Radiasi éléktromagnétik (ÉM) nyaéta gelombang éléktromagnétik anu ngarambat sorangan dina rohangan. Gelombang éléktromagnétik kawangun ku komponén listrik atawa éléktrik jeung komponén magnétik. Dua komponén ieu ngayun bulak-balik (osilasi) dina arah anu sudtna 90o tina arah rambatan. Arah osilasi dua komponén ieu ogé dipisahkeun ku sudut 90o tapi fase gelombangna sarua.
Lamun ditingali tina arah rambatan gelombang éléktromagnétik, médan listrik mungkin bulak-balik naék jeung turun, samentara médan magnét ngayun bulak-balik ka katuhu jeung ka kénca; tapi gambar éta bisa diputer antukna médan listrik bulak-balik ka katuhu jeung ka kénca samentara médan magnét bulak-balik turun jeung naék. Kasambarangan oriéntasi ditingali ti arah rambatan disebut polarisasi.
Radiasi éléktromagnétik digolongkeun dumasar kana frékuénsigelombangna. Macem-mecem gelombang, lamun diantaykeun ti mimiti frékuénsi laun nepi ka frékuénsi gancang, kaasup di antarana: gelombang radio, gelombang mikro, radiasi térahertz, radiasi infra beureum, cahaya katémbong, radiasi ultraviolét, sinar-X sarta sinar gamma.
Radiasi ÉM mawa énergi jeung moméntum, anu bisa dipisahkeun mangsa radiasi kasebut ba-interaksi jeung zat atawa materi.