![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/1/14/Car_tires.jpg/640px-Car_tires.jpg&w=640&q=50)
Ban
From Wikipedia, the free encyclopedia
Ban nyaéta karét beunang ngokolakeun di pabrik anu napel dina sakuriling gilinding, aya ban sapédah, ban mobil, ban délman, jeung réa-réa deui[1]. Ban pikeun kandaraan mangrupa komponén anu pangpentingna ku sabab dina luhureun ban éta kandaraan bisa maju[2].Ban anu hadé miboga mangpaat pikeun nyieun rasa ngeunaheun nu maké mobil ogé kasalametanana[2]. Lamun ban aya dina kaayaan anu kurang hadé dina nyumponan fungsina, bisa ngabalukarkeun goréng kana kasalametan panumpang jeung supir anu aya dina éta kandaraan[2]. Kondisi ban anu aya dina kaayaan goréng ngabahayakeun ka pamaké kandaraan[2]. Misalna ban anu teu rata bisa ngabalukarkeun kandaraan jadi teu bisa diatur ku supir atawa lamun mobil bisa méngkol sorangan sanajan geus nincak erém[2]. Ban anu miboga fungsi hadé patali jeung sistem kemudi ogé peredam kejutatawa shockbreaker[2]. Lian ti jadi nu nahan ban dina as nyaéta ball joint jeung leher, sarta tekanan angin dina ban[2].
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/1/14/Car_tires.jpg/640px-Car_tires.jpg)