Énsiklopédi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Énsiklopédi nyaéta kompendium tinulis pangaweruh manusa. Istilah éta asalna tina kecap Basa Yunani εγκύκλιος παιδεία, enkyklios paideia ("in a circle of instruction"). Tina εγκύκλιος, kawas sirkuit tina κύκλος sirkuit jeung παιδεία, nu hartina instruksi.
Énsiklopédi sipatna bisa umum, ngandung artikel-artikel dina jejer ti rupa-rupa widang (salah sahiji contona Encyclopædia Britannica), atawa bisa ogé husus hiji widang (saperti Énsiklopédi Sunda jeung énsiklopédi filosofi). Aya ogé énsiklopédi nu ngawengku jejer-jejer nu lega tina jihat budaya atawa bangsa, kayaning Great Soviet Encyclopedia jeung Énsiklopédi Indonésia.
Catetan-catetan nu sarupa jeung énsiklopédi geus dijieun ti jaman sajarah manusa kénéh, ngan istilah énsiklopédi kakara dipaké dina abad ka-16.