahaan House of Sports pikeun ngatur tandingna, ku kituna, maranéhna mintonkeun kakawasaan pangaruh pulitik kaum hideung Georgia kana mulang deuina Ali.[72] Tanding munggaran balikna deui Ali téh nyaéta nyanghareupan Jerry Quarry dina tanggal 26 Oktober, nu hasilna hiji kameunangan pikeun Ali sanggeus dina ronde katilu Quarry meunang tatu getih.
Sabulan ti harita, kameunangan di pangadilan federal ngudukeun Komisi Tinju New York pikeun mulangkeun ijin tinju Ali.[73] Ali ngalawanan Oscar Bonavena di Madison Square Garden di bulan Désémber dina hiji pamidangan nu teu matak sumanget nu réngsé ku di-TKO-na Bonavena sacara dramatis di ronde ka-15. Kameunangan ieu nempatkeun Ali dina posisi kahiji pikeun nantang juara kelas beurat Joe Frazier.
Tarung kahiji Ali ngalawan Frazier lumangsung di Garden dina tanggal 8 Maret 1971, katelah ku sebutan “Patarungan Abad Ieu”, alatan euyeub nu luar biasa di sabudeureun patarungan antara dua patandang nu can kungsi kasoran nu masing-masing boga cupat pikeun jadi juara kelas beurat. Panulis véteran tinju John Condon nyebut hal ieu “kajadian panggedéna nu kungsi ku kuring dipigawé dina hirup kuring.” Laga ieu disiarkeun ka 35 nagara luar; promotorna ngaluarkeun 760 tikét wartawan.[45]
Katambahkeun kana atmospir laga nyaéta tontonan pra-laga nu ramé sarta silih poyokan. Ali ngagambarkeun Frazier minangka hiji “pakakas bodo pikeun pangawangunan urang bulé.” “Frazier goréng rupa teuing pikeun jadi jawara,” ceuk Ali. “Frazier bodo teuing pikeun jadi jawara.” Ali ogé sababaraha kali ngalandi Frazier minangka “Emang Tom”. Dave Wolf, nu gawé pikeun sasana Frazier, inget yén, “Ali nyarita ‘jalma-jalma nu ngarojong Joe Frazier ngan jalma-jalma nu maraké saragam wungkul, nyaéta shérif Alabama, sarta anggota Ku Klux Klan. Kuring tarung pikeun jalma leutik di kawasan kumuh.’ Joe keur diuk di ditu harita téh, neunggeulkeun peureup kana dampal leungeunna, nyarita, ‘Nyaho naon anjing si éta ngeunaan kawasan kumuh?’”[45]
Ali mimiti latihan di lahan tanén deukeut Reading, Pennsylvania, di taun 1971, sarta ngarasa cocog lamun di wilayah pasisian éta diwangun hiji sasana nyaan. Ali meunangkeun lima akre lahan di jalan désa Pennsylvania di Désa Deer Lake, Pennsylvania. Di tempat éta Ali ngadegkeun hiji sasana latihan, di mana manéhna latihan pikeun sakabéh patarunganna ti taun 1972 semet ka panungtungan karirna di taun 1982.
Laga Senen peuting cocog jeung iklanna. Frazier nu dodongkoan, ulak elok jeung gulak gilek tutuluyan neken Ali, kateunggeul sababaraha kali ku jéb jeung kombinasi Ali, tapi teu reureuh nyerang tur mangkali-kali nyitak angka, utamana kana awak Ali. Laga éta saimbang dina awalna mah, tapi Ali nandangan ganjaran pangtohagana dina karirna. Dina sababaraha kasempetan dina ronde-ronde awal manéhna susuruduk sarta gigideg (nunjukkeun teu nyeri) nalika kababuk. Ronde-ronde kaituna – dina naon nu munggaran katelah ku “strategi rope-a-dope” – Ali nyarande kana tali sarta nyerep tarajangan ti Frazier, ngaharep meakkeun tanaga Frazier. Dina ronde ka-11, Frazier ninggang ku huk kénca nu ngabalukarkeun Ali jajarigjegan, tapi lantaran Ali katempona siga nu guyon nalika mundur ka sisi ring séjén, Frazier jadi ngarengkog pikeun nuluykeun ketakna, hariwang serangan balik ti Ali. Dina ronde panungtungan, Frazier ngarubuhkeun Ali ku hiji huk kénca nu kacida tarikna, nu ceuk wasit Arthur Mercante mangrupa teunggeulan jalma pangtarik-tarikna. Ali cengkat dina itungan tilu detik.[45] Najan kitu, Ali éléh ku putusan buleud, hiji kaéléhan dirina nu munggaran.
Dina taun 1971, béntang baskét Wilt Chamberlain nantang Ali pikeun tarung kalayan lagana geus dijadwalkeun dina tanggal 26 Juli. Sanajan Chamberlain nu jangkungna tujuh kaki dua inci ngabogaan kauntungan pisik nu leuwih kuat batan Ali – 60 pon leuwih beurat sarta jangkoanna 14 inci leuwih jauh – Ali bisa mangaruhan Chamberlain pikeun ngabedokeun laga ku moyok manéhna dina hiji wawancara bareng ku sebutan “Kai Golondongan!” sarta “Tangkal éta bakal rubuh”. Pernyataan nu pinuh kayakinan ieu ngamarojéngjakeun musuh jangkungna nu karak meunang tawaran rékor kontrak ti pamilik Los Angeles Lakers, Jack Kent Cooke, minangka syarat keur ngabatalkeun naon nu disebut ku Cooke minangka “tinju bebelegugan”,[74] sarta antukana Chamberlain ngagugu kana hal éta.[75] Pikeun ngagantikeun lawan Ali, promotor Bob Arum geuwat nga-booking manten batur latihan Ali, Jimmy Ellis, nu mangrupa batur Ali keur budak ti Louisville, Kentcuky, pikeun ngalawanan Ali.
Sanggeus éléh ku Frazier, Ali tarung ngalawan Jerry Quarry, ngaduakalian ngalawan Folyd Patterson sarta ngalawana Bob Foster di taun 1972, kabéhna Ali meunang genep kali dina taun éta. Di taun 1973, Ken Norton motongkeun careuham Ali nalika ngaleler dirina ku kaéléhan kadua. Sabada mimiti pada ngangkeuh rék pangsiun, Ali meunang ngalawan Norton dina laga kadua maranéhna. Hal ieu ngajurung Ali kana tarung ulang ngalawan Joe Frazier di Madison Square Garden dina tanggal 28 Januari 1974.; Frazier karak anyar kaleungitan gelar ku George Foreman.
Ali katempona kuat dina awal-awal ronde sarta nyieun Frazier jajarigjegan dina ronde kadua. Wasit Tony Perez salah déngé, rarasaan manéhna ngadéngé bél béakna rondé kadua sarta ngaléngkah ka antara dua patinju nalika Ali keur nyerang, méré waktu keur Frazier pikeun ngarénghap heula. Najan kitu, Frazier menyat dina ronde-ronde tengah, ngagitik sirah Ali dina ronde katujuh sarta nyedekkeun Ali kana tali ring dina panungtungan ronde kadalapan. Opat ronde pamungkas duanana silih genti unggul. Salila laga, kalah kumaha gé Ali hasil nyingkahan huk kiwa Frazier nu ngabahayakeun sarta ningker Frazier nalika di juru, taktik nu kadua éta nu matak ngajéngkélkeun pihak sasana Frazier. Para juri méré kaputusan buleud pikeun kameunangan Ali.
Kameunangan ngalawan Frazier nempatkeun Ali kana babak parebutan gelar ngalawan juara kelas beurat George Foreman di Kinshasa, Zairé, dina tanggal 30 Oktboer 1974 – hiji laga nu katelah ku Palagan di Leuweung. Foreman dianggap minangka patinju nu ngabogaan teunggeulan pangtarikna dina sajarah kelas beurat. Dina itung-itungan patarungan, para analis nunjukkeun yén Joe Frazier jeung Ken Norton nu geus méré Ali opat patarungan beurat sarta masing-masing di antara meunang sakali, duanana dirubuhkeun ku Foreman dina KO di ronde kadua. Ali geus nincak umur 32 taun, sarta nyata-nyata geus leungiteun katanginasan jeung réfléksna di banding keur umur 20-an. Kontras jeung kapribadiaanna kiwari, Foreman harita mangrupa jalma nu sahaok kadua gaplok jeung pikasieuneun. Ampir teu saurang ogé pangamat olahraga, malah najan bobotoh heubeul Ali gé, Howard Cosell, nyarangka yén si manten juara bakal pimeunangeun.
Saperti biasana, Ali pinuh ku kayakinan jeung hegar méméh patarungan. Manéhna nyarita ka juru wawancara David Frost, “Lamun anjeun mikir yén dunia direuwaskeun ku eureunna Nixon, tunggu nepi ka kuring ninggang Foreman nepi ka ngajengkang!”[76] Manéhna nyarita ka préss, “Kuring geus milampah hiji hal nu anyar pikeun laga ieu. Kuring gulat ngalawan buaya, kuring ijén ngalawan lauk paus; nyangcang kilat, manjarakeun guludug; karak minggu kamari kuring maéhan cadas, natuan batu jeung ngirim bata ka rumah sakit; Kuring bener-bener curaling, ku kuring ubar gé dijieun garering.”[77] Ali kacida populérna di Zairé, saur manuk “Ali, bomaye” (“Ali, paéhan si éta”) ka mana waé Ali indit.
