![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/8b/Australia_green_tree_frog_%2528Litoria_caerulea%2529_crop.jpg/640px-Australia_green_tree_frog_%2528Litoria_caerulea%2529_crop.jpg&w=640&q=50)
Bangkong
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bangkong mangrupa ngaran umum pikeun ampibi ordo Anura. Bangkong sawawa dicirikeun ku suku tukangna nu panjang, awakna pondok, ramo selaputan, sarta panonna nolol. lolobana bangkong biasa hirup di dua alam, semi-akuatik, tapi lincah di darat ku cara ngaclog jeung nérékél. Biasana ngendog dina balong, situ, ranca, ku sabab larvana, buruy, tumuwuh dina cai. Bangkong sawawa hirupna karnivora, utamana ngahakan artropoda, annelida, jeung Gastropoda. Paling gampang kanyahoan mun disada, utamana dina mangsa jalangan.
Bangkong | |
---|---|
![]() | |
Bangkong Héjo (Litoria caerulea) | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | Anura Merrem, 1820 |
Subordo | |
Archaeobatrachia |
Bangkong sumebar ti wewengkon tropis nepi ka subantartika, tapi lolobana mah aya di leuweung hujan tropis. Bangkong mangrupa golongan vertebrata nu panglobana, kabagi kana sahanteuna 5000 spésiés. Najan kitu, populasina kiwari beuki ngurangan.