Géologi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Citakan:WVS Géologi (tina basa Yunani γη- (ge-, "bumi") and λογος (logos, "kecap", "alesan")) nyaéta élmu jeung pangajaran ngeunaan bumi, kaasup kajadiannana, strukturna, sifat fisikna, sajarah, jeung prosés pembentukannana, mangrupa salah sahiji bagéan elmu bumi. Ahli geologi netepkeun umur bumi kira-kira 4.6 milyar (4.6x109) taun, sarta nangtukeun yén litosfer bumi, nu kaasup kerak, nyaéta bagéan tina tektonik lempeng nu pipindahan dina saluhureun rheic mantel bagian luhur (asthenosphere) ngaliwatan prosés nu nujul kana lempeng-lempeng tektonik. Ahli géologi mantuan néangan tur ngokolakeun sumber daya alam Bumi, saperti minyak bumi jeung batubara, ogé logam saperti beusi, tambaga, jeung uranium. ogé nu dipikaresep sacara ekonomi kaasup batu mulia tur mineral séjén saperti asbestos, perlite, mica, phosphates, zeolites, clay, pumice, quartz, sarta silica, ogé unsur séjén saperti sulfur, chlorine, jeung helium.
- Pikeun jurnal ilmiah, tempo Géologi (jurnal).
Geologi luar angkasa (kadangkala disebut Astrogéology) nujul kana dipakéna prinsip géologi keur sistim surya mandala séjénna. Watesan husus saperti selenology (nalungtik moon), areology (keur Mars), jst., ilahar ogé dipaké. Dina basa sapopoe, geologi ogé ilahar dipaké dirangketkeun jeung kecap séjén keur ngajelaskeun hal salian ti bumi (upamana. "geologi planet Mars").
Kecap "geologi" mimiti dipaké ku Jean-André Deluc dina taun 1778 sarta diwanohkeun tur maké watesan nu tetep ku Horace-Bénédict de Saussure dina taun 1779. Elmu ieu teu kaasup dina Encyclopedia Britannica edisi katilu nu lengkep dina 1797, tapi mimiti asup sacara jéntré dina edisi kaopat nu lengkep dina 1809.[1] Harti nu leuwih ti heula mimiti dipaké ku Richard de Bury keur ngabédakeun antara ka-bumi-an jeung yurisprudensi theologi.
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |