![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/a/aa/Dark-eared_frog_%2528Polypedates_macrotis%2529.jpg/640px-Dark-eared_frog_%2528Polypedates_macrotis%2529.jpg&w=640&q=50)
Cakung
From Wikipedia, the free encyclopedia
Cakung atawa katak pohon (Polypedates macrotis) nyaéta bangkong leutik anu hirup dina tatangkalan ilaharna kelirna héjo tapi aya ogé anu coklat.[1] Dampal sukuna mibanda bagéan anu bisa naplok kana tangkal nu matak cakung bisa luluncatan dina dahan atawa dangdaunan kalawan henteu tisolédat atawa ragrag.[1] Gerakanana lincah ogé luncatna jauh malahan sok disangka hiber, bisa ngarayap dina daun jeung dahan anu leuleus kalayan gampil, cakung gampil pisan nyumput tur henteu katembong ku musuhna.[2] Cakung bisa lolondokan (kamuflase) nyaluyukeun kelir awakna jeung kaayaan disabudeureunana.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/a/aa/Dark-eared_frog_%28Polypedates_macrotis%29.jpg/640px-Dark-eared_frog_%28Polypedates_macrotis%29.jpg)