Green Day
From Wikipedia, the free encyclopedia
Green Day nyaéta grup musik punk rock ti Kalifornia, Amerika Serikat anu dibentuk taun 1989[1][2]. Personilna nyaéta Billie Joe Armstrong (vokalis, gitaris), Mike Dirnt (basis) dan Tre Cool (drum), jwung Al Sobrante anu geus kaluar ayeuna mah[1].
Green Day geus mulai kasohor ti taun 1990-an, bareng jeung grup musik punk rock séjénna saperti The Offspring jeung Rancid[2]. Musik anu geus dijieun ku Green Day geus méré pangaruh anu gedé ka grup-grup musik aliran punk séjénna, saperti Blink-182 jeung Good Charlotte[2]. Green Day geus ngajual kurang leuwih 50 juta album di Amerika Serikat jeung leuwih ti 100 juta album di Dunya[2]. Green Day geus sering meunang panglélér, di antarana: MTV Video Music Awards dan Nickelodeon Kids Choice Awards, lian ti éta, 3 gelar Grammy Awards geus dimeunangkeun dina katégori Best Alternative ALbum pikeun album Dookie, Best Rock Album pikeun album American Idiot jeung Record of the Year keur lagu Boulevard of Broken Dreams[1][2].