Méningitis
From Wikipedia, the free encyclopedia
Méningitis atawa radang lapisan uteuk nyaéta radang mémbran anu nutupan uteuk jeung sumsum tulang tonggong anu sacara koléktif disebut meningén. [1] Radang anu karasa bisa disababkeun ku inféksi virus, baktéri, mikroorganismeu, jeung pagaruh obat-obatan anu tangtu.[2] Méningitis bisa nyababkeun tilar dunya alatan radang anu lumangsung dina uteuk jeung sumsum tulang tonggong téh kaasup kaayaan darurat médis.[3]
Meninges sistem saraf pusat: dura mater, arachnoid, jeung pia mater. | |
ICD-10 | G00.–G03. |
ICD-9 | 320–322 |
DBPanyakit | 22543 |
MedlinePlus | 000680 |
eMedicine | med/2613 emerg/309 emerg/390 |
MeSH | D008581 |
Gejala méningitis anu umum nyaéta nyeri sirah jeung beuheung kaku dibarengan muriang, kabingungan atanawa turunnakasadaran, utah, sénsitip kana cahaya (photophobia) jeung sora anu tarik ( phonophobia). Barudak anu kaleunaan biasana ukur nuduhkeun gejala anu teu spésifik, saperti gancang ambek jeung ngaleyuh waé tunduh. Ciri lianna ayana barentus atawa ruam beureum nu disababkeun ku baktéri meningokokus. [1] [4]
Tindakan punksi lumbal dilakukeun pikeun ngadiagnosa aya henteuna méningitis. Jarum disuntikkeun kana kanal tulang tonggong keur nyokot cacai liquor serebrospinalis (LCS), anu nutupan uteuk jeung sumsum tulang tonggong. LCS dipariksa di laboratorium médis.[3] Tahap ngubaran anu munggaran keur panyakit méningitis nyaéta gancang méré antibiotik jeung obat antivirus . Kortikosteroid ogé bisa dipaké keur ngungkulan komplikasi kusabab radang anu kaleuleuwihi.[4] Méningitis bisa ngabalukarkeun gangguan dina jangka waktu anu lila saperti pireu, épilépsi, hidrokusphus jeung défisit kognitif lamun henteu gancang dirawat. [1] Sababaraha wanda méningitis (misal anu patali jeung meningokokus, Haemophilus influenza tipe B, pneumokokus atawa inféksi virus mumps) bisa diungkulan ku imunisasi.[5]