Ali muka patarungan, gerak tur nyétak angka ku hiji teunggeulan silang kana sirah Foreman. Satuluyna dina awal ronde kadua, nalika kadeseh ka juru, Ali mundur kana tali ring sarta ngundang Foreman pikeun nenggeulan bari manéhna nyalindung, nangkeup jeung malik neunggeul, bari terus harus moyok Foreman. Gerakanna nu engkéna katelah ku “Rope-a-dope”, nyata-nyata ngalawan kana kabiasaan tinju – ngantepkeun tukang neunggeul pangbedasna narajang sakahayangna – nu ceuk pamikiran panulis tinju George Plimpton mah patarungan éta téh teu eucreug. Foreman beuki dieu beuki ambek, ngirim teunggeulan nu pating solédat sarta teu mareneran. Asup kana patengahan patarungan, Foreman mimiti capé, Ali malik nyerang sacara éféktif sababaraha kali ku teunggeulan, nu nyumangetan para pamiarsa nu pro ka Ali. Dina ronde kadalapan, Ali ngarubuhkeun Foreman nu geus leuleus ku hiji kombinasi di tengah ring; Foreman teu bisa cengkat deui. Di luar sangkaan, sarta di tengah-tengah euyeubna ring, Ali meunangkeun deui titel juara ku cara KO. Ngeungteung kana patarungan éta, George Foreman ka dieunakeun nyarita: “Ari sugan téh Ali ngan saukur kurban KO lianna, nepi ka asup ka ronde katujuh, kuring neunggeul careuhamna sataker kebek sarta manéhna nangkep kuring bari ngaharéwos kana ceuli: ‘Ngan sakitu George?’ Kuring karak nyadar yén hal ieu téh teu sapagodos jeung panyana kuring.”[78]
Hal ieu téh bener-bener kameunangan nu teu disangka-sangka,[79] sanggeus saméméhna Ali teu diunggulkeun ku bandingan 4-1 ngalawan musuhna nu can kungsi kasoran, si peureup bedas, Foreman.[80] Patarungan ieu kawentar minangka mimiti pisan Ali ngenalkeun taktik rope-a-dope.[81] Patarungan ieu rékor ditongton ku pamiarsa télévisi kira-kira sajuta panongoton di sakuliah dunya.[13][14] Pintonan ieu mangrupa siaran télévisi panglobana dilalajoan di dunia dina mangsa harita.[82]
Lawan-lawan Ali satuluyna nyaéta Chuck Wepner, Ron Lyle jeung Joe Bugner. Wepner, hiji jalma ngalalana nu kawentar ku sebutan “Tukang Ngagetihan ti Bayonne”, ngagétkeun Ali nalika ngarubuhkeun manéhna di ronde kasalapan; Ali ka hareupna nyarita yén manéhna titajong kana suku Wepner. Laga ieu nu ngailhaman Sylvester Stallone pikeun nyieun pilemna nu meunangkeun loba pamuji, Rocky.[83]
Ali tuluy nyatujuan pikeun tarung katilu ngalawan Joe Frazier di Manila. Laga nu katelah ku “Thrilla in Manila” ieu lumangsung dina tanggal 1 Oktober 1975,[23] dina suhu hawa ampir 100 °F (38 °C). Dina ronde-ronde awal, Ali agrésif, gudag gidig jeung silih tukeran teunggeulan jeung Frazier. Sanajan kitu, teu lila Ali katempo capé sarta ngaluarkeun jurus “rope-a-dope”, minengna mah ngalakukeun clinch. Dina bagéan laga ieu, Ali mesatkeun sawatara serangan walesan nu éféktif, tapi lolobana mah katinggang ku Frazier nu euweuh kacapé. Dina ronde ka-12, Frazier mimiti leuleus, Ali nibankeun sababaraha teunggeulan tarik nu ngabalukarkeun katutupna panon kénca Frazier sarta tatu soéh saluhureun panon katuhuna. Ku leungiteun tetempoanna Frazier, Ali ngadominasi rondé ka-13 jeung ka-14, nu harita, ceuk sajarawan tinju Mike Silver, nganggap sirah Frazier saolah-olah minangka “sasaran paranti latihan”. Patarungan direureuhkeun nalika palatih Frazier, Eddie Futch, teu ngijinan Frazier pikeun nuluykeun ronde panungtungan, ronde ka-15, sanajan Frazier teu panujueun. Panon Frazier duanana katutup alatan bareuh. Ali, di juru ringna, diputuskeun meunang ku cara TKO, ngajéngjéhe dina korsina, bener-bener lungsé.
Ali nu sarua ripuh cumarita sabada patarungan, “nu karasa ku kuring, bener-bener deukeut kana pipaéheun”, sarta nalika ditanya naha manéhna heunteu nongton ulang patarunganna dina vidio, Ali ngajawab, “Keur naon kuring kudu balik deui sarta lalajo Naraka?” Sabada patarungan, Ali nyebutkeun yén “Frazier téh patarung pangpunjulna sapanjang mangsa, sanggeus diri kuring.”
Ali nu sarua ripuh cumarita sabada patarungan, “nu karasa ku kuring, bener-bener deukeut kana pipaéheun”, sarta nalika ditanya naha manéhna heunteu nongton ulang patarunganna dina vidio, Ali ngajawab, “Keur naon kuring kudu balik deui sarta lalajo Naraka?” Sabada patarungan, Ali nyebutkeun yén “Frazier téh patarung pangpunjulna sapanjang mangsa, sanggeus diri kuring.”[84]
Sanggeus laga di Manila, Ali tanding ngalawan Jean Pierre Coopman, Jimmy Young jeung Richard Dunn, kalayan meunang ngalawan nu disebut panungtung ku KO. Teunggeulan Ali nalika ngarubuhkeun Dunn meunang diajar ti Jawara Taékwondo Jhon Rhee. Rhee nyebut teunggeulan éta minangka “Accupunch”, nu manéhna gé meunang guguru ti Bruce Lee.[85] Patarungan ngalawan Dunn mangrupa patarungan pamungkas dina karirna di mana Ali hasil ngarubuhkeun lawanna.
Dina tanggal 1 Juni 1976, Ali ngalaan kaos jeung jakétna sarta ijén ngalawanan pagulat profésional Gorilla Monsoon dina jero ring sabada tandingna di Féderasi Gulat Sakuliah Dunya dipintonkeun di Aréna Philadelphia. Sabada nyingcetkeun sababaraha teunggeulan Ali, Monsoon ngangkat Ali dina gerakan puteran pasawat sarta ngabantingkeun kana karpét. Ali cingkud leumpang ka juru di mana baturna, Butch Lewis, ngayakinkeun dirina sangkan eunggeusan.[86]
Tanggal 26 Juni 1976 Ali ilibiung dina hiji laga éksébisi di Tokyo ngalawanan tukang gulat profésional jeung ahli béla diri Jepang, Antonio Inoki. Ali ngan bisa nibankeun dua jéb, sedeng tajongan Inoki ngakibatkeun gétih wuwungan di dua témpat sarta inféksi nu ngakibatkeun suku Ali ampir-ampiran kudu diamputasi. Tanding éta teu maké aturan rasmi sarta antukna dinyatakeun séri.[87] Sabada maotna Ali, The New York Times nyebutkeun yén laga éta téh mangrupa laga nu paling teu dipikatineung ku Ali.[88] Réa koméntator tinju nempo laga éta sacara negatif sarta ngarepkeun sangkan pada mopohokeun lantaran dianggap minangka “15 ronde nu teu payus.”[89] Kiwari, laga éta dianggap ku sawatara jalma minangka tarung Ali anu paling boga pangaruh, CBS Sports nyebutkeun yén perhatian kana laga gaya campuran pada narima “minangka ilham pikeun kaluarna standarisasi aturan MMA sababaraha taun ti harita.”[89][90]
Ali ngalawanan Ken Norton pikeun katilukalina dina bulan Séptémber 1976. Laga lumangsung di Stadium Yankee, nu hasilna Ali meunang ku hiji kaputusan nu pada ngadebat sarta meunang pamoyok ti panongton. Sanggeusna, Ali ngumumkeun yén dirina rék reureuh tina tinju pikeun neuleuman kayakinanna, Ali pindah kana Islam Sunni sakaluarna ti Nation of Islam dina taun saméméhna.[91]
Sabada mulang deui pikeun ngéléhkeun Alfredo Evangelista dina bulan Méi 1977, Ali ripuh dina tarung satuluyna ngalawan Earnie Shavers di bulan Séptémber, kahanca sababaraha kali dina sirah. Ali meunangkeun patarungan ku kaputusan teu buleud lianna, tapi laga tadi ngabalukarkeun dokterna ti babaheula, Ferdie Pacheco eureun sanggeus pépélingna sangkan Ali eureun tina tinju teu didaréngé. Pacheco nyaritakeun, “Komisi Atlétik New York nunjukkeun ka kuring laporan yén ginjal Ali geus misalah. Kuring nyuratan Angelo Dundee, palatih Ali, pamajikanna jeung Ali sorangan. Kuring taya nu némbal. Tah ti dinya kuring mutuskeun, anggeus, cukup.”[45]
Dina bulan Pébruari 1978, Ali nyanghareupan Leon Spinks di Hotél Hilton di Las Vegas. Wanci harita, Spinks ngan ngabogaan pangalaman tujuh kali tanding profesional sarta karak anyar drow jeung panglalana Scott LeDoux. Ali méakkeun kurang ti dua losin ronde minangka persiapan pikeun tanding sarta kondisi awakna bener-bener teu nyumponan nalika loncéng bubuka disadakeun. Manéhna kaleungitan gelar ku kaputusan nu misah. Tanding ulang dilumangsungkeun dina bulan Séptémber di Superdome di New Orleans, Louisiana. Tujuh puluh rébu jalma narongton laga ieu sarta mayar total keur tikét sajumlah $6 juta, ngajadikeun patarungan éta pangngahasilkeunna dina mangsa harita.[92] Ali meunang ku kaputusan nu buleud tina hiji patarungan nu teu ramé, ti wasit Lucien Joubert méré nilai 10-4, juri Ernie Cojoe 10-4 jeung juri Herman Preis 11-4. Ku kituna, Ali jadi juara kelas beurat munggaran nu meunangkeun sabukna tilu kali.[93][94]
Sabada kameunanganna ieu, dina tanggal 27 Juli 1979, Ali ngabéwarakeun reureuhna tina tinju. Sanajan kitu, reureuhna téh teu lila, Ali ngabéwarakeun rék balik deui pikeun nyanghareupan Larry Holmes pikeun sabuk WBC dina raraga meunangkeun juara kelas beurat kaopat kalina. Panitén tinju, Richie Giachetti nyarita, “Larry teu hayang tarung ngalawan Ali. Manéhna nyaho yén Ali geus leungiteun pangabisa; hal ieu bakal jadi pikakeueungeun.”
