Péso (basa Hormat: Landepan) nyaéta parabot pikeun karat-keureut dijieunna tina beusi maké seuseukeut waja.[1]
Aya sababaraha jenis péso dumasar kana fungsina di antarana:
Péso abir nyaéta péso paranti hahareb, saksak-siksik.[1][2][3]
Péso butik nyaéta péso nu gunana wungkul pikeun ngabutik kalapa.[1]
Péso keréncéng nyaéta péso leutik nu sok dipaké ngeureutan kantéh nu ka luar tina tininan dina waktu keur ninun, supaya péso ulah babari leungit sok digantélan kéréncéng atawa génggé biasana sok dipaké ku awéwé paranti ninun .[1]
Péso méja nyaéta péso nu alus jeung bersih diteundeunna deukeut séndok jeung garpuh waktu rék dahar dina méja biasana dipaké dahar daging saperti stik atawa kadaharan anu kudu dipotong.[1]