Karéta api Mataram
From Wikipedia, the free encyclopedia
Karéta api Mataram (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮙᮒᮛᮙ᮪; Basa Jawa: ꦱꦼꦥꦸꦂꦩꦠꦫꦩ꧀ , Sepur Mataram) nyaéta karéta api kelas ékonomi anu ngalayanan ruteu Stasion Solo Balapan - Stasion Pasar Senén.[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi VI Yogyakarta.[1]
Mataram | |
KA Mataram ngaliwat di daérah Pucung, Kotabaru | |
Informasi | |
Sistem | Karéta api jarak jauh |
Kelas | Éksekutip-Bisnis |
Status | Beroperasi |
Lokal | Daop 6 Jogja |
Stasion awal | Pasar Senén |
Stasion ahir | Solo Balapan |
Operasi | |
Dibuka | 15 Juni 2017 (minangka KA Mataram Prémium)
17 Pébruari 2019 (minangka KA Mataram Éksekutip-Bisnis) |
Dipiboga ku | Kereta Api Indonesia |
Operator | Daérah Operasi VI Yogyakarta |
Karakter | Lintas pagunungan |
Lokomotip | CC201/CC203/CC204/CC206 |
Data téhnis | |
Lébar sepur | 1.067 mm |
Gancangna operasional | 60-90 km/jam |
Mimitina, karéta api ieu dioperasikeun pikeun angkutan lebaran di taun 2017, ngabantuan tugas KA Bogowonto, KA Gajah Wong, KA Jaka Tingkir, jeung KA Progo anu ngalayanan ruteu nu sarua.[2]
Mimiti 17 Pébruari 2019, rangkéan karéta api Mataram Prémium anu asalna mangrupa ékonomi prémium (K3 2017) diganti jadi karéta campuran éksekutip-bisnis. Sedengkeun urut rangkéanna dimutasi ka Bandung pikeun dipaké rangkéan Karéta api Pangandaran. Ti tanggal 1 Désémber 2019, lintasan karéta api ieu dipanjang nepi Stasion Solo Balapan.