![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/0/08/Chromium_crystals_and_1cm3_cube.jpg/640px-Chromium_crystals_and_1cm3_cube.jpg&w=640&q=50)
Kromium
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kromium nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang Cr jeung nomor atom 24.[1] Kromium mangrupa logam ngagurilap, getas jeung heuras, sarta warnana pérak kulawu.[2] Nalika dipanaskeun, kromium ngabentuk oksida kromat héjo.[2] Ieu logam teu stabil kana oksigén jeung geuwat ngahasilkeun lapisan oksida ipis.[2] Kromium ditambang minangka bijih kromit (FeCr2O4).[2] Panambangan bijih kromium di antarana nyangkaruk di Afrika Kulon, Zimbabwé, Finlandia, India, Kazakhstan, jeung Filipina.[2] Pamakéan utama kromium nyaéta minangka paduan logam siga dina pada stainless steel, chrome plating, jeung keramik logam.[2] Chrome plating pernah dipaké pikeun méré lapisan kaperakan siga eunteung dina waja.[2] Kromium dipaké dina métalurgi minangka anti tihiangan sarta méré éfék ngagurilap.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/0/08/Chromium_crystals_and_1cm3_cube.jpg/640px-Chromium_crystals_and_1cm3_cube.jpg)