Génus tutuwuhan From Wikipedia, the free encyclopedia
Tulip nyaéta tutuwuhan anu kaasup kana kulawarga Lilicae, ngaran latinna Tulipa.[1] Tulip asalna ti Asia Tengah jeung Asia Barat nyaéta di kawasan Pagunungan Pamir jeung Pagunungan Hindu Kush ogé stepa di Kazakhtan.[1] Kembang tulip kasohor pisan di Walanda, sedeng kembanganna téh di bulan Maret nepi ka April.[2] Ku kituna, Walanda disebut nagri tulip.[2] Tapi mimitina tulip mangrupa kembang nasional di Nagara Iran jeung Turki.[2] Saenyana, tulip téh kaasup kembang nu liar.[2] Masarakat di Nagara Turki, nu munggaran ngabudidayakeun tulip ti awal taun 1000-an, nyaéta nalika masa pamaréntahan kakhalifahan Utsmaniyah.[2] Utamana nalika aya dina kakawasaan Sultan Ahmed III (1703-1730), nepi ka disebut éra kembang tulip.[2] Sedeng asup ka Walanda téh abad ka 16-an.[2] Ngaran tulip ogé asalna tina basa Turki “surban” anu hartina kaén anu dibeulitkeun kana sirah.[2]
Tulip anu kaasup 10 kembang pangéndahna di dunya mibanda sababaraha ciri, di antarana:
Tulip Acuminata; Jenis tulip anu langka, kembangna warna beureum, bagéan luhurna lencop, sedeng bagéan handapna warna konéng.[rujukan?] Sok disebut tulip api.[1]
Tulip Agenensis; Jenis tulip anu kembangna warna beureum, jeung warna hideung konéng di tengahna.[1]
Tulip Armena; Jenis tulip anu asalna ti Turki, tumuwuh di wewengkon suku gunung batu.[1]
Tulip Auchierana; Jenis tulip anu kembangna warna kayas jeung tengahna warna konéng.[rujukan?] Sumebar di sababarah nagara di antarana Lebanon, Suriah, Turki, Iran, Israél jeung Rusia.[1]
Tulip Batalini; Jenis tulip anu warnana konéng sumebarna di Uzbékistan.[1]
Tulip Bakeri; Jenis tulip anu liar di Crete, kembanganna bulan Maret nepi ka April.[1]
Tulip Biflora; Jenis tulip anu sumebar di Tenggara Rusia jeung Balkan.[1]
Tulip Borszczowii; Jenis tulip nu tumuwuh dina usu semi.[1]
Tulip Butkovii; Jenis tulip anu warnana bodas jeung gandaria.[1]
Tulip Ferganica; Makuta luarna warna beureum sedeng jerona warna konéng.[1]
Tulip Tarda; jenis tulip anu warnana konéng, tungtung makutana warna bodas.[1]
Tulip Urumiensis; jenis tulip anu warnana konéng, makutana laléncop.[1]
Tulip Violacea; jenis tulip anu warnana kayas jeung coklat.[1]
Tulip Whittali; jenis tulip anu warnana oranyeu jeung tengahna coklat.[1]
Tulip anu kembanganna leuwih gancang
Single Early; Daun makutana aya 6, kembanganna bulan April, jeung jangkungna 20cm - 30cm.[4]
Double Early; Makutana leuwih ti 6, kembanganna bulan Maret, jeung jangkungna 20cm - 30cm.[4]
Kaufmaniana; Kembanganna bulan Maret, catangna pendék, jeung jangkungna 10cm - 20cm.[4]
Fosteriana; Babari ligarna, catangna pendék, jeung jangkungna 10cm - 20cm.[4]
Tulip anu kembanganna rada elat
Triumph; Bentuk kembangna siga endog, catangna kuat tur fléksibel kana cuaca, jeung jangkungna 25cm - 41cm.[4]
Darwin Hybrid; Catangna kuat tur tahan kana virus, kembanganna ligar bulan April, jeung jangkungna 30cm - 51cm.[4] Kapanggihna nalika perang dunia kadua.[5] Hasil persilangan antara tulip fosterianan jeung tulip darwin.[5]
Greigii; Catangna kukuh, ukuranna kembangna teu pati gedé tur rekah nalika kacahyaan panonpoé, kembanganna bulan April, jeung jangkungna 20cm - 30cm.[4]
Tulip anu kembanganna elat
Single late; Makutana leutik pisan.[5] Catangna panjang jeung kuat, kembangan di ahir bulan April, jeung jangkungna 37cm - 76cm.[4]
Double late; Makutana loba, kembangan di ahir bulan april, jangkungna 30cm - 41cm.[4]
Lily-flowered tulip; Catangna panjang, daun makutana méncos, kembangan di ahir bulan April, jeung jangkungna 37cm - 76cm.[4]
Fringed group; Makutana siga nu pinuh ku Kristal, kembangan ahir bulan April, jeung jangkungna nepi ka 76cm.[4]
Vridiflora; Umurna panjang, kembangan ahir bulan April, jeung jangkungna 41cm - 61cm.[4]
Rembrandts; Bebas tina panyakit, kembangan ahir bulan April.[4]
Parrot; Catangna kukuh tur kuat, dina tengah makutana aya warna héjoan, kuat dina cuaca anu teu hadé, kembangan ahir bulan April, jeung jangkungna 31cm - 41cm.[4]
Lian ti kaéndahan kembangna, tulip ogé miboga mangpaat pikeun kaséhatan, di antarana: