Tata ngaran biologi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Tata ngaran dina biologi geus sababaraha kali ngalaman parobahan ti mimiti manusa nyatet rupa-rupa organisme. Plinius dina jaman kakaisaran Romawi geus nyatet sababaraha tatangkalan jeung sato dina ensiklopedia anu dijieuna ku basa Latén. Cara méré ngaran organisme, dina kabiasaan bangsa Éropa nepikeun ka kiwari tata ngaran ngagunakeun basa Latén.[1]