Lancah
From Wikipedia, the free encyclopedia
Lancah mangrupa sato invertebrata nu bisa ngahasilkeun benang; "serat", sarta boga dalapan suku, tanpa jangjang. Pertélana mah, lancah téh anggota arachnida ordo Aranéae, nu kabagi jadi dua sub-ordo: Opisthothelae (nu ngawengku infraordo Mygalomorphae (lancah trapdoor jeung tarantula) jeung Araneomorphae (lancah modéren), sarta Mesothelae, nu ngawengku famili Liphistiidae, lancah nu sok ngaliang ti Asia. Ulikan ngeunaan lancah disebutna arachnology.
Lancah | |
---|---|
Lancah keur ngomé ramatna | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | Arachnida |
Ordo: | Araneae Clerck, 1757 |
Subordo | |
Araneomorphae |
lolobana lancah sok nyieun ramat pikeun ngeurad mangsana (umumna serangga). Ramat ieu dijieun tina serat lancah, lambaran protéin ipis tapi liat nu dikaluarkeun tina spinérét nu aya dina bujurna. Pikeun ukuran lancah mah, serat ieu téh leuwih kuat batan baja. Najan sakabéh lancah ngahasilkeun benang/serat, teu kabéh ngaramat. Serat/benang ieu bisa ngabantu nalika nérékél, pinding pikeun liangna, wadah endogna, ngabulen mangsana, jsb.