Hidrosefalus
From Wikipedia, the free encyclopedia
Hidrosefalus nyaeta panyakit anu disebabkeun ku gangguan aliran cai dina jero otak, biasana dina bagean ventrikel serebral, ruang subarachnoid, atawa ruang subdural. Kusabab ieu gangguan, cairan dina jero otak jadi ngalobaan nu saterusna bakal ngahalangan jaringan otak disakitarna, utamana pusat-pusat vital saraf.[2]
Hidrosefalus | |
---|---|
Panyakit hidrosefalus ditingali dina CT scan otak. | |
Pelafalan |
|
Spesialisasi | Bedah saraf |
Gejala | Orok: ku gancangna tumuwuh sirah, utah, tunduh, cecengkeleun[2] Jalma kolot: nyeri sirah, diplopia, goréng kasaimbangan, Inkontinensia, parobahan kapribadian, retardasi mental[2] |
Musabab | Méningitis, tumor otak, Cedera otak traumatis, getihan otak nalika ngalahirkeun[2] |
Diagnosis | Dumasar gejala jeung pencitraan médis[2] |
Cara ngarawat | Bedah[2] |
Frekuensi | Bervariasi dina sakumna dunya, tina 1 unggal 256 nepi ka 1 unggal 9.000 kalahiran, tergantung kana aksés ka perawatan kaséhatan prenatal, tés prenatal, jeung aborsi.[2] |
Dina unggal 1.000 orok anu lahir, aya hiji nepika dua di antarana anu kakeunaan panyakit hidrosefalus,[3] jeung jumlahna bisa leuwih badag lamun di negara-negara berkembang.[4] Dina tekanan normal, sakurang-kurangna aya lima jalma anu kakeunaan ieu panyakit dina unggal 100.000 populasi. Ku kitu oge, faktor umur jadi salah sahiji panyabab nambahna penderita ieu panyakit.[5]
Ningali dina sajarahna, asal kecap hidrosefalus nyaeta tina basa Yunani: ὕδωρ, hydōr, artina cai, jeung κεφαλή, kephalē, artina sirah.[6]