Antropologi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Antropologi asalna tina basa Yunani, nyaéta anthropos anu hartina 'manusa', jeung logos anu hartina 'élmu pangaweruh'. Jadi, antropologi téh nyaéta salah sahiji 'élmu pangaweruh' (sains/science) nu maluruh, ngabahas, jeung nalungtik ngeunaan manusa.[1] Objek anu nyampak dina antropologi téh nyaéta manusa anu geus jadi masarakat atawa sélér bangsa, kabudayaan katut paripolahna.[2] Budaya asalna tina basa sansakerta hasil ringkesan dua kecap 'budi' jeung 'daya' anu hartina tarékah, tanaga, karep, pikiran, jeung rasa jalma.[3] Lamun kabudayaan mah mangrupa hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jalma guna nambahan kasugemaan jeung kanikmatan ku rupa rupa akal jalma.[3] Kabéh élmu sosial budaya pasti nalungtik kahirupan manusa.[1] Unggal cabang élmu budaya (sosiologi, psikologi, hukum,sastra,sajarah,pulitik, komunikasi,ékonomi, arkéologi, jeung linguistik) boga puseur kajian séwang-séwangan.[1] Antropologi boga puseur kajian dina kabudayaan nu dipiboga ku kelompok masarakat.[1] Hubungan antara manusa jeung lingkungan hirupna anu cukang lantaranana nyaéta kabudayaan.[4] Disawang tina ieu segi, kabudayaan bisa disebut sipatna téh adaptip lantaran ngalengkepan manusa ku cara méré nahkeun diri dina kabutuhan-kabutuhan pisiologis tina awak manéhna sorangan, méré nahkeun dina lingkungan anu sipatna pisik-géograpis, boh lingkungan sosialna.[4] Nyatana loba kabudayaan anu aya kénéh malah nambahan mekar, éta téh nunuhkeun yén kabiasaan-kabiasaan nu aya di hiji masarakat masih dipaké, kalungguhanana sarua jeung kabutuhan-kabutuhan anu tangtu ti lingkunganana.[4]