Blink-182
From Wikipedia, the free encyclopedia
Blink-182 nyaéta grup musik pop punk asal Poway, Kalifornia, Amerika anu dibentuk taun 1992[1][2][3]. Personil pertamana nyaéta Tom DeLonge (vokal jeung gitar), Mark Hoppus (vokal jeung bass), jeung Scott Raynor (drum)[1][2][3]. Blink-182 ngaran awalna nyaéta Blink wungkul, tapi lantaran aya grup musik asal Irlandiaa nu ngaranna sarua, jadi Tom saparakanca kapaksa ngaganti ngaran grup musikna ku cara nambahan angka 182 ditukangna[1][3]. Ieu angka dicokot tina ngaran hiji pilem anu judulna TURK! 182[1]. Taun 1997, sanggeus album DUDE RANCHE dirilis, Scott Raynor kaluar ti Blink-182 lantaran panyakit anu karandapan ku manéhna, terus posisi Scott digantikeun ku Travis Barker[1][2].