From Wikipedia, the free encyclopedia
Gedogan; istal, nyaéta hiji wangunan anu dijieun pikeun ngandangan kuda sangkan teu kabur. [1] Gedogan basajan dijieun tina tangkal awi atawa kai kalayan maké hateup saperluna, tapi ari gedogan anu alus mah dijieun tina tembok jeung hateup anu weweg kawas gedong. [2] Gedogan dijieun kudu kuat utamana mangsa disépak kuda mangsa keur birahi atawa ngarasa kaganggu, lamun kuda leuwih ti hiji hadéna gedogan dijieun sakamar séwang sangkan lalu asa. [3]
Sangkan kuda betah jeung séhat, gedogan perlu diberesihan unggal poéna utamana mangsa kuda keur aya di pangumbaran. [3] Lantéy gedogan kudu dijieunna tina bahan anu teuas, kayaning batu, bata, atawa semén sarta kudu déngdék saeutik sangkan gampil meresihan kotorana. [3] Sagigireun ti éta, lantéyna ogé kudu leuwih jangkung saeutik tibatan taneuh sabudeureun. [4]
Kaluar asup hawa di jero gedogan kudu jadi perhatian, ulah ngagemblang teuing matak tiriseun tapi cukup pikeun kasegeran kandang jeung kuda. [4]
Kamalir pamiceunan kokotor kudu rapih, hadéna dijieun maké sistim anu katutup sangkan kandang kenteu bau. [4]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.