From Wikipedia, the free encyclopedia
Kuala Lumpur (/ˈkwɑːləˈlʊmpʊər/ atawa /-pər/; pronunsiasi basa Malaysia: [ˈkwalə ˈlumpʊr])[5] nyaéta ibukota nasional tur mangrupa dayeuh panggegekna di Malaysia.[6] Ieu dayeuh legana 243 km2 (94 sq mi) kalayan angkanan populasi 1.6 juta jiwa dina taun 2010.[6] Kuala Lumpur Raya, nu ngawengku wewengkon nu sarua jeung Léngkob Klang, mangrupa hiji jumplukan 7.5 juta urang pangeusi dina taun 2012.[7] Ieu téh mangrupa wewengkon métropolitan pangkencengna di Asia Kidul Wétan, nu patali jeung populasi katut ékonomi.
Wilayah Persekutuan Kuala Lumpur | |||
---|---|---|---|
Lianna transkripsi | |||
• Jawi | كوالا لومڤور | ||
• Cina | 吉隆坡 | ||
• Tamil | கோலாலம்பூர் | ||
Saarah jarum jam ti luhur kénca: Munara Kembar Pétronas, Jalan Petaling, Masjid Jami' jeung tepungna walungan Gombak/Klang, Monumén Nasional, Masjid Nasional, skyline KL. Tengah: Munara KL | |||
| |||
Ngaran jujuluk: KL, Kota Taman Cahaya | |||
Motto: | |||
Nagara | Malaysia | ||
Wewengkon Féderal | Kuala Lumpur | ||
Wewengkon administratif | List
| ||
Ngadeg | 1859[1] | ||
Dilélér status kota | 1 Pébruari 1972 | ||
Dilélér Wewengkon Féderal | 1 Pébruari 1974 | ||
Pamaréntahan | |||
• Walikota (Datuk Bandar) | Ahmad Phesal Talib | ||
Lega | |||
• Kota | 243 km2 (94 sq mi) | ||
• Métro | 2,243,27 km2 (0,86.613 sq mi) | ||
Luhurna | 21,95 m (72 ft) | ||
Pangeusi (2010)[3] | |||
• Kota | 1,627,172 (ka−1) | ||
• Kapadetan | 6,891/km2 (17,310/sq mi) | ||
• Métro | 7,200,000[4] | ||
• Kapadetan métro | 6,581/km2 (17,04/sq mi) | ||
• Démonim | KL-ite / Kuala Lumpurian | ||
Human Development Index | |||
• HDI (2010) | 0.795 (high) (2nd) | ||
Zona wanci | UTC+8 (MST) | ||
• Usum Panas (DST) | UTC+8 (Henteu katitén) | ||
Kode pos | 50000 tepi ka 60000 | ||
Mean solar time | UTC + 06:46:48 | ||
Kode telepon nasional | 03 | ||
Hurup hareup pelat nomer | W (keur sakabéh tutumpakan kajaba taksi) HW (keur taksi wungkul) | ||
ISO 3166-2 | MY-14 | ||
Ramatloka | www |
Kuala Lumpur mangrupa panyicingan Paremén Malaysia. Ieu dayeuh kungsi sakali jadi panyicingan cabang éksekutif katut pangadilan pamaréntahan féderal, tapi tuluy pindah ka Putrajaya dina awal taun 1999.[8] Sababaraha bagian pangadilan nyésa kénéh di ibukota Kuala Lumpur. Panyicingan resmi Raja Malaysia, Istana Negara, ogé perenahna di Kuala Lumpur. Dipeunteun minangka dayeuh dunya alpha, Kuala Lumpur mangrupa puseur budaya, kaduitan katut ékonomi Malaysia alatan posisina minangka ibu kota katut kota utama. Kuala Lumpur meunang réngking ka-48 di antara kota global dumasar kana Indéks Kota Global[9] nu diayakeun ku Foreign Policy taun 2010 sarta réngking ka-67 di antara kota global keur inovasi ékonomi katut sosial dumasar kana Indéks Kota Inovasi nu diayakeun ku 2thinknow taun 2010.[10]
Kuala Lumpur kawangen ku wates Wewengkon Féderal Kuala Lumpur tur mangrupa salah sahiji tina tilu Wewengkon Féderal Malaysia.[11] Mangrupa daérah kantong di jero nagara bagian Selangor, di basisir kulon tengah Jojontor Malaysia.[12]
Ti taun 1990-an, ieu kota geus jadi tuan rumah kajadian olahraga, pulitik katut budaya mancanagara kaasup Commonwéalth Game 1998 katut Grand Prix Formula One. Kuala Lumpur ogé jadi tempat wangunan kembar pangluhurna di dunya PMunara Kembar Pétronas, nu jadi simbul kamekaran Malaysia keur pika hareupeunana.
Kuala Lumpur kiwari boga sawelas kota dulur:
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.