From Wikipedia, the free encyclopedia
Surah Al Qodar (basa Arab:الْقَدْرِ) nyaéta surah ka-97 dina al Qur'an anu diwangun ku 5 ayat sarta kaasup golongan surah Makkiyah. Surah ieu diturunkeun sanggeus surah 'Abasa sarta dingaranan "al qodar" (kamulyaan) anu dicokot tina kecap "al qodar anu aya dina ayat kahiji surat ieu.
Al Qur'an mitembeyan diturunkeun dina peuting Lailatul Qodar, anu ajénna leuwih ti sarébu bulan. Dina Islam disebutkeun yén dina peuting ieu malaikat Jibril jeung nu séjénna turun ka dunya pikeun ngatur sagala urusan. Dina surah al qodar ieu diterangkan yén awal mulana al Qur'an diturunkeun nyaéta dina peuting Lailatul Qodar sarta diterangkan ogé luhurna darajat peuting ieu.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | إِنَّآ أَنزَلۡنَـٰهُ فِى لَيۡلَةِ ٱلۡقَدۡرِ |
Saéstuna kami geus nurunkeun (Qur'an) dina maleman anu mulya. |
2. | وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا لَيۡلَةُ ٱلۡقَدۡرِ |
Naha anjeun nyaho, naon ari maleman nu mulya téh? |
3. | لَيۡلَةُ ٱلۡقَدۡرِ خَيۡرٌ۬ مِّنۡ أَلۡفِ شَہۡرٍ۬ |
Maleman nu mulya téh leuwih hadé batan sarébu bulan. |
4. | تَنَزَّلُ ٱلۡمَلَـٰٓٮِٕكَةُ وَٱلرُّوحُ فِيہَا بِإِذۡنِ رَبِّہِم مِّن كُلِّ أَمۡرٍ۬ |
Harita malaikat-malaikat jeung roh tarurun kalawan widi Pangéranana marawa sagala timbalan. |
5. | سَلَـٰمٌ هِىَ حَتَّىٰ مَطۡلَعِ ٱلۡفَجۡرِ |
Salamet wéh peuting harita téh nepi ka medal balébat. |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.