Nya wanci-wanci harita pisan Ali mimiti teu béntés dina ngomong sarta leungeunna ngeleper.[95] Komisi Atlétik Nevada (singk. Inggris NAC) maréntahkeun sangkan Ali ngalakonan heula tés pisik kumplit di Las Vegas méméh ngijinan pikeun tarung deui. Ali malah milih pikeun dicék di Klinik Mayo, nu nyatakeun yén dirina bisa tarung. Opini maranéhna katampa ku NAC dina tanggal 31 Juli 1980, ngajalanan Ali keur mulang deui kana ring.[96]
Patarungan lumangsung dina tanggal 2 Oktober 1980 di Landeuh Las Vegas, sarta Holmes sacara gampang nguntupan Ali nu rada leuleus purah pangobatan tiroid nu dilakonan ku manéhna pikeun ngurangan beurat awakna. Giachetti nyebutkeun patarungan éta téh “sadu...panggoréng-goréngna kagiatan olahraga nu kungsi ditungkulan ku kuring.” Aktor Sylvester Stallone harita aya di sagigireun ring sarta nyarita yén harita téh kawas lalajo jalma nu masih hirup kénéh keur diotopsi.[45] Dina ronde kasabelas, Angelo Dundee maréntahkeun wasit pikeun ngeureunkeun patarungan, sakali-kalina Ali nandangan kasoran kucara dieureunkeun. Tarung ngalawan Holmes disebut-sebut geus ngilu nyumbang kana sindrom Parkinson Ali.[97] Sanajan loba paménta sangkan reureuh, Ali tanding sakali deui dina tanggal 11 Désémber 1981 di Nassau, Bahama, ngalawanan Trevor Berbick, sarta éléh angka dina sapuluh ronde.[98][99][100]
Nepi ka tungtung karir tinjuna, Ali geus nampanan 200.000 teunggeulan.[101]
Anak-anak Muhammad Ali
Jeung Belinda Boyd
Jeung Patricia Harvell
Jeung Wanda Bolton
Jeung Veronica Porché
Jeung Yolanda Williams
Ali kawin opat kali katambah kawin siri dua kali sarta boga tujuh anak awéwé jeung dua anak lalaki. Ali dikenalkeun ka pramusaji cocktail Sonji Roi ku Herbert Muhammad sarta tuluy nanyaan Sonji sabada apél kahiji. Maranéhna rarabi kira-kira sabulan ti harita dina tanggal 14 Agustus 1964.[102] Maranéhna paraséa alatan Sonji nolak pikeun nerapkeun pakéan jeung perilaku islamis sarta tuluy ngamasalahkeun pangajaran Elijah Muhammad. Numutkeun Ali, “Manéhna teu daék milampah naon nu kudu dipilampah. Manéhna maké lipensetip; indit ka bar; maké pakéan nu némbongkeun orat jeung teu matut.”[103] Rumah tanggana teu ngabogaan anak sarta maranéhna cerai dina tanggal 10 Januari 1966. Pas méméh prosés ceréyna réngsé, Ali ngirim Sonji hiji tulisan: “Anjeun geus nukerkeun surga ku naraka.”[104]
Ali ngadahup ka Belinda Boyd dina tanggal 17 Agustus 1967. Lahir ti hiji kulawarga Chicago sarta geus asup kana Nation of Islam, Belinda tuluy ngaganti ngaranna jadi Khalilah Ali, sanajan anggeur ari kulawarga jeung babaturan heubeulna mah masih ngageroan ku ngaran lilana. Maranéhna tuluy ngabogaan opat anak: pangarang jeung rapper Maryum[105] “May May” (lahir 1968), kembar dua Jamillah jeung Rasheda (lahir 1970) jeung Muhammad Ali, Jr. (lahir 1972).
Ali cicing di Cherry Hill, New Jersey, dina awal taun 1970-an.[106] Dina umur 32 taun dina taun 1974, Ali kawin siri ka Wanda Bolton nu umurna 16 taun (satuluyna ganti ngaran jadi Aaisha Ali) sarta jadi bapa tina budak awéwé lianna, Khalia (lahir 1974). Nalika masih kénéh rarabi jeung Belinda, Ali ngadahup ka Aaisha ku cara Islam nu teu meunang pangakuan hukum nu sah (mungguhing hukum Amérika). Numutkeun Khalia, Aaisha katut indungna nyicingan sasana latihan Dano Uncal bareng jeung Belinda katut barudakna.[107] Dina bulan Januari 1985 Aaisha nungtut Ali sacara hukum alatan teu mayar gono gini. Kasusna dibéréskeun ku kasatujuan Ali mayar nepi ka $200.000 waragad wali pikeun Khaliah.[108] Dina taun 2011 Khaliah nyaritakeun yén dirina yakin yén bapana nempo dirina minangka "hiji kasalahan".[107] Ali ogé boga budak awéwé lianna, Miya (lahir taun 1972), tina kawin siri jeung Patricia Harvell.[109]
Dina usum panas taun 1977, rumah tangga nu kaduana lekasan sarta Ali kawin ka Veronica Porché. Jeung Veronica Ali ngabogaan dua budak awéwé, Hana jeung Laila Ali. Dina taun 1986, Ali ceréy jeung Porché.[110]
Dina bulan Nopémber 1986, Ali rarabi ka Yolanda (“Lonie”) Williams. Maranéhna geus sosobatan ti taun 1964 di Lousiville. Babarengan maranéhna ngadopsi saurang budak lalaki, Asaad Amin nalika Asaad keur nincak umur lima taun.[111]
Kiiursti Mensah-Ali cumarita yén manéhna téh anak awéwé biologis Ali jeung Barbara Mensah, nu cenah geus huhubungan 20 taun ka tukang,[112][113][114][115] bari némbongkeun photo sarta ngajalankeun tés katurunan dina taun 1988. Ceuk manéhna, Ali daék tanggung jawab sarta ngarawat dirina, tapi sagala rupa hubungan kapegatkeun nalika Ali kawin ka Lonnie. Kiiursti nyaritakeun yén dirina masih sok hubungan jeung budak-budak Ali nu lianna. Sabada maotna Ali, Kiiursti datang sarta meunang ijin pikeun ngilu béla sungkawa.[116][117][118]
Taun 2010, Osmon Williams maju ka hareup ngaku-ngaku minangka budak biologis Ali.[119] Indungna Temica Williams (ogé katelah ku rebecca Holloway) kungsi ngagugat sacara hukum ka Ali di taun 1981 pikeun alesan serangan séksual, ngaku yén manéhna geus ngamimitian sapatemon jeung Ali ti saprak umur 12 taun kénéh, sarta anakna, Osmon (lahir taun 1977) dibapaan ku Ali.[120] Manéhna tuluy ngaku yén Ali sabenerna geus nyokong kana kahirupan dirina tur budakna sacara finansial, tapi dieureunan sabada opat bulan. Kasusna lumangsung nepi ka taun 1986 sarta antukna digugurkeun alatan tuntutanna kahalang ku pangwatesan waktu.[121] Ari ceuk Veronica mah, Ali ngaku boga hubungan jeung Williams, tapi teu percaya lamun Osmon téh anakna.[122]
Ali tuluy cicing di Scottsdale, Arizona bereng jeung Lonnie.[123] Dina bulan Januari 2007 diwartakeun yén maranéhna rék ngajual imahna di Berrien Springs, Michigan nu dibeuli di taun 1975[124] sarta geus mareuli deui hiji imah di kiduleun Jefferson County, Kentucky saharga $1.875.000.[125] Kadua imah éta dijarualan sabada Ali maot sarta Lonnie cicing di imah sésana di Landeuh Paradise, Arizona. Lonnie pindah kana agama Islam tina agama Katolik dina pangujung umur dua puluhan.[126]
Budak awéwé Ali, Laila, mangrupa saurang tukang tinju profésional ti taun 1999 nepi ka 2007,[127] sanajan saméméhna bapana teu panuju kana tinju awéwé. Di taun 1978, Ali nyarita “Awéwé teu dijieun pikeun kateunggeul dina pinareupna jeung beungeutna siga kitu... awakna teu dijieun pikeun kababuk beulah dieu [bari nunjuk dadana]. Kateunggeul dina pinareup....beurat... éta.[128] Kilangbara kitu, Ali nungkulan sababaraha laga tanding anakna.[129]
Budak awéwé Ali nu lianna, Hana, kawin ka patarung kelas manengah Bellator, Kevin Casey.[130]
