![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/82/Bantaeng%252C_lady_working_in_a_rice_field_%25286967799975%2529.jpg/640px-Bantaeng%252C_lady_working_in_a_rice_field_%25286967799975%2529.jpg&w=640&q=50)
Dudukuy
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dudukuy nyaéta istilah umum anu dipaké pikeun sebutan anu nutupan sirah sangkan iuh teu kapanasan jeung teu kahujanan.[1] Istilah dudukuy patali jeung patani ku sabab para patani sok maraké dudukuy.[1] Dudukuy téh basa lemesna tudung, langgukan, tutup sirah, sabangsaning topi.[2] [3]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/82/Bantaeng%2C_lady_working_in_a_rice_field_%286967799975%29.jpg/640px-Bantaeng%2C_lady_working_in_a_rice_field_%286967799975%29.jpg)
Dudukuy kabagi jadi opat nyaéta :
- Dudukuy galabag bahanna tina wilahan awi anu teu pati ipis, jeung henteu di ayam tapi dientep seureuh nepi ka euweuh celah pikeun asup cahaya panon poé atawa cai hujan.[1]
- Dudukuy beletok, dijieuna tina haté awi disambungkeun sagedé-gédé payung jeung cekong pisan, nu matak disebut dudukuy beletok sabab lamun katinggang cai hujan ramé sorana.[2] Dudukuy beletok bangunna rék satengah buleudan.[2]
- Dudukuy samak bahan dasarna tina samak.[1] Lolobana dipaké ku patani nalika macul atawa keur gawé di sawah atawa di kebon.[1] Salain ti éta ku para padagang atawa tukang kuli.[1] Bentukna sederhana jeung babari rusak lamun sering dipaké.[1]
- Boni nyaéta galabag dudukuy beletok tapi teu cekung saperti dudukuy beletok sarta hampang.[2]