Koki (lauk)
From Wikipedia, the free encyclopedia
Lauk koki (Carassius auratus auratus) nyaéta salah sahiji jenis lauk emas hias cai darat ti kulawarga Cyprinidae sarta ordo Cypriniformes.[3] Lauk koki nyaéta salah sahiji lauk nu mimiti dilindeukeun, dipiara, sarta dibudidayakeun.[3] Kiwari lauk koki mangrupa salah sahiji lauk hias akuarium nu paling kasohor.[3]
Fakta Singget Status konservasi, Klasifikasi ilmiah ...
Koki | |
---|---|
Status konservasi | |
Inguan | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | Chordata |
Kelas: | Actinopterygii |
Ordo: | Cypriniformes |
Kulawarga: | Cyprinidae |
Génus: | Carassius |
Spésiés: | C. auratus |
Ngaran binomial | |
Carasius auratus | |
Tutup
Lauk koki geus ngalaman kawin silang génétika mangabad-abad.[4] Tina hasil kawin silang ieu, kiwari geus mekar rupa-rupa sarta wangun lauk koki di pasaran.[4] Asalna ti lauk emas Crucian nu sisitna kelir pérak, lauk koki geus dipiara saprak Dinasti Song China kuna.[4] Dina mangsa Dinasti Tang, balong lauk dipopulérkeun di kalangan masarakat China, sarta miara sato ingon-ingon ieu mimiti mekar.[4]