Biotéhnologi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Biotéhnologi nyaéta téhnologi nu dumasar kana biologi, utamana nalika dilarapkeun dina agrikultur, élmu pangan, jeung tatamba.
Ti antara dadaran nu béda-béda ngeunaan biotéhnologi, nu panglengkepna dirumuskeun ku "Konvénsi ngeunaan Kabinékaan Biologis" Persarikatan Bangsa-bangsa (United Nations, UN),
- "Biotéhnologi nyaéta larapan téhnologis naon baé nu migunakeun sistim biologis, organisme hirup, atawa turunanana, nu tujuanana pikeun ngarobah hasil atawa prosés pikeun tujuan husus."
salah sahiji bagian biotéhnologi nyaéta digunakeunana organisme ku manusa sacara langsung pikeun ngahasilkeun, misalna, bir, produk susu, jeung kulit. Baktéri alami ogé aya nu dijeujeutkeun dina industri pertambangan dina bioleaching. Guna séjénna di antarana dina daur ulang, ngolah runtah, meresihan tempat-tempat nu kacemaran ku kagiatan industri (bioremediasi) atawa produksi agén biowar.
Aya ogé larapan biotéhnologi nu teu ngagunakeun organisme hirup, di antarana chip DNA nu dimangpaatkeun dina widang genetik, atawa panglacak radioaktif dina widang kadokteran.
Najan biotéhnologi ku masarakat awam dipatalikeun jeung kloning jeung rékayasa genetik, biotéhnologi ditujukeun pikeun ngaronjatkeun alat-alat kadokteran sarta solve problems related to the production of biologically derived products, not the whimsical manipulation of life.
Kiwari, biotéhnologi, atawa biotéhnologi modérn, mindeng dipatalikeun jeung dimangpaatkeunana mikroorganisme nu sacara génétik geus dirobah, misalna E. coli atawa kapang pikeun ngahasilkeun insulin atawa antibiotik. Ogé nujul ka sato atawa tutuwuhan transgenik, misalna sél endog Hamster Cina nu dirobah pikeun ngahasilkeun rupa-rupa ubar.