Ali nyaritakeun yén manéhna mimiti ngadéngé ngeunaan Nation of Islam (Bangsa Islam) nalika keur tarung di turnamén Asbok Émas di Chicago taun 1959 sarta munggaran ngahadiran pasamoan Nation of Islam di taun 1961. Manéhna tuluy hadir dina unggal pasamoan, sanajan nyumputkeun ilibiungna ti balaréa. Taun 1962, Clay patepung jeung Malcolm X nu tuluy jadi panungtun spiritual jeung pulitikna.[131] Wanci tarung kahiji ngalawan Liston, anggota Nation of Islam, kaasup Malcolm X katempo di rombongan Ali. Hal ieu nungtun kana carita dina The Miami Herald saméméh patarungan pisan, yén Clay geus ngagabung kana Nation of Islam nu ampir-ampiran ngabalukarkeun lagana dibatalkeun. Dina artikelna ngutip kekecapan Cassius Clay Senior yén anakna geus biluk kana Muslim Urang Hideung nalika umur 18 taun.[132]
Kanyataanna, Clay mimitina ditolak pikeun asup ka Nation of Islam (harita remen disebut ogé Muslim Hideung) ku alatan karir tinjuna. Sanajan kitu, sanggeus meunangkeun gelar juara ti Liston di taun 1964, Nation of Islam leuwih tumarima sarta satuju pikeun ngabéwarakeun kaanggotaanna.[133] Teu lila ti harita, dina tanggal 6 Maret, Elijah Muhammad nyieun biantara di radio nu nyatakeun yén Clay bakal diganti ngaranna jadi Muhammad (jalma nu kapuji) Ali (pangluhurna).[134] Wanci-wanci harita, Ali pindah ka béh sisi kidul Chicago sarta pipindahan di sababaraha imah tapi teu kungsi jauh ti Masjid Maryam nu Nation of Islam atawa ti padumukan Elijah Muhammad. Manéhna cicing di Chicago salila kurang leuwih 12 taun.[135]
Ngan sababaraha jurnalis (paling kawentar nyaéta Howard Cosell) narima kana ngaran anyar Ali harita. Ali tuluy ngabéwarakeun: “Cassius Clay mah ngaran budak beulian kuring,” bari nambahkeun "Lain kuring nu milih, lain kuring nu hayang." Ngaranna heubeulna téh mangrupa ngaran saurang bulé tokoh émansipasi nu merjoangkeun hak-hak urang hideng.[136][137]
Teu sieun patojaiah jeung tatanan urang bulé, Ali nyatakeun, “Kuring urang Amérika. Kuring bagéan nu ku aranjeun teu hayang diaku. Najan kitu, biasakeun. Hideung, percaya diri, songong; ngaran kuring, lain ngaran anjeun; agama kuring, lain agama anjeun; tujuan kuring, boga kuring; biasakeun.”[138] Sosobatan Ali jeung Malcolm X lekasan nalika Malcolm pisah ti Bangsa Islam dua minggu sabada Ali ngagabung, sedeng Ali tetap di Bangsa Islam.[139] Ali ka hareupna nyarita yén nonggongan Malcolm téh mangrupa hiji kasalahan nu paling dipikaduhung pisan dina hirupna.[140]
Reureujeungan jeung Bangsa Islam, katut pamingpinna Elijah Muhammad katambah ku hiji guneman nu ngacap urang bulé minangka palaku pangbantéan ka urang Amérika Afrika ngajadikeun Ali bahan panyarékan saréréa. Bangsa Islam sacara umum geus ditempo ku urang bulé jeung urang Amérika Afrika minangka hiji separatis hideung “agama kangéwa” nu boga kacondongan kana kaheurasan. Ali boga kahariwang ngeunaan ngagunakeun pangaruhna pikeun ngedalkeun doktrin Bangsa Islam.[141] Dina hiji konferénsi préss, nekenkeun kana panolakanna kana Perang Viétnam, Ali nyatakeun, “Musuh kuring téh urang bulé, lain Viét Kong atawa urang Cina atawa urang Jepang.”[142]
Tukang nulis Jerry Izenberg kungsi nyatetkeun yén, “Bangsa Islam geus jadi kulawarga Ali sarta Elijah Muhammad jadi bapana. Tapi aya hiji katojaiahan dina kanyataanna nyaéta nalika Bangsa Islam nggangap urang bulé minangka iblis, Ali malah ngabogaan batur urang bulé leuwih réa dibandingkeun karéréaan urang Amérika Afrika di Amérika mangsa harita, sarta tuluy lumangsung sapanjang karirna.[45]
Dina otobiographina taun 2004, Ali ngakukeun yén dirina pindah kana aliran Sunni Islam alatan Warith Deen Muhammad, nu nuluykeun kapamingpinan Bangsa Islam nalika bapana, Elijah Muhammad tilar dunya, sarta ngajak sakabéh pangilu Bangsa Islam pikeun jadi panganut Islam Sunni.[143]
Ali naék haji ka Mekah di taun 1972, dirina kailhaman ku cara nu sarua jeung Malcolm X, patepung jeung jalma-jalma ti rupa-rupa warna nu baréda ti sakuliah dunia geus méré manéhna wawasan nu béda sarta kasadaran spiritual nu leuwih gedé.[144] Di taun 1977 manéhna nyarita yén, sabada dirina reureuh dina tinju, manéhna bakal ngabdikeun sésa hirupna pikeun “persiapan nyanghareupan Gusti” ku cara nulungan nu lian, nyieun amal, ngahijikeun jalma-jalma sarta ngabantu kana perdaméyan.[145] Manéhna naék haji deui dina taun 1988.[146]
Sabada serangan 11 Séptémber taun 2001, Ali nyatakeun yén “Islam téh agama daméy” sarta “heunteu nitah kana térorisme atawa maéhan jelema”, katut ogé “ambek yén dunia nempo sakelompok panganut Islam nu ngakibatkeun kana kaancuran ieu, tapi maranéhna téh lain muslim saéstuna. Maranéh téh rasis fanatik nu ngaku-ngaku muslim.” Dina bulan Désémber 2015, manéhna nyatakeun yén “Muslim sajati apal yén kaheurasan nu biadab ti nu ngaraku jihadis Islam patojaiah jeung naon nu jadi dasar utama agama urang”, sarta “Urang salaku umat Islam kudu ngalawan ka sing saha waé nu ngagunakeun agama Islam pikeun kapentinganna pribadi,” sarta “pamingpin pulitik kudu ngagunakeun posisina pikeun mawa kana pamahaman ngeunaan agama Islam sarta ngajelaskeun yén para pamateni nu salah tungtunan ieu geus méngkolkeun pandangan jalma tina agama Islam nu sabenerna.”[147]
Dina kahirupan satuluyna, Ali kataji ku aliran Sufi, nu ditémbongkeun dina otobiographina, Jiwa Kukupu. Taun 2005-an, Ali asup kana aliran Islam Sufi.[148][149][150][151] Numutkeun budak Ali, Hana Yasmeen Ali, nu ngilu ngarang Jiwa Kupu-Kupu jeung dirina, Ali kataji kana Sufi sabada maca buku Inayat Khan nu eusina ajaran Sufi.[152][153]
Ali tuluy pindah tina ajaran Sufi Alamin Inayat Khan sabada sawatara ahli Sunni-Sufi tradisional ngeritik pagerakanna minangka patojaiah jeung ajaran sabenerna tina Islam Sunni. Muhammad Ali meunang tungtunan ti ahli-ahli Islam Sunni saperti Mufti Agung Syria almarhum Asy-Syéh Ahmad Kuftaro, Hisham Kabbani, Imam Zaid Shakir, Hamzah Yusuf jeung Timothy J. Gianotti nu aya sagédéngeun Ali nalika poé panungtunganna sarta mastikeun yén pamakaman Ali dumasar kana tata cara jeung ritual Islam.[154][155]
Taun 1976, panemu Alan Amron jeung pangusaha Joel Sacher mimitraan jeung Ali pikeun ngapromosikeun Komite Internasional pikeun Réuni the Beatles.[156] Maranéhna ménta sakabéh pamuja Beatles di sakuliah dunia pikeun nyumbang sadolar saurangna. Ceuk Ali, ideuna téh lain keur nyiar kauntungan, tapi keur ngadegkeun badan internasional pikeun barudak miskin. “Duit ieu keur nulungan jalma-jalma di sakuliah dunya”, cenah. Manéhna nambahkeun, “Kuring mikaresep kana wirahma. Kuring baheula sok diajar musik maranéhna.” Ali nyaritakeun réuni the Beatles “bakal ngabagjakeun réa jelema.”[157] Para manten the Beatles teu kabita kana rencana éta, nembongkeun jawaban nu teu pati sumanget ka balaréa.[158] Réuni éta teu kungsi kajadian.
Musuh kaula nyaéta urang bule, lain Viét Kong atawa urang Cina atawa urang Jepang. Manéh lawan kuring nalika kuring hayang bébas. Manéh lawan kuring nalika kuring hayang kaadilan. Manéh lawan kuring nalika kuring hayang kasataraan. Manéh malah moal ngabélaan kuring di Amérika alatan agama kuring – ayeuna anjeun hayang sangkan kuring miang ka mana sarta ngilu perang, tapi anjeun moal ngabélaan kuring di dieu, di imah?
