CC201
From Wikipedia, the free encyclopedia
Galat Lua: bad argument #2 to 'title.new' (unrecognized namespace name 'Templat').
Lokomotip CC 201 nyaéta lokomotip diesel éléktrik milik Kereta Api Indonesia anu diproduksi ku General Electric Transportation anu jenis modélna U18C.[1] Dibanding lokomotip tipeu saacanna nyaéta CC 200, tipeu CC 201 miboga konstruksi anu leuwih leutik anu beuratna 84 ton jeung daya mesinna 1950 hp.[2] Lokomotip ieu bergandar Co'Co'. Hartina lokomotip ieu boga 2 bogie masing-masing 3 gandar atawa 6 gandar penggerak jeung 6 motor traksi, lokomotif ieu bisa dioperasikeun dina lintas datar jeung pagunungan.[2] Lokomotip ieu, sarua saperti lokomotip GE nu séjén, bisa maju nepi ka 120 km/jam, sanajan kacepatan karéta api kiwari dibatasi maksimal 90 km/jam.[2]
Sepanjang karierna, lokomotip ieu geus berpengalaman narik babaraha jenis KA, mimiti karéta éksekutip, bisnis, ékonomi, campuran, nepi ka karéta barang/kargo.[1] Tapi, kiwari CC 201 sok dioperasikeun pikeun KA kelas bisnis, campuran, ékonomi, jeung lokal.[1]
CC 201 ogé mangrupa salah sahiji lokomotip GE Transportation anu pangsuksésna di Indonésia, lantaran kasadiaan suku cadang anu cukup sarta mesin anu mirip jeung CC 203, CC 204, jeung CC 206 (kabéh bermesin GE 7FDL-8).[1] Posisi lokomotip diesel hidraulik (DH) di Sumatera jeung Jawa ogé kagantikeun ku lokomotip ieu.[1]