![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/2a/Topographic90deg_S0E90.png/640px-Topographic90deg_S0E90.png&w=640&q=50)
Australia (buana)
buana / From Wikipedia, the free encyclopedia
Dina geologi jeung biogeograpi, Australia (katelah ogé Australia-New Guinéa, Sahul, Meganesia, Gréater Australia, atawa Australinéa) nyaéta hiji buana nu ngawengku (dumasar ukuranana) daratan Australia, New Guinea, Tasmania, jeung pulo-pulo nu intervening, nu sakabéhna aya dina landasan buana nu sarua. Landmass ieu kapisahkeun ku laut nu overlying beting buana — Laut Arafura jeung Selat Torres antara Australia jeung Gini Anyar, katut Selat Bass antara Australia daratan jeung Tasmania.
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/2a/Topographic90deg_S0E90.png/640px-Topographic90deg_S0E90.png)
Nalika level sagara handap kénéh salila jaman es Pleistocene, kaasup last glacial maximum kurang leuwih 18,000 taun katukang, lemahna ngawangun hiji daratan tunggal tur nyambung. Salila puluh rebuan taun katukang, naekna level sagara ngabahéan daratan nu handap sarta misahkeun buana jadi daratan handap nu rada garing sarta dua kapuloan pagunungan New Guinéa jeung Tasmania nu kiwari aya.
Sacara geologis, buana ieu manjang tepi ka juru landasan buana, antukna lemah nu kiwari misah bisa dianggap kénéh minangka hiji buana.[1] Alatan sumebarna flora jeung fauna salila ngahiji jaman Pleistoscene, lemah nu misah kiwari miboga biota nu patali.
Selandia Anyar heneuweuh dina landasan buana nu sarua sahinga lain mangrupa bagéan tina buana Australia tapi mangrupa bagéan tina buana Zealandia sarta wewengkon nu leuwih legana nu katelah Oseania.
Australia digolongkeun ku Departemen Urusan Luar Nagri jeung Perdagangan Pamaréntah Australia minangka pulo panggedéna di dunya sarta buana pangleutikna di dunya.[2]
Daratan Australia, kalayan lega 7.69 yuta pasagi kilometer pasagi, kadang-kadang dianggap pulo panggedéna di dunya atawa buana pangleutikna. Manjang kurang leuwih 3700 kilometee ti kaler te pi ka kidul sarta 4000 kilometer ti wetan tepi ka kulon.