– Ceramah Muhammad Ali nalika di pangbuangan ka sakumpulan mahasiswa kampus.[159]
Ali kadaptarkeun dina kadinesan militer AS dina tepung taun ka-18-na sarta kaasupkeun dina kelas 1-A di taun 1962.[160] Di taun 1964, manéhna diklasifikasi ulang minangka kelas 1-Y (cocog pikeun ngabdi ngan wungkul dina kaayaan darurat nasional) sabada gagal dina tés kualifikasi Angkatan Darat AS lantaran kamampuan maca jeung nulisna sahandapeun standar,[161] alatan disléksia téa.[36] (Manéhna kungsi nyarita, “Kuring pangpunjulna, lain pangpinterna!”).[160][162] Dina awal taun 1966, angkatan perang nurunkeun standarna sarta Ali kaasupkeun deui kana kelas 1-A.[23][160][162] Klasifikasi ieu ngandung harti yén Ali harita bisa kapilih sarta kadaptarkeun kana Angkatan Perang AS wanci AS keur ngilu aub dina Perang Viétnam, hiji perang nu ngajadikeun dirina patelak jeung tatanan urang-urang bulé.[4]
Nalika nyaho kana statusna ieu, Ali ngedalkeun yén dirina bakal nolak ngabdi dina katentaraan sarta ka balaréa terang-terangan ngakukeun dirina jalma nu sacara sadar ngarasa beurat.[23] Ali nyatakeun: “Perang téh patojaiah jeung ajaran Qur’an. Kuring lain nyoba pikeun nyingkahan pangdaptaran. Urang teu sakuduna ngilu aub dina perang naon waé lintang nu diparéntahkeun ku Alloh atawa Nabi. Urang teu ngilu ilibiung dina perang urang Karisten atawa perang naon waé ti jalma-jalma nu teu airman.”[163] Manéhna nyatakeun ogé: “Kuring teu boga masalah jeung urang Viét Kong.” Ali ogé ngajéntrékeun: “Naha maranéhna ménta kuring sangkan maké saragam sarta miang sapuluh rébu mil jauhna pikeun muragkeun bom jeung pélor ka urang-urang Viétnam nu caroklat bari jeung naon nu disarebut négro ku maranéhna di Louisville diperlakukeun alabatan anjing sarta nolak kana hak-hak asasi manusa nu céték?”[164] Ali ngalawan kana tatanan urang-urang bulé di taun 1966 ku cara nolak didaptarkeun kana militer AS ku alesan agama jeung kateupanujuanna kana ilibiungna AS dina Perang Viétnam.[3][4]
Dina tanggal 28 April 1967, Ali katempo di Houston ngahadiran jadwal pangdaptaranna ka Angkatan Perang AS, tapi nolak maju nalika dicalukan nepi ka tilu kalina. Saurang perwira ngingetan Ali yén manéhna geus ngalakukeun tindakan ngalanggar sarta bisa dihukum panjara nepi ka lima taunna tur denda $10.000. Sakali deui Ali teu nyumponan panggero sarta tuluy ditahan. Satuluyna poé harita kénéh Komisi Atlétik Nagara Bagéan New York nahan ijin tinjuna jeung nyabut gelarna. Komisi tinju lianna tuluy narurutan. Ali teu bisa meunangkeun ijin pikeun tinju di unggal nagara bagéan nepi ka tilu taunna.[165]
Dina sidang pangadilan tanggal 20 Juni 1967, sabada ngan 21 menit sawala, juri nyatakeun Ali salah geus ngalakukeun tindakan kriminal naglanggar hukum Seleksi Pangabdian ku cara nolak asup wamil. Sabada naék banding kana kaputusan éta, kasusna ditempo ulang deui ku Pangadilan Tinggi AS di taun 1971.[166]
Ali bébas kénéh salila tilu taun mangsa putusan banding jeung sidang pangadilan tinggi. Ku obahna opini publik ngalawan kana perang sarta lumangsungna Pagerakan Hak Sipil pikeun ngumpulkeun dukungan, Ali jadi tukang biantara nu kawentar di kampus-kampus jeung universitas-universitas di sakuliah negeri; hal nu kaitung langka lamun saméméhna dirina lain tukang tinju profésional mah. Di Universitas Howard contona, Ali nepikeun pidatona nu kasohor, “Urang Hideung Pangpunjulna” di hareupeun 4.000 mahasiswa jeung kaum inteléktual, sabada manéhna diundang ku Prof. Nathan Hare mungguhing Komite Kakuatan Urang Hideung, hiji kelompok mahasiswa pamoha.[167]
Dina tanggal 28 Juni 1971, Pangadilan Tinggi Amérika Sarikat dina kasus Clay lawan Amérika Sarikat ngabatalkeun dakwaan ka Ali ku putusan buleud 8-0 (Hakim Thurgood Marshall mundurkeun manéh alatan manéhna jadi jaksa panungtut wanci Ali didakwa).[168] Putusanna lain teu boga dasar, kaunggulan klaim Ali datang ku soranganna; malah, ti awal sidang, Pangadilan teu boga alesan pikeun nolak tuntutan dispénsasi kabeuratan sacara sadar Ali sarta nyimpulkeun yén putusan banding Ali bisa diandelkeun, ku kituna dakwaan ka Ali kudu dibatalkeun.[169]
Tuladan Ali ngailhaman mangpirang-pirang urang Amérika hideung tur nu séjénna. Kolumnis the New York Times, William Rhoden nulis, “Kalakuan Ali geus ngarobah kana standar kuring ngeunaan naon nu ngawangun kaagungan saurang atlét. Ngabogaan luncatan maut jeung kamampuan pikeun eureun ngadadak geus teu cukup deui. Naon nu ku anjeun dipilampah pikeun ngabébaskeun bangsa anjeun? Naon nu ku anjeun dipilampah pikeun ngabantu nagara anjeun pikeun nanjeurkeun komitmen prinsip-prinsip ti para pangadeg nagri?”[6]
Nginget-nginget kana pusisi anti perang Ali, Kareem Abdul Jabbar nyarita: “Kuring inget guru-guru di sakola luhur teu mikaresep ka Ali lantaran manéhna sakitu anti kamapanan sarta mangrupa jalma nu teu mikahormat jeung teu paduli ka pihak nu nyepeng kawenangan. Faktana, manéhna téh saurang jalma hideung sarta ngabogaan bakat nu sakitu réana… ngakibatkeun sababaraha jalma mikir yén manéhna téh jalma nu ngabahayakeun. Tapi ku alesan éta kuring jadi mikaresep dirina.”[170]
Tokoh-tokoh hak-hak sipil yakin yén Ali geus méré tanaga pikeun pagerakan kabébasan sacara kasaluruhan. Al Sharpton nyaritakeun wawanén Ali dina wanci masih kénéh gedé dukungan kana Perang Viétnam. “Pikeun juara dunia kelas beurat, nu geus meunangkeun tingkat selebritas olahraga pangluhurna, narohkeun sagalana–duit, pangaruh– keur dikorbankeun pikeun hiji alesan, nu geus méré legitimasi nu saéstuna pikeun pagerakan...Manéhna apal yén bakal dibui, tapi anggeur kénéh milampah hal éta. Nu kitu téh mangrupa tingkatan nu lianna tina kapamingpinan jeung pangorbanan.[171]
Ali dileler ku Panghargaan Martin Luther King taunan dina taun 1970 ku pamingpin hak-hak sipil, Ralph Abernathy, nu nyebut dirina “saurang toladan hirup tina kakuatan jiwa, Parade Washington (ed. wangun protés taun 1963) dina wangun dua peureup.” Coretta Scott King nambahkeun yén Ali téh minangka “hiji juara dina kaadilan, kadaméyan jeung kasahijian.”[172]
Nyaritakeun karugian Ali ku nolakna asup wajib militer, palatih Angelo Dundee nyarita, “Hiji hal nu jadi pangbeuratna nyaéta: Taun-taun punjulna geus dirampog, taun-taun kajayaanna.”[173]
Bob Arum harita teu ngadukung Ali. Kadieunakeun, Arum nyatakeun yén “nalika kuring nempo ka tukang dina kahirupanna, kuring ngarasa reueus bisa ngakukeun sobat sarta babarengan dina waktu nu réa, beurat pikeun kuring mun kudu nyaritakeun kadigjayaan tinjuna sabab jalma-jalma harita ngalemahkeun pangaruh dirina pikeun dunia,” sarta “Manéhna geus milampah naon nu dianggap bener ku manéhna. Kanyataanna manéhna mémang bener sarta kuring nu salah.”[174]
Panolakan Ali kana wamil dicaritakeun deui dina pilem dokuménter taun 2013, Pangadilan Muhammad Ali.[175]
Dina hiji operasi rahasiah nu disebut “Minaret”, the National Security Agency (NSA) / Agénsi Kaamanan Nasional, nyadap guneman urang-urang Amérika nu aronjoy, kaasup Ali, Sénator Frank Church jeung Howard Baker, Dr. Martin Luther King Jr., jurnalis AS nu kaceluk, sarta jalma-jalma séjénna nu maido kana perang AS di Viétnam.[176][177] Hiji panyawangan ulang ku NSA ngeunaan program Minaret nyimpulkeun saéstuna hal éta téh mangrupa “goréng lampah lamun teu bisa disebut ngalanggar hukum mah.”[177]
Dina taun 1971, Tarung Abad Ieu-na ngalawan Frazier geus méré bahan pikeun sakumpulan aktipis, Komisi Warga pikeun Maluruh FBI, keur ngabolékérkeun palanggaran di kantor FBI di Pennsylvania, ku medarkeun operasi COINTELPRO nu kaasup di jerona lampah paniténan illegal ka para aktipis nu kabaud dina pagerakan hak-hak rahayat jeung anti perang. Salah saurang target COINTELPRO nyaéta Ali, nu mana FBI meunangkeun aksés kana catetan kahirupanna ti saprak di SD kénéh; salah sahiji catetanna nyebutkeun yén Ali mikacinta seni wanci keur leutikna.[178]
Ali nyieun peran kaméo dina pilem taun 1962, Requiem for a Heavyweight, ogé wanci pangbuanganna tina tinju, manéhna jadi béntang dina pilem musikal pondok Broadway taun 1969, Buck White. Manéhna ogé minton dina pilem dokuménter Black Rodeo (1972) nunggang boh kuda boh banténg.
Otobiographina, The Greatest: My Own Story (Pangpunjulna: Dongéng Sorangan), ditulis ku Richard Durham, medal di taun 1975.[179] Dina taun 1977, buku éta dijieun pilemna make judul The Greatest, di mana Ali maén minangka dirina sarta Ernest Borgnine merankeun Angelo Dundee.
Pilem Freedom Road, nu dijieun taun 1978, mintonkeun Ali dina peran langka minangka Gideon Jackson, manten budak beulian jeung soldadu Sarikat (Perang Sodara Amérika) di taun 1870-an di Virginia, nu kapilih jadi Sénat AS sarta patelak jeung manten budak beulian lianna nu jadi patani maro bareng jeung urang bulé, pikeun mertahankeun lemahna nu geus ditempatan salila hirupna.
