Syzygium polycephalum From Wikipedia, the free encyclopedia
Kupa, gowok, atawa kupa beunyeur (Eugenia polycephala) nyaéta tangkal buah anu kaasup jajambuan (Myrtaceae) anu asalna di Indonésia, hususna Jawa jeung Kalimantan. Ngaran kupa di unggal wewengkon béda-béda saperti gohok (dialek Betawi), gowok, dompyong (bahasa Jawa).[1] Tangkalna leutik nepi ka sedeng, jangkungna 8-20 méter.[2] daunna lonjong panjangna 15x25 cm sedengkeun lébarna 17x13 cm, lemes jeung gagangna pondok.[3] Buah kupa, buleud tapi rada gépéng, 2–3 cm garis tengahna, warnana bungur kahideungan rada hérang, aya mahkota tabung kelopak.[2] Buah ieu mirip jeung jambu solo, ukurana sagedé dukuh.[4] Bentukna buleud sagedé kaléci, warna keur ngorana héjo kolot, lamun geus asak warnana beureum méh kahideungan.[5] Asakna kupa téh rasana amis haseum, sikina ngan hiji dibulen ku daging.[5]
Buah kupa | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta |
Kelas: | |
Ordo: | Myrtales |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | S. polycephalum |
Ngaran binomial | |
Syzygium polycephalum (Miq.) Merr. & Perry | |
Daging buah bodas atawa rada beureum ka bunguran, loba kandungan cai.[4] Rasana haseum amis (kesed), sikina gépéng sedengkeun kulitna bodas atawa bungur kolot.[2] Kupa biasana tumuwuhna di gunung sékundér, anu jangkungna antara 200–1800 m, salain ti éta kupa dipelak di kebon.[2] Kupa lolobana diala buahna, osok dijual biasana sok di rujak.[2]
Kulit kupa bisa jadi ubar méncrét, jeung bahan nyamak kulit.[3] Pikeun ubar méncrét sadiakeun kurang leuwih 15 gram kulit kupa tuluy dikumbah nepi ka bersih sanggeus kitu godog ku cai sagelas salila 15 menit, tiiskeun tuluy saring.[3] Hasilsaringan di inum sakaligus.[3]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.