Basa Minangkabau
From Wikipedia, the free encyclopedia
Basa Minangkabau (Baso Minang) nyaéta salah sahiji basa ti rungkun basa Malayu anu diomongkeun hususna di wewengkon Sumatra Kulon, bagian kulon propinsi Riau sarta sumebar di sagala rupa dayeuh di sakumna Indonésia.
Minangkabau | ||
---|---|---|
Baso Minangkabau | ||
Dipaké di | Sumatra Kulon (Indonesia), Negeri Sembilan (Malaysia), Banten (Indonesia) | |
Wewengkon | Sumatra Kulon, Riau beulah kulon, Jambi beulah kalér, Jawa Kulon beulah kulon, Banten, DKI Jakarta | |
Jumlah panyatur | ± 6,5 yuta[1] | |
Rungkun basa | Austronesia
| |
Kode-kode basa | ||
ISO 639-1 | Teu aya | |
ISO 639-2 | min | |
ISO 639-3 | min |
Sempet aya pertentangan ngeunaan hubungan basa Minangkabau jeung basa Malayu. Sawaréh pakar basa nganggap basa ieu minangka dialek Malayu, alatan lobana sasaruaan kosakata sarta wangun tuturan di jerona, samentara anu séjén malahan béranggapan basa ieu mangrupa basa teuneung anu béda jeung Malayu.
Kérancuan ieu disebabkan alatan basa Malayu dianggap hiji basa. Lolobana pakar kiwari nganggap yén basa Malayu lain hiji basa, tapi mangrupa hiji jumplukan basa di jero rungkun basa Melayik. Dina jumplukan Malayu kasebut, basa Minangkabau nyaéta salah sahiji basa.