Ali remen cumarita ngawirahma jeung puitis, boh keur sakacampleng nalika tinju atawa keur puisi pulitik di saluareun tinju. Manéhna maénkeun hiji peran dina ngawangun tradisi puisi urang hideung, mangnarataskeun jalan keur The Last Poets di taun 1968, Gil Scott-Heron di 1970 sarta medalna musik rap di taun 70-an.[180] Numutkeun The Guardian, “sababaraha jalma boga pamadegan yén Ali téh minangka rapper munggaran.”[181]
Taun 1963, Ali medalkeun albeum wirahma kecap carita ti Rékaman Columbia nu judulna, I Am the Greatest sarta di taun 1964 Ali ngarékam vérsi cover tina kawih rhytm and blues “Stand by Me.”[182][183] I Am the Greatest kajual 500.000 kopi sarta geus dianggap minangka conto awal tina musik rap jeung panglulugu tina hip hop.[184][185] Hasil ngahontal paringkat ka-61 dina tangga lagu sarta dinominasikeun pikeun Grammy Award. Ali tuluy meunangkeun deui nominasi Grammy nu kadua kalina pikeun “Rékaman Lagu Budak Pangpunjulna”, ku rékaman cacaritaan nu pikaresepeun taun 1976, The Adventure of Ali and His Gang vs. Mr. Tooh Decay.[20]
Ali mangrupa tokoh dina dunia musik hip hop. Minangka “jalma nu murwakanti”, manéhna kaceluk ku “ngalagena”, “songong”, “kecap-kecap runtah komikal”[19] jeung “teu reureuh ngaluarkeun kekecapan nu bisa dikutip.” Numutkeun majalah Rolling Stones, “kamampuan sakarepna” sarta “wirahma, alur jeung gedé omong” bakal “dina hiji mangsa jadi tipikal MC sakola heubeul” contona Run-D.M.C. jeng LL Cool J. sarta “égona nu kaleuleuwihi ngalangkang di Kanye West, sedeng kasadaran Afroséntrisna jeung katerusteranganna nunjuk kana panyanyi-panyanyi puitis modern saperti Rakim, Nas, Jay-Z jeung Kendrick Lamar.”[20] “Kuring gulat jeung buaya, kuring ocon jeung lauk paus, kuring ngaborgol kilat jeung manjarakeun guludug. Manéh nyaho kuring téh jahat. Karak minggu Kamari kuring maéhan karang, natuan batu, ngirim bata ka rumah sakit. Kuring sakitu curalingna, nepi ka obat gé dijieun garering.”[186] “Ngalayang siga kukupu, nyeureud alabatan nyiruan. Leungeunna bisa neunggeul naon nu ku panonna teu katempo. Kadang kuring katempo, kadang hanteu. George nyangka manéhna bakal mampuh, tapi kuring nyaho yén manéhna moal.”[187] Ali nyarita kawas nu can pernah diomongkeun ku nu séjén saméméhna. Sakitu pinuh ku kayakinan dina naon anu ku dirina disebut: lancar, lemes, kréatif jeung nyingsieunan. Manéhna tukang tinju sarta saurang aktifis, tapi ogé boga peran dina mangaruhan naon nu kiwari disebut minangka budaya lokal, hip-hop. Di taun 2006, pilem dokuménter Ali Rap dipedalkeun ku ESPN. Chuck D, saurang rapper pikeun band Public Enemy minangka pamawa acarana.[188] Rapper lianna nu biantara dina pilem dokuménter éta kaasup Doug E Fresh, Ludacris jeung Rakim nu kabéhanna ngaatasnamakeun Ali.
Ali kasebut-sebut minangka inspirasi ku para rapper saperti LL Cool J,[19] Chuck D ti Public Enemy,[189] Jay-Z, Eminem, Sean Combs, Slick Rick, Nas jeung MC Lyte. Ali karujuk dina sajumlah lagu hip hop, kaasup di antarana, lagu Migos “Fight Night”, The Game “Jesus Pierce”, Nas “The Message”, The Sugarhill Gang “Rapper’s Delight”, theFugees “Ready or Not”, EPMD “You’re a Customer” jeung Will Smith “Getting Jiggy with It”.[190]
Patarungan Muhammad Ali kaasup kana sawatara siaran télévisi nu panglobana dilalajoanan di dunia, nyatetkeun rékor pamiarsa tivi panglobana. Patarunganna nu pangréana ditongton nyatetkeun kira-kira 1-2 juta pamiarsa di sakuliah dunya antara taun 1974 jeung 1980 sarta mangrupa siaran télévisi pangréana ditongton mangsa harita.[82] Di saluareun tinju, Ali nyieun ogé réa pintonan lianna. Tabel di handap ieu ngabéréndélkeun gambaran pamiarsa tina pintonan di saluareun tinju.
Tanggal | Siaran | Wilayah | Panongton | Sumber |
---|---|---|---|---|
17 Oktober 1971 | Parkinson (seri1, episode 14) | Karajaan Inggris | 12.000.000 | [191] |
25 Januari 1974 | Parkinson (seri 3, episode 18) | Karajaan Inggris | 12.000.000 | |
7 Désémber 1974 | Parkinson | Karajaan Inggris | 12.000.000 | |
28 Maret 1977 | Academy Awards ka-49 | Amérika Sarikat | 39.719.000 | [192] |
25 Désémber 1978 | This Is Your Life ("Muhammad Ali") | Amérika Sarikat | 60.000.000 | [193] |
24 Okrovwe 1979 | Diff'rent Strokes ("Arnold's Hero") | Amérika Sarikat | 41.000.000 | [194] |
17 Januari 1981 | Parkinson (seri 10, episode 32) | Karajaan Inggris | 12,000,000 | |
9 Juli 1996 | Atlanta 1996 Summer Olympics opening ceremony | Sakuliah dunya | 3.500.000.000 | [195] |
Amérika Sarikat | 209.000.000 | [196] | ||
4 Januari 2007 | Michael Parkinson's Greatest Entertainers | Karajaan Inggris | 3.630.000 | [197] |
9 Juni 2016 | Upacara paturay tineung Muhammad Ali | Sakuliah dunya | 1.000.000.000 | [198] |
Total PAnongton | Sakuliah dunya | 4.692.349.000 |
Di taun 1984, Ali didiagnosis kakeunaan ku sindrom Parkinson, hiji panyakit nu kadang-kadang dihasilkeun tina trauma dina sirah alatan kaheurasan aktifitas pisik saperti tinju.[21][199][200] Harita Ali masih bisa kénéh aktif, masih bisa jadi wasit tamu dina WrestleMania I.[201][202] Ali kawéntar minangka saurang humanitarian[203] jeung dermawan.[204][205] Manéhna suhud kana ngajalankeun tugas agama Islamna ku sodakoh jeung amal hadé, nyumbangkan jutaan ka organisasi amal jeung jalma-jalma nu teu mampu ti unggal kasang tukang agama. Diperkirakeun Ali geus nulungan leuwih ti 22 juta jalma nu kalaparan di sakuliah dunya.[206]
Ali datang ka Afrika dimimitian di taun 1964, nalika manéhna nganjang ka Ghana.[207] Taun 1974, Ali ngadatangan kémp pangungsi Palestina di Libanon Kidul, di mana Ali nyatakeun “ngadukung kana perjuangan Palestina pikeun ngabébaskeun lemah caina.”[208] Taun 1978, sabada éléh ku Spinks jeung saméméh males meunang dina tanding ulang, Ali ngadatangan Bangladesh jeung narima kawarganagaraan kahormatan di dinya.[209] Dina taun nu sarua, Ali ilibiung dina Leumpang Pangjauhna (The Longest Walk), hiji pawéy protés di Amérika Sarikat dina raraga ngadukung kana hak-hak urang pribumi Amérika, babarengan jeung panyanyi Stevie Wonder sarta aktor Marlon Brando.[210]
Taun 1980, Ali direkrut ku Présidén Jimmy Carter kana hiji misi diplomatik ka Afrika dina raraga ngolo sajumlah pamaréntahan Afrika pikeun biluk kana ngaboykot Olimpiade Moskow nu dipingpin ku AS (minangka wawales kana serangan Soviét ka Afghanistan). Numutkeun nu nulis biographi Ali, Thomas Hauser, “dina alusna, éta téh konsép nu salah; dina goréngna, hiji bencana diplomatik.” Pamaréntahan Tanzania ngarasa kahina ku ketak Charter nu geus ngirimkeun saurang atlét pikeun hiji masalah pulitik nu seurieus. Salah saurang pajabatna nyindiran naha bakal pamaréntah AS ngirimkeun Chris Evert pikeun badami jeung London. Pamustunganna, Ali ngan ditarima ku menteri pamuda jeung budaya tibatan ku Présidén Julius Nyerere. Ali teu bisa ngajelaskeun naha nagara-nagara Afrika kudu ngiluan kana boykot AS padahal AS teu ngilu ngarojong kana boykot Afrika dina Olimpiade taun 1976 (dina raraga protés kana pulitik Apartheid di Afirka Kidul), ogé Ali teu nyadar yén Uni Soviét geus ngarojong kana pagerakan révolusi populer di Afrika. Ali nyerah, “Maranéhna teu ngabéjaan kuring ngeunaan hal éta di Amérika”, sarta kuciwa alatan Charter geus ngirimkeun dirina “ka sabudeureun dunya bari mawa dominasi kawijakan AS.”[211][212] Pamaréntah Nigeria ogé nolak dirina sarta mastikeun yén nagara éta bakal ngiluan dina laga di Moskow. Ali, najan kitu, hasil ngayakinkeun pamaréntahan Kénya pikeun ngilu ngaboykot Olimpiade.[213]
Dina tanggal 19 Januari 1981, di Los Angeles, Ali ngupah ngapéh saurang jalma nu rék maéhan manéh ku cara luncat ti lantéy salapan hiji wangunan, kajadian éta jadi warta nasional.[214][215]
Taun 1984, Ali ngabéwarakeun dukunganna pikeun kapilih deuina Présidén AS Ronald Reagan. Nalika ditanya ngeunaan pangrojongna ka Reagan, Ali nyarita ka wartawan, “Manéhna ngajaga sangkan Gusti tetep aya di sakola, sakitu gé cukup.”[216] Taun 1985, Ali nganjang ka Israél rék ménta dibébaskeunna tahanan Muslim di kémp panahanan Atlit, nu ku Israél teu ditedunan.[217]
Taun 1987, Yayasan Dua Abad California pikeun Konstitusi AS milih Ali keur jadi tuladan pikeun pentingna Konstitusi AS jeung Piagem Hak Asasi. Taun hareupna Ali ngilu nunggang dina Pasanggiri Parade Eros, medalkeun pangéling-ngéling 200 taun Konstitusi AS.[218] Taun 1998, wanci gerakan Intifadah Kahiji, Ali ngilu dina hiji pawéy di Chicago dina raraga ngadukung Palestina.[208] Dina taun éta kénéh Ali miang ka Sudan pikeun ningkatkeun kapadulian ngeunaan kateugenahan korban-korban nu kalaparan.[219] Taun 1989, Ali ngiluan dina kagiatan amal India baréng jeung Masarakat Pangatikan Muslim di Kozhikode, Kerala, baréng jeung aktor Bollywood, Dilip Kumar.[146]
Taun 1990, Ali miang ka Irak saméméh kajadian Perang Teluk sarta nepungan Saddam Hussein dina usahana pikeun nanawar kana pangbébasan sandera AS. Ali hasil ngabébaskeun para sandera ku cara ngajanjian Hussein yén manéhna bakal mawa Amérika kana “lampah nu jujur” ka Irak. Sanajan hasil ngabébaskeun sandera, Ali meunang kritik ti Présidén George H. W. Bush, diplomat Joseph C. Wilson jeung The New York Times.[220][221][222] Ali medalkeun hiji sajarah oral, Muhammad Ali: His Life and Times ku Thomas Hauser di taun 1991.
