From Wikipedia, the free encyclopedia
Catang nyaéta tangkal kai ngagelempeng nu geus ngagolér alatan rungkad atawa dituar.[1] Rupa-rupa catang kai téh, bisa alatan geus kolot, peunggas, dituar, kaduruk, jeung sajabana.[2][3] Catang kai sok kapanggih di tegalan, sisi leuweung, kabawa palid disusukan, sisi basisir, jeung réa-réa deui.[2]
Catang ilahar dimangpaatkeun pikeun sasak atawa cukang pameuntasan, di susukan, kamalir, sawah, jeung sajabana.[4] Aya ogé nu dimangpaatkeun paranti ngaso ngaleureuhkeun kacapé mangsa geus réngsé digawé disawah atawa kebon anapon kabeneran keur disajeroning lalampahan.[5]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.