![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/bd/Caldera_Mt_Tambora_Sumbawa_Indonesia.jpg/640px-Caldera_Mt_Tambora_Sumbawa_Indonesia.jpg&w=640&q=50)
Gunung Tambora
From Wikipedia, the free encyclopedia
Gunung Tambora (atawa Tomboro ) mangrupa Gunung Strato aktif anu aya di Pulo Sumbawa, Nusa Tenggara Barat, Indonésia . Gunung ieu ayana di dua kabupaten, Kabupaten Dompu anu bagianana aya lereng palebah kulon jeung kidul jeung Kabupaten Bima anu bagianana aya lereng palebah wétan sareng kalér. Gunung Tambora kabentuk kusabab ngaréduksi zona aktif di handapeunana. Baheula, jangkungna Gunung Tambora ngahontal sakitar 4,300 m [2] anu ngajadikeun gunung ieu mangrupikeun puncak anu pangluhurna di Indonésia dina jaman baheula.
Gunung Tambora | |
---|---|
![]() Kaldera Gunung Tambora | |
Titik pangluhurna | |
Luhurna | 2,850 m (9,350 ft) |
Prominén | 3,069 metres (10,069 ft) |
Isolasi | 124 kilometres (77 mi) |
Koordinat | 8°15′0″S 118°0′0″E |
Géografi | |
Lua error in Modul:Location_map at line 510: Unable to find the specified location map definition: "Module:Location map/data/Indonesia" does not exist.
| |
Lokasi | Semenanjung Sanggar, Sumbawa |
Nagara bagéan/Propinsi | Kabupaten Dompu dan Bima, Nusa Tenggara Barat, Indonesia |
Geologi | |
Umur batuan | Pleistosen Akhir—Holosen |
Jenis gunung | Gunung api strato trakibasalt-trakiandesit |
Busur vulkanik | Busur Sunda |
Bitu pangahirna | 1967[1] |
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/8d/Arrows_12x12_s.svg/12px-Arrows_12x12_s.svg.png)
Aktivitas vulkanik gunung éta puncakna dina letusan April 1815, nu nepi ka skala na tujuh VEI.[3] Letusan vulkanik panggedéna saprak letusan Taupo dina taun 181.[4] Sora letusan kacatet kadangu ka pulo Sumatra, leuwih ti 2.000 km ka kulon. Hujan abu vulkanik lumangsung di Kalimantan, Sulawesi, Jawa, sarta Maluku. Letusan éta sahenteuna 71.000 urang jeung 11,000—12,000 diantarana nu jadi korban langsung. Sababaraha panalungtik merkirakeun jumlah korban jiwa nepi 92,000 jalma, tapi inohong ieu téh diragukeun sabab dianggap gédé teuing.[5] Letusana ogé ngabalukarkeun parobahan iklim dunya dina waktu éta. Taun saterusna (1816) ieu mindeng disebut minangka taun tanpa usum panas jeung cuaca robah drastis di Amérika Kalér jeung Éropa alatan lebu anu dihasilkeun. Kajadian ieu ngabalukarkeun gagal panén jeung maot tina tatanén masa anu dina gilirannana ngabalukarkeun ogé wabah kalaparan dina abad ka-19.
Grup arkéolog dina hiji penggalian taun 2004 di wewengkon Gunung Tambora, manggihan sesa budaya anu dikubur 3 méter di handap endapan piroklastik ti tahun 1815. Papanggihan ieu mindeng disebut minangka Pompeii Wétan alatan kasaruaan jeung Kota Pompeii di Italia nu dikubur ku bahan vulkanik.