Taun 1994, Ali ngajujurung pamaréntah AS sangkan ngabantuan ka para pangungsi nu dialatankeun ku pangbantéyan Rwanda, sarta nyumbang ka organisasi-organisasi nu nulungan para pangungsi Rwanda. Dina taun 1996, Ali meunang kahormatan pikeun nyeungeut obor Olimpiade 1996 di Atlanta, Georgia. Harita ditongton ku kira-kira 3,6 miliar panongton di sakuliah dunya.[195]
Dina tangal 17 Nopémber 2002, Ali miang ka Afghanistan minangka “Kurir Perdaméyan PBB.”[223] Manéhna cicing di Kabul pikeun hiji misi niat hadé salila tilu poé minangka tamu husus PBB.[224]
Tanggal 1 Séptémber 2009, Ali nganjang ka Ennis, Conty Clare, Irlandia, asal muasal buyutna, Abe Grady, nu migrasi ka AS di taun 1860 nu antukna netep tumetep di Kentucky.[225]
Tanggal 27 Juli 2012, Ali jadi pamawa kahormatan bandera Olimpiade nalika upacara bubuka Olimpiade Usum Panas 2012 di London. Ali dibantuan ku pamajikanna, Lonnie, sangkan bisa cengkat sahareupeun bandera, ku alatan Parkinsonna, Ali teu bisa mawa bandera ka stadion.[226] Dina taun éta kénéh Ali dilleler ku Medali Kabébasan Philadelphia minangka pangakuan usaha kaaktifanna, kadermawananna jeung kamanusaanna nu geus sakitu lilana.[218][203] Taun 2014 Ali nyieun tweet-an nu ngadukung Trayvon Martin jeung pagerakan Kahirupan Urang Hideung Miboga Harti.[227]
Dina taun 1978, total panghasilan Ali diperkirakeun ampir $60 jutana[228] (mun diakurkeun jeung inflasi sarua jeung $312 juta), kaasup kira-kira $47,45 juta panghasilan kasar antara taun 1970 nepi ka 1978.[229] Dina taun 1980, total panghasilan tina tandingna kira-kira nepi ka $70 juta[230] (diakurkeun jeung inflasi sarua jeung $332 juta).
Taun 1978, Ali balaka yén manéhna “bangkrut” sarta sababaraha sumber warta ngabéjakeun yén babandaanna ngan tinggal $3,5 juta (diakurkeun jeung inflasi $13 juta). Dunia préss neumbleuhkeun pangorotan hartana kana sababaraha faktor, kaasup itungan pajak nu saheunteuna satengah tina panghasilanna, manajemen méakkeun sapertilu tina panghasilanna,[229] gaya hirup sarta pangaluaran kulawarga, amal jeung kapentingan-kapentingan agama.[230]
Taun 2006, Ali ngajual ngaran jeung gambar dirina pikeun $50 juta,[231] nu sabada ku Forbes ditaksir bandana aya kana $55 juta di taun 2006.[232] Sabada maotna di taun 2016, kakayaan Ali diperkirakeun antara $50 juta nepi ka $80 juta.[233]
Alatan Parkinson, kaséhatan Ali tuluy-tuluyan ngorotan, najan kitu Ali masih kénéh aktif dina awal-awal taun milenium, ngapromosikeun pilem biographina, Ali, di taun 2001. Taun éta ogé Ali nyumbangkeun hiji ségmén kaméra pikeun konsér amal America: A Tribute to Heroes.[234]
Taun 1998, Ali mimiti gawé bareng jeung aktor Michael J. Fox, nu sarua ngabogaan panyakit Parkinson, keur ningkatkeun kasadaran sarta nyiar dana pikeun ubarna. Maranéhna hadir babarengan di saharapeun Kongrés pikeun neken kasusna di taun 2002. Taun 2000, Ali réréongan jeung Yayasan Michael J. Fox keur Panyakit Parkinson dina raraga ningkatkeun kasadaran jeung ngarojong sumbangan pikeun panalitian.[235]
Dina bulan Pébruari 2013, dulur Ali, Rahman Ali, nyarita yén Muhammad geus teu bisa deui cumarita sarta kamungkinan bakal maot dina sababaraha poé deui.[236] Budak awéwé Ali, May May nimbal kana rumor éta, nyatakeun yén manéhna geus ngobrol jeung Ali liwat telepon dina tanggal 3 Pébruari isuk-isuk sarta Ali teu kua kieu.[237] Dina tanggal 20 Désémber 2014, Ali di ka rumah sakitkeun alatan pneumonia hampang.[238] Ali asup deui ka rumah sakit dina tanggal 15 Januari 2015 alatan inféksi saluran uriner sabada kapanggih ngabigeu di hiji imah pangistirahatan di Scottsdale, Arizona.[239] Ali kaluar ti rumah sakit dina poé isukna.[240]
Ali dikarumahsakitkeun deui di Scottsdale, Arizona dina tanggal 2 Juni 2016, ku alatan panyakit pernapasan. Najan kondisina mimitina mah dianggap “lumayan”, kanyataanna kalah leuwih parah sarta dirina tilar dunya dina poé isukna dina umur 74 taun ku alatan septic shock.[241][242][243][244]
Sabada maotna, Ali jadi topik pangraména nomer hiji dina Twitter salila 12 jam sarta dina Facebook pikeun sababaraha poé. BET mintonkeun dokuménterna Muhammad Ali: Buatan Miami. ESPN mintonkeun acara bébas iklan nu ngabahas Ali. Jaringan warta saperti ABC News, BBC, CNN jeung Fox News ogé midangkeun dirina sacara réa.
Ali dipikasedih sacara global, juru wicara kulawarga nyaritakeun yén kulawargana “yakin yén Muhammad téh warga dunia ... sarta maranéhna nyadar yén dunia sarua ngilu sedih.” Pulitisi saperti Barack Obama, Hillary Clinton, Bill Clinton, Donald Trump, David Cameron jeung réa-réa deui mére panghormatan keur Ali. Ali ogé nampa sajumlah panghormatan ti para olahragawan dunia kaasup Michael Jordan, Tiger Woods, Floyd Mayweather, Mike Tyson, the Miami Marlins, LeBron James, Steph Curry jeung réa-réa deui. Walikota Lousiville, Greg Fischer nyatakeun, “Muhammad Ali mémang milik dunia. Tapi manéhna ngan ngabogaan hiji kota asal.”[245]
Dina poéan maotna Ali, UFC méré panghargaan pikeun Ali dina kagiatan UFC 199 ku mangrupa hiji pakét vidéo panjang, muji Ali pikeun jasa-jasana sarta inspirasina ka sababaraha juara UFC.[246]
Vidéo Éksternal
"Muhammad Ali Memorial Service", C-SPAN
Pamakaman Ali geus direncanakeun ku dirina sarta nu lianna ti sababaraha taun méméh kajadianna.[247] Pamulasaraan dimimitian di Lousiville dina tanggal 9 Juni 2016 ku solat janazah di Freedom Hall di ruang handap Puseur Pameran Kentucky. Dina tanggal 10 Juni 2016, prosési pamakamanna ngaliwatan jalan-jalan di Louisville semet ka réngsé di Pamakaman Cave Hill di mana janazahna direureuhkeun heula nalika upacara pribadi. Tetenggerna dicirian ku pananda granit nu basajan nu ngan maké tulisan ngaranna wungkul. Hiji acara pangéling-ngéling umum dilumangsungkeun di Gedong KFC Yum! Louisville dina wanci pasosoré tanggal 10 Juni.[248][249][250] Nu ngangkat petina kaasup Will Smith, Lennox Lewis jeung Mike Tyson, sarta pangangkat kahormatan di antarana George Chuvalo, Larry Holmes jeung George Foreman[251].Upacara pangéling-ngéling Ali ditongton ku kira-kira samilyar pamiarsa di sakuliah dunya.[198]
Muhammad Ali geus ngéléhkeun sakabéh jago kelas beurat dina mangsana, nu disebut-sebut minangka mangsa kaemasan di dunia tinju kelas beurat. Ali dileler ku sebutan “Patarung Taun Ieu” ku majalah The Ring leuwih mineung batan patarung séjénna sarta leuwih loba kabaud dina “Patarungan Taun Ieu” Ring batan nu séjénna. Ali kaasupkeun dina Balé Kahormatan Tinju Internasional sarta ogé dina tujuh Balé Kahormatan lianna. Ali minangka salah sahiji tina ngan tilu-tiluna tukang tinju nu katelah ku “Olahragawan Taun Ieu” ku Sports Illustrated.
