15 Désémber nyaéta poé ka-349 dina sataun (ka-350 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 16 poé.

1234567
891011121314
15161718192021
22232425262728
293031  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1256 – Pasukan Mongol dina pingpinan Hulagu Khan asup sarta ngancukeun bénténg Hashshashin di Istana Alamut (kiwari Iran) minangka bagéan tina serangan maranéhna ka Asia Kidul Kulon.
  • 1778 – Perang Révolusioner Amérika: Kapal perang Inggris jeung kapal perang Perancis patelak dina Patempuran St. Lucia.
  • 1791Daftar Hak-Hak Amérika Sarikat ngajadi hukum nalika diratifikasi ku Majelis Umum Virginia.
  • 1890 – Pamingpin Suku Hunkpapa Lakota, Sitting Bull ditelasan ku pulisi AS di Panampungan Indian Standing Rock, nungtun kana Pangbantéan Wounded Knee.
  • 1914Perang Dunia I: Tentara Sérbia ngarebut deui Belgrade ti tentara panyerang Austria-Hongaria.
  • 1917 – Perang Dunia I: Pasini daméy antara Rusia jeung Kakuatan Tengah ditéken.
  • 1933 – Amandémén ka-21 Konstitusi Amérika Sarikat sacara resmi efektif, ngabatalkeun Amandémén ka-18 nu ngalarang kana pangjualan, pangjieunan jeung pangangkutan alkohol.
  • 1939Gone with the Wind (filem pangahasilkeunna) munggaran dipintonkeun di Téater Agung Loew di Atlanta, Georgia, AS.
  • 1941 – Penelasan Massal di Ukraina: Pasukan Jérman nelasan leuwih ti 15.000 urang Yahudi di Drobytsky Yar, hiji jurang di kidul-wétaneun kota Kharkiv.
  • 1942Perang Dunia II: Patempuran Gunung Austen, Kuda Balap jeung Kuda Laut, dimimitian nalika Kampanye Guadalkanal.
  • 1970 – Férry Koréa Kidul tibalik di Selat Koréa, nelasan leuwih ti 300 jalma.
  • 1973 – John Paul Getty III, incu ti jutawan J. Paul Getty, kapanggih hirup kénéh di deukeut Naples, Itali, saggeus diculik ku hiji géng Itali dina tanggal 10 Juli.
  • 1981 – Hiji bom bunuh diri nu narajang kaduataan Irak di Béirut, Libanon, ngaratakeun éta kadutaan sarta nelasan 61 jalma, kaasup duta besar Irak keur Libanon. Serangan éta dianggap minangka serangan bom bunuh diri modérn nu munggaran.
  • 1989 – Protokol Opsional Kadua pikeun Kapaheutan Internasional ngeunaan Hak-Hak Sipil jeung Pulitik nu pakait jeung pangbatalan hukuman mati diangkat.
  • 1997 – Pasawat Tajikistan Airlines 3183 murag di gurun deukeut Sharjah, Uni Émirat Arab, nelasan 85 jalma.
  • 2001Munara Déngdék Pisa dibuka deui sabada méakkeun 11 taun jeung 27 juta dolar pikeun nguatkeunna deui, bari anggeur teu ngagrobah déngdékna.
  • 2001 –Trans TV resmi ngajomantara.
  • 2010 – Hiji parahu nu ngangkut 90 jalma nu nyiar suaka neunggar cadas di basisir Pulo Christmas, Australi, nelasan 48 jalma.
  • 2013 – Perang Sipil di Sudan Kidul dimimitian nalika pamingpin oposisi Dr. Riek Machar, Pagan Amum jeung Rebecca Nyandeng milih pikeun ngaboykot pasamoan Déwan Pangbébasan Nasional di Nyakuron.
  • 2014 – Saurang jalma basanjata, Haron Monis, nahan 18 sandera di jero Kafé Martin Place salila 16 jam di Sydney. Monis jeung dua sandera nemasing pati nalika polisi nyerbu kafé dina poé isukna.
  • 2015 – CNN Indonésia resmi ngajomantara.
  • 2017 – Lini 6.5Mw di Tasikmalaya, Jawa Kulon. Dipastikeun opat maot, 36 tatu, sarta 200 diungsikeun.

Nu babar

  • 37 SMNero, kaésar Romawi (td. 68)
  • 1890Sitting Bull, Tua Suku Indian Lakota Hunkpapa (l. 1831)
  • 1949Don Johnson, aktor Amérika
  • 1957Tim Reynolds, Gitaris Amérika kalahiran Jérman (Dave Matthews Band)
  • 1963Helen Slater, artis Amérika
  • 1968Garrett Wang, aktor Amérika
  • 1979Adam Brody, aktor Amérika
  • 1981Michelle Dockery, artis Inggris
  • 1982Charlie Cox, aktor Inggris
  • 1983Camilla Luddington, artis Inggris
  • 1984Martin Škrtel, pamaén bola Slowakia
  • 1986Keylor Navas, kiper Kosta Rika
  • 1992Jesse Lingard, pamaén bola Inggris
  • 1993Yuro Ataki, artis Jepang

Nu pupus

  • 1966Walt Disney, animator Amérika nu ngadegkeun Pausahaan Walt Disney (l. 1901)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Entéh Internasional

Tumbu luar

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.