Bom
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bom nyaéta sarupaning parabot atawa barang nu bisa bitu dumasar kana réaksi kimia éksotérm bahan peledak ngarah ngaleupaskeun énérgi dadakan anu watekna ngaruksak. Ieu kecap diturunkeun tina basa Yunani βόμβος (bombos), hiji istilah onomatopoétik nu hartina sawanda jeung kecap "boom" dina basa Inggris, atawa "jelegur" dina basa Sunda. Dina pakarang nuklir, nu dipaké dasar nyaéta réaksi inti anu ngahasilkeun énérgi anu jauh leuwih gedé batan bahan peledak biasa.
Istilah "bom" ilaharna henteu dilarapkeun pikeun bahan peledak nu dipaké ku masarakat sipil (misalna dina widang pertambangan atawa konstruksi), tapi lolobana dipaké dina kontéks kagiatan militér. Ieu istilah biasana dipaké pikeun bom udara anu diragragkeun tina kapal.