Taun 1978, tilu taun méméh reureuhna, Anggota Déwan Lousiville di kota asalna, Louisville, Kentucky, milih 6-5 pikeun ngaganti ngaran Jalan Walnut ku Muhammad Ali Boulevard. Hal ieu, harita dianggap kontrovérsial, dina jero 12 minggu tujuh tanda ngaran jalan leungit ku nu maok. Awal taun éta, hiji komite di Sakola Umum Wilayah Jefferson (Kentucky), nimbang-nimbang pikeun ngaganti ngaran almamater Ali, Sakola Luhur Séntral, dina raraga ngahargaan Ali, tapi wacana ieu gagal jadi kanyataan. Ku majuna waktu, Muhammad Ali Boulevard – sarta Ali sorangan – antukna ditarima kalayan hadé di kota tempat asalna.[252]
Dina taun 1993, the Associated Press ngalaporkeun yén Ali ipis pisan posisina jeung Babe Ruth minangka atlét pangkawentarna, tina leuwih ti 800 atlét nu hirup kénéh atawa nu geus maot di Amérika. Panalitian manggihan yén 97% urang Amérika nu umurna leuwih ti 12 taun arapaleun boh ka Ali boh ka Ruth.[253] Ali téh panampa Panghargaan Sumanget Arthur Ashe taun 1997.
Di taun 1999, majalah Time ngasupkeun Ali kana 100 Jalma Paling Penting di Abad 20.[254] Dileler ku Olahragawan Abad Ieu ku Sports Illustrated.[255] Meunangkeun gelar Pribadi Olahraga Abad Ieu dina poll BBC, manéhna meunang sora leuwih réa dibanding sora pasaing-pasaingna lamun dihijiekun (kaasup Pele, Jesse Owens jeung Jack Nicklaus).[256] Dina tanggal 13 Séptémber 1999, Ali meunang gelar "Atlét Kentucky Abad Ieu" ti Balé Kahormatan Atlétik Kentcuky dina hiji upacara di Gedong Galt Wétan.[257]
Tanggal 8 Januari 2001, Muhammad Ali dileler ku Madali Warga Nagara Présidénsial ku Présidén Bill Clinton.[258] Bulan Nopémber 2005, Ali nampa Madali Kabébasan Présidénsial ti Présidén George W. Bush,[259][260] dituturkeun ku Madali Perdaméyan Otto Hahn dina wangun Emas ti Asosiasi PBB Jérman (DGVN) di Bérlin pikeun usahana baréng jeung pagerakan hak-hak sipil sarta jeung PBB nu ditampa ku dirina dina 17 Désémber 2005.[261]
Tanggal 19 Nopémber 2005 (poé tepung taun rarabina Ali ka-19), Gedong non-profit Séntral Muhammad Ali saharga $60 juta dibuka di tengah kota Louisville. Dina raraga pikeun midangkeun pangéngéling tinjuna, séntra éta ngan suhud dina téma-téma inti perdaméyan, tanggung jawab sosial, kahormatan jeung pamekaran pribadi. Tanggal 5 Juni 2007, Ali nampa gelar doktor honoris pikeun kamanusaan dina upacara wisuda ka-260 di Universitas Princeton.[262]
Mol Ali, nu pernahna di Séntra Araneta, Kota Quezon, Philipina, dingaranan maké ngaran dirina. Pangwangunan mol éta, nu munggaran dina jinisna, dimimitian teu lila sabada Ali meunangkeun tanding ngalawan Joe Frazier di taun 1975 di Koloseum Araneta nu teu pati jauh ti dinya. Mol éta dibuka di taun 1976 sarta Ali ngaluuhan dina acara pangbukaanna.[263]
Laga Muhammad Ali vs Antonio Inoki taun 1976 maénkeun hiji peran penting dina sajarah seni beladiri campuran.[264] Di Jepang, tanding éta ngailhaman murid Inoki, Masakatsu Funaki jeung Minoru Suzuki pikeun ngadegkeun Yayasan Pancrase di taun 1993, nu kaituna ngailhaman diadegkeunna Kajuaraan Patarungan Pride di taun 1997. Pride dibeuli ku pasaingna, Ultimate Fighting Championships di taun 2007.[265][266]
Akte Réformasi Tinju Muhammad Ali dikenalkeun di taun 1999 sarta dikaluarkeun di taun 2000 pikeun nangtayungan hak-hak jeung kasajahtraan para patinju di Amérika Sarikat. Dina bulan Méi 2016, hiji piagem dikenalkeun ka Kongrés AS ku Markwayne Mullin, saurang pulitisi manten patarung MMA pikeun manjangkeun Akta Ali kana seni beladiri campuran.[267] Dina Juni 2016, sénator AS Rand Paul ngusulkeun hiji amandemén pikeun undang-undang wajib militer AS sangkan maké ngaran Ali, hiji usulan pikeun ngahapus Sistém Pangabdian Selektif.[268]
Taun 2015, Sports Illustrated ngaganti ngaran Panghargaan Warisan Olahragawan jadi Panghargaan Warisan Muhammad Ali Sports Illustrated. Panghargaan taunan éta asalna dijieun di taun 2008 sarta méré ajén ka manten “tokoh olahraga nu midangkeun kaolahragaan, kapamingpinan jeung kadermawanan nu idéal minangka tunggangan pikeun ngarobah dunya.” Ali munggaran némbongan dina sampul majalah éta di taun 1963 sarta sababaraha kali dipidangkeun deui minangka sampulna dina wanci karirna.[269]
Tanggal 13 Januari 2017, tujuh bulan sabada maotna, sarta opat poé méméh tepung taunna nu ka 75, Akte Koin Panginget-nginget Muhammad Ali diusulkeun kana Kongrés ka-115 (2017-2019), minangka H.R. 579 (House of Representatives) jeung minangka S. 166 (Senate). Sanajan kitu, duanana "digugurkeun" dina jero waktu 10 poé.[270]
Minangka juara dunia tinju, aktipis sosial jeung ikon budaya pop, Ali jadi subjék tina sababaraha gawé kréatif, kaasup buku, pilem, musik, vidio gim, acara TV jlld. Muhammad Ali remen dilandi minangka “jalma pangkasohorna” di média.[271][272][273] Sababaraha patarunganna ditongton ku kira-kira 1-2 milyar panongton antara taun 1974 nepi ka 1980, sarta panyeungeutan oborna dina Olimpiade Atlanta 1996 ditongton ku kira-kira 3,5 milyar panongton.[195]
Ali nembongan dina sampul Sports Illustrated dina 38 kali kajadian nu baréda,[274] nempatan posisi kadua ngan sahandapeun Michael Jordan wungkul.[275] Ali ogé minton dina sampul Majalah Time lima kali,[276] panglobana dibanding atlét mana ogé. Taun 2015, Harris Poll nyimpulkeun yén Ali téh minangka hiji tina tilu atlét pangkakoncarana di Amérika Sarikat, bareng jeung Michael Jordan sarta Babe Ruth.[277]
Dina pangjieunan Freedom Road, Ali patepung jeung panyanyi-pangarang lagu Michel (ogé nelah ku Robert Williams, saurang nu ngilu ngadegkeun The Kindness Offensive,[278] sarta tuluy ngabantuan nyieun album Michel nu dijudulan ku The First Flight of the Gizzelda Dragon sarta siaran husus tivi nu mintonkeun maranéhna duaan.[279]
Ali jadi jejer dina program télévisi Inggris This Is Your Life di taun 1978 di mana manéhna dihelokkeun ku Earnonn Andrews.[280] Ali dipintonkeun dina Superman vs Muhammad Ali, buku komik DC taun 1978 nu ngadukeun si juara ngalawan si superhero. Taun 1979, Ali jadi béntang tamu merankeun dirina dina hiji épisode komédi situasi NBC, Diff’rent Strokes. Acara éta sorangan kailhaman ku kutipan “Different strokes for different folks” nu dipopulérkeun ku Ali di taun 1966 nu ogé ngailhaman judul lagu Syl Johnson di taun 1967 “Different Strokes”. salah sahiji lagu nu pangmindengna ditarurutan dina sajarah musik.[281]
Ali ogé nulis sababaraha buku payu ngeunaan karirna, kaasup The Greatest: My Own Story jeung The Soul of a Butterfly. Épek Muhammad Ali, dingaranan maké ngaran Ali, mangrupa hiji istilah nu digunakeun dina psikologi di taun 1980-an, nalika Ali nyarita dina The Greatest: My Own Story: “Kuring ngan ngomong kuring téh pangpunjulna, lain pangpinterna.”[179] Numutkeun épék ieu, nalika jalma ditanya pikeun ngukur kapinteranna jeung perilaku moralna dibandingkeun jeung nu lian, jalma-jalma bakal ngukur dirina minangka leuwih ngabogaan moral ti batan leuwih pinter banding nu lian.[282][283]
When We Were Kings, hiji pilem dokuménter ngeunaan Palagan di Leuweung, meunangkeun Panghargaan Academy pikeun Pintonan Dokuménter Panpunjulna,[284] sarta pilem biographi taun 2001, Ali, ngahasilkeun nominasi pikeun Will Smith dina kategori Aktor Pangpunjulna dina peranna minangka Ali.[285] Pilem nu disebut ti tukang disutradaraan ku Michael Mann jeung dijieun tina campuran kajian, sarta réa kritikus pilem muji ka Smith dina merankeun Ali. Saméméh pangjieunan pilem éta, Smith nolak peranna nepi ka Ali sorangan ménta sangkan dirina daék narima. Smith nyaritakeun, hal kahiji nu ku Ali diomongkeun ka dirina nyaéta: “Man, anjeun ampir nepi kasépna pikeun merankeun kuring.”[286]
Taun 2002, Ali dileler ku hiji béntang dina Jalan Kamashuran Hollywood pikeun sumbanganna ka industri hiburan.[287] Béntangna téh mangrupa hiji-hijina nu dipasangkeun dina wangun vertikal, béda jeung nu lianna ku paméntana sabab ngaran Muhammad – hiji ngaran nu sarua jeung nabi Islam – teu meunang ditincekan.[288][289]
Pangadilan Muhammad Ali, hiji pilem dokuménter nu disutradaraan ku Bill Siegel nu fokus kana panolakan Ali kana wajib militer nalika Perang Viétnam, dibuka di Manhattan tanggal 23 Agustus 2013.[290][291] Hiji deui dijieun pikeun pilem TV dijudulan ku Muhammad Ali’s Greatest Fight, ogé di taun 2013, ngadramatisir aspék nu sarua tina kahirupan Ali.
Pilem dokuménter What's My Name: Muhammad Ali dipedalkeun di taun 2019.
Dina en.wikipedia
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.