From Wikipedia, the free encyclopedia
Taun Gajah (عام الفيل `Âm al-Fîl) diperkirakeun dina 570 M sarta dicaritakeun dina sajarah Muslim minangka taun nu sarua jeung taun kalahiran Nabi Muhammad.[1] Dingaranan kitu téh nujul kana hiji kajadian nu aya di Mekah, nalika Abrohah, pupuhu Kristen[2] di prinsipalitas Saba' (Yaman), nu ngerahkeun baladna pikeun ngancurkeun Kabah kalayan sajumlah gedé wadya balad nu nu mawa hiji gajah[3].[1][4] Tapi, éta gajah-gajah téh dihalangan ku panyalindungan "nu teu katempo" di sabudeureun Mekah. Sanajan nu numpakannana milampah (najong, nyurung, nojosan), maranéhna henteu meta. Satuluyna, maranéhna ngacakan malikkeun éta gajah, bisa, tapi nalika dibalikkeun deui ka arah Mekah, éta gajah dariuk saméméh asup ka Kota Suci Mekah. Sababaraha pamanggihan di Arab Kidul ngusulkeun yén Taun Gajah meureun ayana 569 atawa 568 ti saprak urang Persia ngalengserkeun rejim Abisinia di Yaman kira-kira 570 [4], sok sanajan, ahli sajarah kiwari percaya yén kajadian ieu kajadiannana saeutikna sadekade saméméh kalahiran Nabi Muhammad [5].
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.